Sanggeus aya saminggu lilana Jalma ngalakukeun latihan kitu, karasa ayeuna mah tanaga teh gampang pisan disalurkeunana tina embun2an ka na tapak suku; balik deui ka na embun2an teu kudu usaha cape saperti saencanna; eta tanda aya kamajuan nu gede pisan. Jadi Jalma ayeuna geus bisa ngawasa enerji nu aya di jero badanna.
Di Beulah kaler ti imah KI Padma rasa aya batu nu luhur pisan; tungtungna seukeut; teu nyaho urut naon; Jalma terus ka dinya rek nyoba lamun luncat geus bisa sakumaha ayeuna. Jalma konsentrasi rek luncat nu ukuranana batu nu jangkung eta. Barang heaaat manehna nyorowok; pung teh manehna luncat bisa luhur pisan , jauh ti na taneuh. Untung waktu turunna ku tanaga jerona nu geus nepi ka puncakna, manehna bisa ngadalian henteu nyiriwik ka handap. Tapi mimiti mah manehna rada sosoloyongan. Nya sanggeus sababaraha kali manehna bisa ngadalian diri di na bab luncat jeung hampang raga; terus manehna nyoba luncat ka eta batu; nyata gampang pisan sukuna napak di na puncak batu pisan. Barang turun kadenge aya sora plok ! plok ! plok ! 3X antare pisan, tapi pinuh ku kagumbiraan jeung panghargaan. Eta nu keprok taya lian ti Ki Padmarasa. Tuluy we Jalma nyuuh ka Ki Padmarasa ku bungah2na; diusapan we Jalma teh ku Ki Padmarasa nu ngarasakeun pisan ka bungahna nu karasa ku Jalma. Tapi ayeuna Jalma rada heran, sabab di dinya ayeuna mah aya Ki Busro nu milu lalajo. Ki Busro nganuhunkeun ka Jalma; sabab kulantaran Jalma cenah ayeuna manehna geus diangkat murid ku Ki Padmarasa. Umurna Ki Busro saluhureun Ki Padmarasa; tapi teu aneh; da nu guguru teh lain guguru pangalaman; tapi guguru elmu panemu ; aji jaya kawijayan. Ari Ki Busro nganggap pisan ka Ki Padmarasa teh; yen Ki Padmarasa sagala nyampak elmuna. Jalma teu nyaho kumaha, sanggeusna ayeuna sagulung sagalang di Gunung Muria; asa rada haroream turun; manehna asa loba tanyakeuneun ka Ki Padmarasa teh; masing enya Ki Padmarasa mah nolak yen manehna sagala bisa; tapi karasa memang elmu panemuna ka_asup luhur. Tah ku sabab kitu Jalma ge hayang terus we guguru di dinya; tah meureun ku sabab eta manehna betah di dinya teh. Tapi mungkin oge ketang, nu nyababkeun Jalma betah teh, aya tetenjoan sejenna. Na hiji peuting Ki Padmarasa ngobrol paduduaan jeung Jalma; terus Ki Padmarasa nyarita ka Jalma :”Yeuh Jalma ama aya picaritaeun; ieu mah masalah ama pribadi, naha hidep moal bosen ?” Jalma:”Duh Ama, puguh kuring teh hoyong apal latar tukang Ama ; tapi teu wararantun atuh … tah ayeuna Ama nyarios kitu; atuh kuring teh asa kagunturan madu … katibanan men yan putih … nuhun pisan Ama kersa ngadongengkeun masalah eta.” “Syukur atuh ari kitu mah, tah ayeuna Ama rek ngamimitian ngadongeng; mun bosen engke balaka we nya , tong didinding kelir.”Cek Ki Padmarasa. “Mangga atuh Ama.” Gorolang we Ki Padmarasa nyaritakeun Silsilah pribadina. Ki Padmarasa teh kungsi nikah ka hiji anak Syech di Makkah; terus we dibawa ka Jawa; meureun Ki Padmarasa teh tangtu istimewa pisan, nu matak Urang Arab mikeun anakna ka manehna; da atuh tong boro di Arabna; cacak di Pulo Jawa ge Urang ARBI mah tara daekeun anakna awewe dibikeun ka urang Jawa, tah eta pasalna tangtu ku sabab Ki Padmarasa istimewa pisan. Paingan Anggraeni sakitu geulisna; puguh we da turunan Arab. Cek gerentes hate Jalma. Mangkaning Arab Mesir tea, arab Putihna. Cenah mah, waktu Ki Padmarasa keur munggah haji papanggih jeung urang Mesir nu keur ditatandu; lantaran lumpuh; eta urang Mesir teh masih keneh turunan Pangeran Mesir cenah; dipelong we ku Padmarasa bari tawaf; terus dideukeutan; eta nu ditandu teh. bari tawaf diusap we tuurna ku Ki Padmarasa bari ngadu’a; kersaning Pangeran si urang Arab Nesir teh nyorowok kaget; tapi ngan sakeudeung terus we unggeuk ka Ki Padmarasa. Isukna panggih deui; eta urang Mesir teh geus bisa leumpang teu sakara kara; tah ku sabab manehna nganuhunkeun pisan; anakna nu awewe dibikeun ka Ki Padmarasa sina ditikah. Sanggeus imah2 salila 10 taun Nyi Rubiyah bojona Ki Padmarasa teu aya wae tanda2 ngandeg; tapi Ki Padmarasa teu petot2 ngado’a ka Gusti. Tah di dinya Ki Padmarasa nyebutkeun yen bohong mun nganggap Ki Padmarasa sagala bisa; buktina teu sanggup, ngajadikeun bojona ngandeg. Sanggeus umurna 45 taunan; sedengkeun Nyi Rubiyah 25 taunan; kakara Nyi Rubiyah ngandeg; mani ripuh, ampir2an Nyi Rubiyaah katiwasan. Akhirna brol we orok lahir, awewe dingaranan Anggraeni, Atuh kacida bungahna Ki Padmarasa jeung Nyi Rubiyah teh. Tapi aya2 we dodoja jeung cocoba teh; waktu keur umur 3 taun kakara ge Anggraeni bisa nyebut a jeung e ; aya kacilakaan di imahna; oray matih nu sok diingu ku KI Padmarasa; nu memang ahli ubar2an; kaluar ti na kandangna; geus Takdir ti Gusti Nyi Rubiyah dipacok oray; orayna terus kabur; ari Anggraeni kaget; terus we letahna KELU; nepi ka ayeuna can bisa Pulih deui. Tah cenah eta sabab2na Ki Padmarasa embung ngangkat murid; lantaran geuning loba pisan kalemahan nu aya di dirina. Ku ayana eta musibah; Ki Padmarasa ngarasa era jeung sedih, terus we kaluar ti kampungna; nuju jeung ngasingkeun diri di eta gunung Muria nepi ka ayeuna; umur Anggraeni geus aya 17 taunna. Jadi kira2 geus aya 14 taun manehna netep di eta Gunung teh. Manehna nyaah ka sato naon oge; tapi asal nempo oray; terus we teu tata pasini deui; terus dibinasa ku ieu Anggraeni; atuh oray disabudereun eta tempat mah, ampir euweuh we. Anggraeni siga ngamusuh pisan ka oray teh. Ki Padmarasa sama sakali teu ngadongengkeun kumaha manehna bisa nyaho ka na rupa2 ubar jeung nulungan batur; oge teu nyaritakeun kumaha manehna bisa loba kabisa jeung kanyaho di na bagbagan Elmu kanuragan; nya Jalma ge teu loba tatanya soal eta; lantaran sigana curuta carita soal eta mah dirusiahkeun pisan ku Ki Padmarasa teh; meureun sieun jadi RIYA tea. Sanggeus kitu; repeh we Ki Padmarasa teu nyarita deui; ngan ukur neuteup we ka Jalma; hartina carita na geus lekasan , Jalma ngan ukur meleng we; teu loba tatanya. Ayeuna mah Jalma apal naon sababna Anggraeni sama sakali teu bisa ngaluarkeun sorana; nyata lain pego tapi cek Ki Padmarasa mah; pita sorana kaganggu; ari pancaindrana mah kabeh ge fungsi; ngan eta hiji; pita sora nu teu fungsi teh cenah. Waktu keur ngobrol kitu, Jalma inget yen aya nu bakal ditanyakeun; nya eta masalah “Nu Maha Sagala” … rada heran Ki Padmarasa … naha Jalma bet nyalenggor ka na masalah eta ? Terus we Ki Padmarasa ngelelekan Jalma:”Ke ari hidep, salian ti guguru ka Ki Nurustunjung hal kanuragan, terus guguru ka saha masalah agama ?” Derekdek we Jalma ngadongeng masalah di Wanayasa; tapi terus nyaritakeun, nepi ka ayeuna ge can manggih jawaban soal Maha Sagala mah. Ki Padmarasa unggut2an we ngadengekeun dongengna Jalma:”Naha ku hidep teu ditaroskeun ka H. Syarif ?” Jalma:”Ah teu wantun pok Ama; lantaran seueur nala_ah kitab; bilih lepat naros; nya dugi ka ayeuna kuring masih panasaran keneh; tah ku margi Ama mah langkung terbuka; kuring ayeuna wantun ngajukeun ieu patarosan.” “Yeuh Jalma, ari Nu disebut Maha Sagala teh, Nya atuh Gusti Allah; saha deui atuh ?” Cek Ki Padmarasa bari tetep mesem. “Ama, ki Nurustunjung sanes teu apaleun ka Allah; ngan wae sigana langkung ti kitu, eta patarosan teh. nya mun dipikir ku kuring mah; eta Ki Nurustunjung teh hayang wanoh ka nu disebut Allah tea. Da panginten teu cekap urang nyebat percaya wungkul; bari ati mah cangcaya !?” Ahirna sanggeus ngaharuleng sakedapan, Ki Padmarasa nyarita kieu :”Kieu we atuh, mimiti peuting isuk, ba_da Isya urang sawala masalah KAILAHIAN.” Jalma:”Aduh nuhun pisan Ama. Tapi naha disebat SAWALA ? kapan kuring mah mung sakadar murid.” Ki Padmarasa :”Eh teu kitu … boa teuing ti sampeyan, Ama meunang bongbolongan; da jelema mah teu tangtu bisa wae sampeyan nu mere jalan. Jadi bisa oge Ama guguru ka sampeyan.” Jalma:”Hahaha, asa pamohalan Ama. “ Ki Padmarasa :”Ih teu kitu Ilmu Allaah mah, sabab lega Kacida, teu bisa kaukur; nu ulah teh RIYA ! keur urang mah. Buktina Ama bisa ngubaran Syech urang Mesir, nu jadi mertua Ama, nyatana Ama dicoba bojo jeung anak keuna kasakit, kapan teu bisa nanaon; eta hartina sakaligus Allah negor ka Ama.” Wah enya jero geuning pandangan jeung pikiran ieu Ki Padmarasa teh; cek Jalma na hatena. Manehna ngarasa yakin, yen ti ieu KI Padmarasa mah bakal meunang pituduh nu gede pisan. Hanca
