mangga teraskeun :-)
 

=> http://www.kompasiana.com/ahsa



________________________________
 Dari: Abbas <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 19 September 2012 11:45
Judul: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 286
 
Hahahahha nuhun ... komentarna ... tapi ke tingali we kumaha tah bahasanana; 
teras engkwe komentaran deui nya !? Kumaha KEMASAN bah AA di na nyaritakeun 
perkara kailahian ....

--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> tah...tah...tah... beuki rame jeung beuki jago wae mang Jalma teh. ngan kade 
> ah bah pas ngabahas KAILAHIAN ulah nyinggung hal-hal nu matak parasea. 
> geuning jiga si-uni jeung si-iyah nu teu eureun-eureun debat dina ieu 
> milis...:) cag ah... rek ngadepong deui.
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Selasa, 18 September 2012 13:11
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 286
>  
> 
>   
> Sanggeus aya
> saminggu lilana Jalma ngalakukeun latihan kitu, karasa ayeuna mah tanaga teh
> gampang pisan disalurkeunana tina embun2an ka na tapak suku; balik deui ka na
> embun2an teu kudu usaha cape saperti saencanna; eta tanda aya kamajuan nu gede
> pisan. Jadi Jalma ayeuna geus bisa ngawasa enerji nu aya di jero badanna.
> 
> Di Beulah
> kaler ti imah KI Padma rasa aya batu nu luhur pisan; tungtungna seukeut; teu
> nyaho urut naon; Jalma terus ka dinya rek nyoba lamun luncat geus bisa 
> sakumaha
> ayeuna.
> Jalma
> konsentrasi rek luncat nu ukuranana batu nu jangkung eta. Barang heaaat 
> manehna
> nyorowok; pung teh manehna luncat bisa luhur pisan , jauh ti na taneuh. Untung
> waktu turunna ku tanaga jerona nu geus nepi ka puncakna, manehna bisa 
> ngadalian
> henteu nyiriwik ka handap. Tapi mimiti mah manehna rada sosoloyongan.
> 
> Nya sanggeus
> sababaraha kali manehna bisa ngadalian diri di na bab luncat jeung hampang 
> raga;
> terus manehna nyoba luncat ka eta batu; nyata gampang pisan sukuna napak di na
> puncak batu pisan.
> 
> Barang turun
> kadenge aya sora plok !   plok !   plok ! 3X  antare  pisan, tapi pinuh ku
> kagumbiraan jeung panghargaan. Eta nu keprok taya lian ti Ki Padmarasa.
> 
> Tuluy we
> Jalma nyuuh ka Ki Padmarasa ku bungah2na; diusapan we Jalma teh ku Ki 
> Padmarasa
> nu ngarasakeun pisan ka bungahna nu karasa ku Jalma. Tapi ayeuna Jalma rada
> heran, sabab di dinya ayeuna mah aya Ki Busro nu milu lalajo.
> 
> Ki Busro
> nganuhunkeun ka Jalma; sabab kulantaran Jalma cenah ayeuna manehna geus
> diangkat murid ku Ki Padmarasa. Umurna Ki Busro saluhureun Ki Padmarasa; tapi
> teu aneh; da nu guguru teh lain guguru pangalaman; tapi guguru elmu panemu ;
> aji jaya kawijayan. Ari Ki Busro nganggap pisan ka Ki Padmarasa teh; yen Ki
> Padmarasa sagala nyampak elmuna.
> 
> Jalma teu
> nyaho kumaha, sanggeusna ayeuna sagulung sagalang di Gunung Muria; asa rada
> haroream turun; manehna asa loba tanyakeuneun ka Ki Padmarasa teh; masing enya
> Ki Padmarasa mah nolak yen manehna sagala bisa; tapi karasa memang elmu
> panemuna ka_asup luhur. Tah ku sabab kitu Jalma ge hayang terus we guguru di
> dinya; tah meureun ku sabab eta manehna betah di dinya teh. Tapi mungkin oge
> ketang, nu nyababkeun Jalma betah teh, aya tetenjoan sejenna.
> 
> Na hiji
> peuting Ki Padmarasa ngobrol paduduaan jeung Jalma; terus Ki Padmarasa nyarita
> ka Jalma :”Yeuh Jalma ama aya picaritaeun; ieu mah masalah ama pribadi,  naha 
> hidep moal bosen ?”
> 
> Jalma:”Duh
> Ama, puguh kuring teh hoyong apal latar tukang Ama ; tapi teu wararantun atuh 
> …
> tah ayeuna Ama nyarios kitu; atuh kuring teh asa kagunturan madu … katibanan
> men yan putih … nuhun pisan Ama kersa ngadongengkeun masalah eta.”
> 
> “Syukur atuh
> ari kitu mah, tah ayeuna Ama rek ngamimitian ngadongeng; mun bosen engke 
> balaka
> we nya , tong didinding kelir.”Cek Ki Padmarasa.
> 
> “Mangga atuh
> Ama.”
> 
> Gorolang we
> Ki Padmarasa nyaritakeun Silsilah pribadina.
> 
> Ki Padmarasa
> teh kungsi nikah ka hiji anak Syech di Makkah; terus we dibawa ka Jawa; 
> meureun
> Ki Padmarasa teh tangtu istimewa pisan, nu matak Urang Arab mikeun anakna ka
> manehna; da atuh tong boro di Arabna; cacak di Pulo Jawa ge Urang ARBI mah 
> tara
> daekeun anakna awewe dibikeun ka urang Jawa, tah eta pasalna tangtu ku sabab 
> Ki
> Padmarasa istimewa pisan.
> 
> Paingan
> Anggraeni sakitu geulisna; puguh we da turunan Arab. Cek gerentes hate Jalma.
> Mangkaning Arab Mesir tea, arab Putihna.
> 
> Cenah mah,
> waktu Ki Padmarasa keur munggah haji papanggih jeung urang Mesir nu keur
> ditatandu; lantaran lumpuh; eta urang Mesir teh masih keneh turunan Pangeran
> Mesir cenah; dipelong we ku Padmarasa bari tawaf; terus dideukeutan; eta nu
> ditandu teh. bari tawaf diusap we tuurna ku Ki Padmarasa bari ngadu’a;
> kersaning Pangeran si urang Arab Nesir teh nyorowok kaget; tapi ngan 
> sakeudeung
> terus we unggeuk ka Ki Padmarasa. Isukna panggih deui; eta urang Mesir teh 
> geus
> bisa leumpang teu sakara kara; tah ku sabab manehna nganuhunkeun pisan; anakna
> nu awewe dibikeun ka Ki Padmarasa sina ditikah.
> 
> Sanggeus
> imah2 salila 10 taun Nyi Rubiyah bojona Ki Padmarasa teu aya wae tanda2
> ngandeg; tapi Ki Padmarasa teu petot2 ngado’a ka Gusti. Tah di dinya Ki
> Padmarasa nyebutkeun yen bohong mun nganggap Ki Padmarasa sagala bisa; buktina
> teu sanggup, ngajadikeun bojona ngandeg.
> Sanggeus
> umurna 45 taunan; sedengkeun Nyi Rubiyah 25 taunan; kakara Nyi Rubiyah 
> ngandeg;
> mani ripuh, ampir2an Nyi Rubiyaah katiwasan. Akhirna brol we orok lahir, awewe
> dingaranan Anggraeni, Atuh kacida bungahna Ki Padmarasa jeung Nyi Rubiyah teh.
> 
> Tapi aya2 we
> dodoja jeung cocoba teh; waktu keur umur 3 taun kakara ge Anggraeni bisa 
> nyebut
> a jeung e ; aya kacilakaan di imahna; oray matih nu sok diingu ku KI 
> Padmarasa;
> nu memang ahli ubar2an; kaluar ti na kandangna; geus Takdir ti Gusti Nyi
> Rubiyah dipacok oray; orayna terus kabur; ari Anggraeni kaget; terus we 
> letahna
> KELU; nepi ka ayeuna can bisa Pulih deui.
> 
> Tah cenah
> eta sabab2na Ki Padmarasa embung ngangkat murid; lantaran geuning loba pisan
> kalemahan nu aya di dirina.
> 
> Ku ayana eta
> musibah; Ki Padmarasa ngarasa era jeung sedih, terus we kaluar ti kampungna; 
> nuju
> jeung ngasingkeun diri di eta gunung Muria nepi ka ayeuna; umur Anggraeni geus
> aya 17 taunna. Jadi kira2 geus aya 14 taun manehna netep di eta Gunung teh.
> Manehna nyaah ka sato naon oge; tapi asal nempo oray; terus we teu tata pasini
> deui; terus dibinasa ku ieu Anggraeni; atuh oray disabudereun eta tempat mah,
> ampir euweuh  we. Anggraeni siga ngamusuh
> pisan ka oray teh.
> 
> Ki Padmarasa
> sama sakali teu ngadongengkeun kumaha manehna bisa nyaho ka na rupa2 ubar 
> jeung
> nulungan batur; oge teu nyaritakeun kumaha manehna bisa loba kabisa jeung
> kanyaho di na bagbagan Elmu kanuragan; nya Jalma ge teu loba tatanya soal eta;
> lantaran sigana curuta carita soal eta mah dirusiahkeun pisan ku Ki Padmarasa
> teh; meureun sieun jadi RIYA tea.
> 
> Sanggeus
> kitu; repeh we Ki Padmarasa teu nyarita deui; ngan ukur neuteup we ka Jalma;
> hartina carita na geus lekasan , Jalma ngan ukur meleng we; teu loba tatanya.
> 
> Ayeuna mah
> Jalma apal naon sababna Anggraeni sama sakali teu bisa ngaluarkeun sorana;
> nyata lain pego tapi cek Ki Padmarasa mah; pita sorana kaganggu; ari
> pancaindrana mah kabeh ge fungsi; ngan eta hiji; pita sora nu teu fungsi teh
> cenah. 
> 
> Waktu keur
> ngobrol kitu, Jalma inget yen aya nu bakal ditanyakeun; nya eta masalah “Nu
> Maha Sagala” … rada heran Ki Padmarasa … naha Jalma bet nyalenggor ka na
> masalah eta ?
> 
> Terus we Ki
> Padmarasa ngelelekan Jalma:”Ke ari hidep, salian ti guguru ka Ki Nurustunjung
> hal kanuragan, terus guguru ka saha masalah agama ?”
> 
> Derekdek we
> Jalma ngadongeng masalah di Wanayasa; tapi terus nyaritakeun, nepi ka ayeuna 
> ge
> can manggih jawaban soal Maha Sagala mah.
> 
> Ki Padmarasa
> unggut2an we ngadengekeun dongengna Jalma:”Naha ku hidep teu ditaroskeun ka H.
> Syarif ?”
> 
> Jalma:”Ah
> teu wantun pok Ama; lantaran seueur nala_ah kitab; bilih lepat naros; nya dugi
> ka ayeuna kuring masih panasaran keneh; tah ku margi Ama mah langkung terbuka;
> kuring ayeuna wantun ngajukeun ieu patarosan.”
> 
> “Yeuh Jalma,
> ari Nu disebut Maha Sagala teh, Nya atuh Gusti Allah; saha deui atuh ?” Cek Ki
> Padmarasa bari tetep mesem.
> 
> “Ama, ki
> Nurustunjung sanes teu apaleun ka Allah; ngan wae sigana langkung ti kitu, eta
> patarosan teh. nya mun dipikir ku kuring mah; eta Ki Nurustunjung teh hayang
> wanoh ka nu disebut Allah tea. Da panginten teu cekap urang nyebat percaya
> wungkul; bari ati mah cangcaya !?”
> 
> Ahirna
> sanggeus ngaharuleng sakedapan, Ki Padmarasa nyarita kieu :”Kieu we atuh,
> mimiti peuting isuk, ba_da Isya urang sawala masalah KAILAHIAN.”
> 
> Jalma:”Aduh
> nuhun pisan Ama. Tapi naha disebat SAWALA ? kapan kuring mah mung sakadar
> murid.”
> 
> Ki Padmarasa
> :”Eh teu kitu … boa teuing ti sampeyan, Ama meunang bongbolongan; da jelema 
> mah
> teu tangtu bisa wae sampeyan nu mere jalan. Jadi bisa oge Ama guguru ka
> sampeyan.”
> 
> Jalma:”Hahaha,
> asa pamohalan Ama. “
> 
> Ki Padmarasa
> :”Ih teu kitu Ilmu Allaah mah, sabab lega Kacida, teu bisa kaukur; nu ulah teh
> RIYA ! keur urang mah. Buktina Ama bisa ngubaran Syech urang Mesir, nu jadi
> mertua Ama, nyatana Ama dicoba bojo jeung anak keuna kasakit, kapan teu bisa
> nanaon; eta hartina sakaligus Allah negor ka Ama.”
> 
> Wah enya
> jero geuning pandangan jeung pikiran ieu Ki Padmarasa teh; cek Jalma na 
> hatena.
> Manehna ngarasa yakin, yen ti ieu KI Padmarasa mah bakal meunang pituduh nu
> gede pisan.
> 
> Hanca
> 
>  
> �
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links



    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke