Ieu konsep campuran Yoga jeung Paguron Silat Merpati Putih (MP) nya bah? ^_^
Kabeneran kuring kungsi guguru di Paguron MP, didinya olah tenaga
dalamna make cara pernafasan. Memang aya hasilna ^_^
tapi geus sababaraha taun vakum teu latihan deui, jadi laleuleus deui
yeuh he..he..he...
Mun MP mah ti Jogja, di Sunda aya naon nya nu make pernafasan?
On 09/13/2012 11:55 AM, Abbas Amin wrote:
TANAGA JERO
Saenyana mah, disatiap diri manusa sarua pada ngabogaan nu disebut
“Tanaga Jero” teh; ngan wae teu sakabeh manusa apal atawa nyaho kumaha
carana ngawangun jeung nambahan eta energy nu hebat di jero dirina.
Sanyatana mimiti bro loge eta “tanagaa jro teh geus aya disatiap diri
manusa. Tapi eta tanaga jero teh masih “pasif”; sawaktu waktu sacara
reflex bakal muncul; di na waktu2 manusa nyanghareupan bahaya.
Disatiap diri ngandung unsur KIMIA ( Body Chemistry, sebut we ngaranna
ATP keur ngagampangkeun. ATP teh singgetna ti na Adenosin Tri
Phosphate. Ieu ATP bisa robah jadi enegy ku proses metabolisme jasmani.
Bisa dirumuskeun : O2+ATP+Glikogen Energy
ATP fungsina teh sabage energy cadangan.
Energy nu kaluar ti na ATP sapopoe misalna supaya badan haneut,
lancarna adrenalin; ngabangun kimia jasmani; keur ngawangun imunisasi
( zat antibody ); aktifitas pencernaan; lancarna aktifitas organ2
sejenna. Tina panalungtikan jeung panalitian para nu palinter (
Ilmuwan ), cenah mah manusa sapopoe ngan ukur ngagunakeun 2.5% ti na
sakabeh fasilitas energy nu aya di jero jasmanina; ari sesana nyaeta
NU 97.5% deui masih keneh CICING; PASIF di na HULU ANGEN. ( HATI, QALBU ).
Masalahna jadina : KUMAHA CARANA ngaoptimalkeun jeung ngahudangkeun
eta enersi nu GEDE tapi pasif eta ? Supaya bisa dipake di na kahirupan
sapopoe ! Tah eta mucunghulna ELMU Tanagaa JERO teh.
Manusa mun bisa ningkatkeun enersina tong loba2; 0.1 nepi ka 0.3 % we;
ngajadikeun enersi ti na 2.5% jadi 2.6% nepi ka 2.8%; mun dipake
ngagebug KUDA; eta KUDA bakal KO alias KOID bin Maeot !
Lima kikir beusi ditumpuk, bisa parotong harita keneh ! meupeuskeun
batu ge keur nu geus nyekel tanaga jero euweuh hesena.
Tanaga Jero atawa Enersi Cadangan teh nya eta tanaga nu pusatna di na
syaraf2 dideukeut ulu ati lamun geus bisa dihudangkeun meta enersi teh
ngumpul di na salah sahiji bagean jasmani nu disebut Solar Plexus
atawa KUNDALINI.
Miturut sababaraha sumber, Kundalini teh ngarupakeun bagean ti na
jasmani manusa nu rupana 3 ½ lingkaran tempatna di antara tulang ekor
jeung larangan sahandapeun bujal. Rupana teh saperti oray nu nu keur
ngarengkol.
Jadi sumber Tanaga Jero di Ulu ati/angen lain solar Plexus. Solar
Plexus tempat ngumpulna enersi nu geus diusahakeun
Kumaha carana ngusahakeun Tanaga JERO ?
Hiji2na jalaan ngan ku ngalatih nafas latihan nafas.
Ngarobah ngarenghap BIASA; ku ngarenghap nu aya RITMENA.
Ngaoptimalkeun oksigen nu asup ka na pernafasan ulah kabuang kitu wae.
Supaya efektif Oksigen teh kudu muter ka sakabeh organ; jeung miceun
CO2 harita keneh. Eta sababna nu sok latihan nafas arang keuna kasakit.
Fungsi Tanaga Jero :
1.Jadi leuwih kuat tanagana sacara phisik
2.Panca Indra leuwih seukeut
3.Keur ngawujudkeun indra ka genep
4.Bisa ngancurkeun barang2 nu tareuas saperti batu jrrd
5.Hampang raga
6.Cenah deui nambah memori otak
7.Ningkatkeun daya tahan jasmani ti na panyakit atawa serangan
8.Telekinetik. Daya ti nu jauh
9.Barang atawa jelema mu taya dayana; bisa ngadadak kuat