Tapi ayeuna kajadian pisan, mun lain Ki Padmarasa mah nu nyebutkeunana; manehna moal tarima sama sakali.
“Tah masalah kadua …” Ki Padmarasa neruskeun deui omonganana .”Cek pikiran Ama mah, akibatna hebat pisan, hidep bakal boga tanaga jero nu ngungkulan Pendekar2 nu ayeuna jaradug; tanaga hidep jadi lipet dua ti nu asal lantaran aya gabungan tanaga Sakti; ditambah deui tanaga ti ama; tah geura jung ayeuna cobakeun itu tangkal albiso nu geus jangkung; tinggang ku hidep; kaluarkeun tanaga 5 bagian we sok, gedena ge ngan ukur sagede cangkeng.” Nya Jalma kaluar, masang kuda2 terus wae eta tangkal albiso teh ditinggang sakali ! korosaak gebruk ! mani kaget Jalma; sabab eta albiso teh rungkad ngan ku sakali ninggang bari jeung akarna kacabut ! naronghol ti na taneuh. Padahal tapak manehna asa can nepi2 acan; tanaga jerona geus nepi manten. Wah Jalma Kacida kagetna , ku tanaga jero manehna waktu kiwari. Terus we bari era parada, manehna nyampeurkeun deui ka Ki Padmarasa; nu narima bari seuri nu daria pisan. “Leres we geuning Ama; tanaga kuring teh geuning gede pisan … bahaya oge mun keuna ka jelema .” Ki Padmarasa :”Nu matak ulah sok hayang tarung; da mun geus tarung mah, hese ngeureunanana.” Jalma teu ngajawab, ngarerepeh we. “Tah masalah katilu” Ki Padmarasa neruskeun omonganana; eta gumantung ka na kabisa sampeyan ngontrol tanaga jero nu ayeuna nyayang di diri sampeyan; lamun hidep teu bisa ngadalianana; bisa wae eta tanaga jadi bocor; malah salah2 bisa narik tanaga nu asli ti diri hidep; tangtu bakal bahaya pisan. Ku sabab kitu; ti ayeuna kudu mesuh raga; salurkeun eta tanaga unggal poe; nepi ka hidep ngarasa geus bebas ngawasa eta tanaga; keun we kapalang geus di dieu ayeuna.” Jalma gancang nganuhunkeun ka Ki Padma rasa bari nyebu Ama GURU. Ki Padmarasa seuri leutik, pok nyarita :”ulah … ulah nyebut ama guru … geus nyebut ama ge geus cukup .. sok we coba ayeuna latihan ngadalian eta tanaga.” Nya ti harita Jalma terus rajin latihan, ayeuna mah latihanana bari diuk atawa bari sare; sakapeung bari nangtung; tapi ngajengjen konsentrasi; barang mimiti latihan karasa tanaga manehna malah siga nu nangtang; siga nu ngalawan. Jalma Kacida reuwasna; terus we disabaran, bari terus konsentrasi; sanggeus rada lila eta tanaga teh mimiti nyaliara ka sakujur jero badanna; nu ngakibatkeun jadi leuwih sehat jeung seger. Sanggeus jam2an latihan Jalma eureun bari rada ngahegak; lantaran latihan ayeuna nyababkeun leuwih cape, enya ge jadi nyehatkeun. HANCA
