Jalma-jalma anu kabawa palid ku faham salah kaprah dina masalah jihad dina
hal ieu buku anu judulna "Aku Melawan Teroris di tulis ku Imam Samudera".
Maranehna nyokot dalil dina al Qur'an diantarana :
1) "Singsaha anu nyerang maneh mangka serang deui manehna, sabanding jeung
serangan ka maraneh" (QS Al Baqarah : 194)
2) "Jeung mun maneh mere balesan mangka bales ku balesan anu sarua ku
siksaan anu ditimpakeun ka maraneh" (QS. An-Nahl : 126)

Kuduna dalil anu di luhur jadi hujjah pikeun maranehna. Sabab
ngabeledugkeun bom di tempat-tempat karamean dimana kayaan nagara urang
henteu keur kaayaan perang. Henteu saeutik warga sipil anu jadi korban
kabarutalan maranehna. Mangka maehan jalma-jalma(boh jalma kafir atawa
henteu) anu henteu aya pakuat pakait jeung urusan jihad ngandung harti
ngagugurkeun salah sahiji ti pokok-pokok Islam.  Dawuhan Nabi Saw. anu
hartina : "Sing saha maehan mu'ahad (jalma kafir anu katalian perjanjian)
henteu dina waktu/tempatna mangka Allah ngaharamkeun surga pikeunna" (HR
dikaluarkeun ku Abu Dawud dina Sunanna No. 2760, An-Nasai dina Sunanna no.
4761 ti sahabat Abu Bakrah ra.).

Dawuhan Allah Swt. "Jeung perangan di jalan Allah jalma-jalma anu merangan
maneh, (tatapi) diulahkeun maneh ngaleuwihan batas, kusabab saestuna Allah
henteu mikaresep jalma-jalma anu ngaleuwihan batas" (Al Baqarah 190).
Nurutkeun Al-Imam Ibnu Katsir rh dina kitabna Tafsir Al Qur'anil Azhim
1/253 : "Ya'ni perangan maranehna (jalma-jalma kafir) di jalan Allah jeung
ulah ngaleuwihan batas dina hal ieu. Kaasup ngalakukeun hal-hal anu
dilarang saperti kecap Al Hasan Al Bashri rh : motong mayat jalma kafir,
nyokot harta rampasan perang tanpa sapanganyaho pamimpin jihad, maehna
awewe jeung budak (anak-anak) sarta jalma kolot (jompo) anu henteu mere
bantuan pamikiran ka maranehna (pasukan kafir) jeung henteu oge ilu perang
babarengan, maehan pendeta jeung biarawan, ngaduruk tatangkalan, jeung
maehna sato tanpa aya kamaslahatan. Hal sarupa dikecapkeun ku Ibnu 'Abbas,
'Umar ibnu Abdil Aziz, Muqatil bin Hayyan jeung sejenna"

Salain eta Rasulallah Saw. ngacualikeun sababaraha kalangan jalma kafir anu
henteu meunang diperangan dina kondisi perang nyaeta ka maranehna anu
henteu kalibet panyerangan sakumaha hadits di luhur. Tuluy kumaha kirana
jeung jalma kafir henteu aya dina kaayaan perang jeung henteu nyerang ka
jalma-jalma Islam di nagara urang?

-- 
*Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain
kuring.*
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
*Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as
if you will
live forever"*

Kirim email ke