Ampir kabeh jalma anu ngagem mazhab Wahabi atawa non Syiah sok ngintunkeun 
link. Kitu oge urang Islam Syiah. Biasana sok tara dibaca atawa ditinggali 
langsung. Engke mun geus nyalse suka dibuka ebook mah. Video mah langki dibuka. 
Hoream mukana. Ka maranehna badi sok nganhunkeun sagala link na. 

Kiai ISP, kuring ayeuna keur hoream lalajo. Hayangna maca. Sok atuh keuprukeun 
deui ttg Syiah versi ISP. Insya Allah urang bandingkeun Syiah versi Kang 
Zen+Ustadz Jalal atawa ti pengikut Syiah. Ceuk uing mah ngan hiji masalah Suni 
Syiah. Imamah hungkul. Taat ka Nabi khususna dina Khalifah saba'da Nabi anu 
dijentrekeun dian hadis2 anu diakui ku muhadis Sunni atawa percanten yen sual 
khalifah urusan umat. Janten anu nangtukeun umat sanes Nabi.

Mangga percaya anu mana bae. Rek teu percaya ka dua2na oge teu nanaon. Insya 
Allah engkin di aherat bakal jelas bener henteu eta anu janten gunem catur, 
patelak, di antara umat Islam. Ayeuna mah cibg getol ibadah jeung maca buku 
bae, ngalakeun akhlak anu sae. Hiji deui ngiring ngabela Nabi anu keur ayeuna 
dihina ku urang yahudi Amerika.
 
 

=> http://www.kompasiana.com/ahsa



________________________________
 Dari: Isp Saprudin <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Selasa, 18 September 2012 11:21
Judul: Re: [kisunda] Re: Fw: bahasan aqidah Islam Syiah-mangga kang zen
 

  



Tah Uing meunang copy paste di handap ieu :
www.VideoSyiah.com

 
>2012/9/18 Ahsa <[email protected]>
>
> 
>>  
>>Salam. Kang Zen mangga geura diurai deui. Dihandap eta aya seratan SP, duga 
>>nyutat ti mana? duka leres2 maosan kitab2 Syiah atawa ngan hungkul copypaste. 
>>Cing versi Kang Zen kumaha?
>>
>>--- In [email protected], Isp Saprudin <lemprah@...> wrote:
>>>
>>> Neruskeun bahasan anu geus dipotingkeun, kuring neruskeun babasan masalah
>>> aqidah Syiah.
>>> Sanu saterusna nyaeta :
>>> 
>>> *4. Ngenaan Taqiyyah,*
>>> Naon ari Taqiyyah teh? Nyaeta ucapan atawa kalakuan hiji hal anu beda jeung
>>> kayakinan, dina rangka nyumputkeun kayakinana (dusta, bohong, munafek jeung
>>> nipu jalma) === (Firaq Mu'ashirah 1/195 jeung asy-Syiah al-Itsna
>>> 'Asyariyyah kaca 80).
>>> Maranehna ngayakinan yen taqiyyah ieu bagian tina agama. Malahan 9/10
>>> agama. Al-Kulaini ngariwayatkeun dina al-Kafi (2/175) ti Abu Abdillah,
>>> manehna ngomong ka Abu Umar al-A'jami "Hei Abu Umat, saestuna 9/10 ti agama
>>> ieu nyaeta taqiyyah. Henteu aya agama ti saha bae anu henteu taqiyyah"
>>> (dinukil ti Firaq Mua'shirah 1/196).
>>> Kusabab eta, al-Imam Malik ra mangsa ditanya ngenaan maranehna, anjeunna
>>> nyarita : "Ulah maneh ngomongkeun jeung maranehna jeung  ulah poho
>>> ngariwayatkeun ti maranehna, kusabab maranehna eta sok ngabohong".
>>> Kitu oge al-Imam asy-Syafi'i nyarita : "Kuring can pernah nyaho aya anu
>>> ngaleleuwihkeun Rafidhah dina persaksian palsu" (Mizanul I'tidal 2/27-28 ku
>>> al-Imam adz-Dzhabi ).
>>> 
>>> * 5. Ngenaan Raj'ah*
>>> Naon ari Raj'ah teh? Raj'ah nyaeta kayakinan hirupna deui jalma anu geus
>>> paeh. Ahli tafsir maranehna al-Qummi nganafsirkeun surat an-Nahl ayat 85,
>>> ngomong :Anu dimaksud ku ayat eta nyaeta raj'ah". Tuluy manehna nukilkeun
>>> ti Husain bin 'Ali yen manehna nyarita ngenaan ayat ieu, 'Nabi aranjeun
>>> jeung Amirul Mukmini (Ali bin Abu Thalib) sarta para imam 'alaihimus salam
>>> bakal balik deui ka maraneh". (Dinukil ti kitab Atsurat Tasyayyu'alar
>>> Riwayatil Tarikhiyyah kaca 32 ku Dr. Abdul Aziz Nurwali).
>>> 
>>> *6. Ngenaan al-Bada*
>>> Naon al Bada' teh? AL Bada' nyaeta mikanyaho hiji hal anu saencanana henteu
>>> dipikanyaho. Maranehna ngayakinan yen al Bada' ieu mikajadi (terjadi) ka
>>> Allah. Malahan maranehna leuleuwihan dina hal ieu. Al-Kulaini dina kitab
>>> al-Kafi (1/111) ngariwayatkeun ti Abu Abdillah (manehna nyarita), "Henteu
>>> aya pangagungan ka Allah anu ngaleuwihan al Bada' (Dinukil ti Firaq
>>> Mu'ashirah 1/252).
>>> 
>>> Hiji kayakinan kafir anu saencana diyakinan ku Yahudi. Tah sakitu ti
>>> sababaraha prinsip Syiah Rafidhah anu tidinya geus jelas kasalahan jeung
>>> panyimpanganana. Namung dihanjakalkeun, teu boga ka isin jeung ka era eta
>>> al-Khumaini (KHOMEINI) nyarita : "Saestuna jeung pinih kawanian kuring
>>> nyatakeun yen jutaan masyarakat IRAN di mangsa ayeuna leuwih utama ti
>>> masyarakat Hijaz (Makkah jeung Madinah pen.) di mangsa Rasulallah Saw.
>>> sarta leuwih utama ti masyarakat Kufah jeung Iraq di mangsa Amirul Mukminin
>>> (Ali bin Abu Thalib jeung Husein bin 'Ali" (al-Washiyah al-illahiyyah kaca
>>> 16 dinukil ti Firaq Mu'ashiran kaca 192).
>>> 
>>> *UCAPAN ULAMA NGENAAN SYIAH RAFIDHAH (ANU KIWARI EKSIS DI IRAN)*
>>> 1. Al-Imam 'Amir asy-Sya'bi rh nyarita, "Kuring henteu pernah nempo kaum
>>> anu luewih dungu (idiot) ti Syiah" (as-Sunah 2/549 ku Abdullah bin al-Imam
>>> Ahmad)
>>> 2. Al-Imam Sufyan ats-Tsauri rh mangsa ditanya ngenaan salah saurang anu
>>> moyok (ngalelewe) Abu Bakar jeung Umar ra., anjeunna nyarita "Manehna geus
>>> kafir ka Allah Swt". Tuluy ditanya "Naha urang nyolatkeunna (mun maot)?.
>>> Anjeunna nyarita "Henteu perlu, henteu aya kahormatan
>>> (pikeunna)......(Siyar A'lamin Nubala 7/253).
>>> 3. Al-Imam Malik jeung al-Imam Asy-Syafi'i rh, geus dijelaskeun di luhur.
>>> 4. Al-Imam Ahmad bin Hambal nyarita "Kuring henteu nempo maranehna (jalma
>>> anu ngahina ABu Bakar, Umar jeung 'Aisyah rah) eta sabage jalma Islam"
>>> (as-Sunah 1/493 ku al_Khallal).
>>> 5. Al Imam Al-Bukhari ra nyarita "Pikeun kuring sarua bae naha kuring
>>> shalat di tukangeun Jahmi (Panganut Jahmiyah red) jeung Rafidhah (Panganut
>>> Syiah Rafidhah - Iran) atawa di tukangeun Yahudi jeung Nasrani (Yakni sarua
>>> henteu meunang red.). Maranehna henteu meunang dibere salam, henteu
>>> dilongok mun geuring, henteu dinikahkeun, henteu dijadikeun saksi, jeung
>>> henteu didahar pepencitan maranehna" (Khalqu Af'alil 'Ibd kaca 125).
>>> 6. Al Imam Abu Zur'ah ar-Razi ra. nyarita "Mun maneh nempo jalma anu moyok
>>> (ngahina) sala sahiji sahabat Rasulallah Saw., mangka pikanyaho yen manehna
>>> saurang zindiq. Anu kitu kusabab Rasul pikeun urang HAQ jeung AL'QUR'AN
>>> Haq, jeung saestuna anu nyampekeun al Qur'an jeung As-Sunnah ti para
>>> sahabat Rasulallah Saw. Geus nyata maranehna moyok (ngahina) para saksi
>>> urang (para sahabat) ku tujuan pikeun ngaleungitkeun al-Qur'an jeung
>>> Assunnah. Maranehna (Syaih Rafidhah) leuwih pantes pikeun dicela jeung
>>> maranehna nyaeta zanadiqah (jalma-jalma zindiq)". (al-Kifayah kaca 49 ku
>>> al-Khatib al-Baghdadi).
>>> 
>>> Tah sakitu heula ngenaan Aqidah Syiah Rafidhah *(IRAN).*
>>> 
>>> Wallahu'alam bish shawab.
>>> 
>>> *Nambah Baca :*
>>> Pikeun jalma anu nyangsikeun ngenaai Abdullah bin Saba bisa tempo di
>>> al-Kamil fit Tarikh 3/154 ku Ibnul Atsir, al-Bidayah wan Nihayah 7/176 ku
>>> Ibnu Katsir jeung Badzlul Majhudi fi Itsbati Musyabahatir Rafidhah, ku
>>> Abdullah al-Jumaili 1/98-164).
>>> 
>>> 
>>> -- 
>>> ngajengjehe
>>>
>>
>>
>
>
>-- 
>ngajengjehe
>


-- 
ngajengjehe



Kirim email ke