Fikmin #'Balon Udara'#
Pasusubuh ka masigit. Belenyeng kana skuter. Gerung! Gerung! Indit ngantor nunggang oto. Geuleuyeung naék élevator. Regeyeng kana éskalator. Ka pasar, ka super markét, ka mal, ka bioskop, ka restoran, ka pangaosan, ka ondangan tatangga komplék, ka riungan érté gé tara tinggaleun naék tutunggangan. Ray poé, dampal sukuna ngagedéan, ngabeukahan. Bitisna, pingpingna, dampal leungeunna, ramo-ramona, ruas-ruas leungeuna patinggelembung. Ray minggu, ray bulan, beuki ngabeukahan. Tambah buleud. Tingpurengkel. Ngajadi balon hirup. Katiup hiur kipas angin. Pung! Ngapung! Kumalayang dina lalangit. Ngalayang kana erang-erang. Ugal-ugil dina lawang panto.
