Baraya,

Alusna mah dina diskusi soal madzhab teh dikahareupkeun masalah akhlaq.
Hal-hal anu kira-kira matak nyigeug madzhab nu lian, alusna mah direm heula
atawa dina nepikeunana oge kalayan handap asor alias humble, make jurus aya
kamungkinan naon anu ditepikeun teh salah. Leuheung lamun geus karuhan,
kumaha lamun saenyana mah naon anu dituduhkeun teh bohong atawa merlukeun
klarifikasi leuwih jauh.

Dina pasoalan Al Qur'an, upamana, geus aya ti taun 80-an si kuring meunang
beja urang Syi;ah boga Al Qur'an anu beda jeung urang Sunni atawa ummat
Islam sejenna. Hal ieu ku kuring kungsi ditanyakeun ka anu kasebut penganut
Syi;ah, terang-terangan atawa nyelok (ngodok) atawa siga detektif. Keukeuh
jawabna teu aya. Saurna, Al Qur'an Syi'ah sarua wae jeung Al Qur'a Sunii.
Si kuring meunang 2 Al Qur'an ti urang Syi'ah, ti Iran. Dibukaan, dibaca
unggal poe eta Al Qur'an teh sarua, teu aya bedana jeung Al Qur'an Sunni
(boh terbitan Depag atawaa ti Saudi; kabenerana duanana oge boga). Teu aya
nu geseh saeutik oge. Kukituna, kuring boga kasimpulan yen Syi'ah boga Al
Qur'an anu beda teh eta tuduhan palsu.

Saterusna, bieu manggihan tulisan anu hade ceuk kuring mah, ngeunaan Syi'ah
ti Sunni, sakumaha dina alamat di handap ieu:
http://nasional.kompas.com/read/2012/09/01/1919133/Syiah.Tidak.Sesat

Salam,
manar

2012/9/17 Simkuring <[email protected]>

> **
>
>
> Sae kang Sp, dirojong pisan sarebu persen ku sikuring…****
>
> ** **
>
> Nuhun,****
>
> ** **
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Isp Saprudin
> *Sent:* Monday, September 17, 2012 7:15 AM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [kisunda] Fw: kafir jadi penonton pertarunga​n sesama
> moslem (....#4)****
>
> ** **
>
>   ****
>
> Eta mah lain neuleuman faham Syiah, tapi kabawa palid faham Syiah****
>
> Geus teu aneh ka jalma urang Indonesia, ceunah sakola ka luar nagreg rek
> neuleuman Faham Sekulerisme, rek neuleuman faham Syiah. Pan mun neuleuman
> mah pasti hayang nyaho sajauhmana faham eta salaras jeung titah Rasulalah
> Saw. lain ieu ceunah neuleuman, tapi balik ka Indonesia lain ngajentrekeun
> ilat-ilat anu aya di hafam eta, malah ngadogmatiskeun ka
> masyarakat......................atuh uing nangkis****
>
> Salila faham Syiah ditebarkeun ka msyarakat, salila eta kuring
> pasti malang-malangkeun jeung mabet-mabetkeun.......... ****
>
>
>
>  ****
>
> ** **
>
> 2012/9/17 Ahsa <[email protected]>****
>
>   ****
>
> Cape ah ngabandungan anu ngajentrekeun Syiah ari lain ti urang Syiah
> sanajan ngutip oge pastina aya anu dicandakna anu teu payus... ****
>
> ** **
>
> Dina milis ieu mun teu salah Kang Zen sering ngabahas perkawis Syiah. Abdi
> langkung percanten ka anjeuna sabab manehna dugi kiwari keur neuleuman
> Syiah di Iran. Sok geura korehan, benten pisan sareng anu dibahas ku SP.
> Duka motivasina naon?****
>
> ** **
>
>
>
> ****
>
> --
> ngajengjehe****
>
>
>
>
> --
> ngajengjehe****
>
> ****
>
>  
>

Kirim email ke