Iseng-iseng searching, eh panggih jeung situs
http://kisahmotivasihidup.blogspot.com/2012/09/mengapa-banyak-orang-pintar-tapi-miskin.html
Ieu rumus disundakeun

Rumus ti usaha nyaeta :
W = P x t

Anumana :
W = Usaha (Work)
P = Daya (Power = kakawasaan)
t = waktu (time)

Jadi :
t = W/P

Dipikanyaho :
Waktu nyaeta acic/artos : time is money
Panganyaho nyaeta kakawasaan : knowledge is power

Mangka rumus di luhur bisa diobah ngajadi :
Acic = Usaha/Panganyaho

Kasimpulan dumasar dumus di luhur :
- Upama panganyaho sarua atawa konstan, anu usahana leuwih loba bakal
meunang acis leuwih loba oge
- Upama usahana konstan, mangka anu pnganyahona leuwih loba bakal meunang
acis leuwih saeutik, jeung mun panganyahona ngadeukeutan teu aya batasna,
acis anu dicekel bakal ngadeukeutan nol
- Sabalikna, anu panganyahona leuwih saeutik bakal meunang acis leuwih
loba, jeung mun panganyahona ngadeukeutan nol, sanajan usahana ngan "sentak
sengor bae", acis anu dicekel bakal ngadeukeutan henteu aya batasna.

Tah dulur, kumaha maksud rumus eta teh?


-- 
*Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain
kuring.*
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
*Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as
if you will
live forever"*

Kirim email ke