TANAGA JERO

Saenyana mah, disatiap
diri manusa sarua pada ngabogaan nu disebut “Tanaga Jero” teh; ngan wae teu
sakabeh manusa apal atawa nyaho kumaha carana ngawangun jeung nambahan eta
energy nu hebat di jero dirina.

Sanyatana mimiti bro
loge eta “tanagaa jro teh geus aya disatiap diri manusa. Tapi eta tanaga jero
teh masih “pasif”; sawaktu waktu sacara reflex bakal muncul; di na waktu2
manusa nyanghareupan bahaya.

Disatiap diri ngandung
unsur KIMIA ( Body Chemistry, sebut we ngaranna ATP keur ngagampangkeun. ATP
teh singgetna ti na Adenosin Tri Phosphate. Ieu ATP bisa robah jadi enegy ku
proses metabolisme jasmani.

Bisa dirumuskeun :
O2+ATP+Glikogen Energy

ATP fungsina teh
sabage energy cadangan.

Energy nu kaluar ti na
ATP sapopoe misalna supaya badan haneut, lancarna adrenalin; ngabangun kimia
jasmani; keur ngawangun imunisasi ( zat antibody ); aktifitas pencernaan;
lancarna aktifitas organ2 sejenna. Tina panalungtikan jeung panalitian para nu
palinter ( Ilmuwan ), cenah mah manusa sapopoe ngan ukur ngagunakeun 2.5% ti na
sakabeh fasilitas energy nu aya di jero jasmanina; ari sesana nyaeta NU 97.5%
deui masih keneh CICING; PASIF di na HULU ANGEN. ( HATI, QALBU ).

Masalahna jadina :
KUMAHA CARANA ngaoptimalkeun jeung ngahudangkeun eta enersi nu GEDE tapi pasif
eta ? Supaya bisa dipake di na kahirupan sapopoe ! Tah eta mucunghulna ELMU
Tanagaa JERO teh.

Manusa mun bisa
ningkatkeun enersina tong loba2; 0.1 nepi ka 0.3 % we; ngajadikeun enersi ti na
2.5% jadi 2.6% nepi ka 2.8%; mun dipake ngagebug KUDA; eta KUDA bakal KO alias
KOID bin Maeot !

Lima kikir beusi
ditumpuk, bisa parotong harita keneh ! meupeuskeun batu ge keur nu geus nyekel 
tanaga
jero euweuh hesena.

 

Tanaga Jero atawa
Enersi Cadangan teh nya eta tanaga nu pusatna di na syaraf2 dideukeut ulu ati
lamun geus bisa dihudangkeun meta enersi teh ngumpul di na salah sahiji bagean
jasmani nu disebut Solar Plexus atawa KUNDALINI.

Miturut sababaraha
sumber, Kundalini teh ngarupakeun bagean ti na jasmani manusa nu rupana 3 ½
lingkaran tempatna di antara tulang ekor jeung larangan sahandapeun bujal.
Rupana teh saperti oray nu nu keur ngarengkol.

Jadi sumber Tanaga
Jero di Ulu ati/angen lain solar Plexus. Solar Plexus tempat ngumpulna enersi
nu geus diusahakeun

Kumaha carana
ngusahakeun Tanaga JERO ?

Hiji2na jalaan ngan ku
ngalatih nafas latihan nafas.

Ngarobah ngarenghap
BIASA; ku ngarenghap nu aya RITMENA.

Ngaoptimalkeun oksigen
nu asup ka na pernafasan ulah kabuang kitu wae.

Supaya efektif Oksigen
teh kudu muter ka sakabeh organ; jeung miceun CO2 harita keneh. Eta sababna nu
sok latihan nafas arang keuna kasakit.

 

Fungsi Tanaga Jero :

1.   Jadi leuwih kuat tanagana sacara phisik

2.   Panca Indra leuwih seukeut

3.   Keur ngawujudkeun indra ka genep

4.   Bisa ngancurkeun barang2 nu tareuas saperti
batu jrrd

5.   Hampang raga

6.   Cenah deui nambah memori otak

7.   Ningkatkeun daya tahan jasmani ti na panyakit
atawa serangan

8.   Telekinetik. Daya ti nu jauh

9.   Barang atawa jelema mu taya dayana; bisa
ngadadak kuat

 

Kirim email ke