[image: Icon7] Kasalahan Jalma Pinter
Pintar eta hji anugerah. Loba jalma anu dibere "kapinteran" jeung meunang ngamanfaatkeun kapinteranna eta. Tapi aya oge sabagean anu henteu ngamanfaatkeunna, jeung sok ngajadi anu ka-2 lain anu kahiji.. Aya 5 kasalahan anu sering dilakukeun ‘jalma pinter‘ sakumaha di handap ieu : *1. Ngarasa Loba Mikanyaho* Kusabab ngarasa loba mikanyaho sampe poho pikeun acrub jeung ngalakukeun aksi. *2. Henteu Hayang Nyoba* Henteu wani aksi padahal dina hatena "aing pasti bisa mun aing hayang", bodo amat yeuhh. Memang bener anu dikecapkeun ku jalma-jalma baheula, "pikiran anu salah bisa ngajadi musuh urang sorangan" . Jalma anu saperti ieu nyaeta jalma anu henteu pernah gagal kusabab manehna henteu pernah nyoba. *3. Ngarasa Pang Nyahona (Sokh Pinter) * Ngarasa dirina pinter sampe embung dibere nyaho ku batur anu manehna anggap pendidikanna leuwih handap ti manehna. *4. Ngagunakeun Rumus Heubeul (Kuno)* Biasana ahli ekonomi atawa ahli anu sejen ngagunakeun rumus baku anu geus kadaluarsa/expired. Sok ngagunakeun rumus-rumus anu dina kahirupan nyata leuwih mekar tibatan anu aya dina buku. Jadi jalma saperti ieu henteu ngajadi jalma kreatif. *5. Henteu Hayang Leuwih Bodo ti Muridna* Henteu hayang leuwih bodo ti muridna sahingga sanajan muridna bener tatapi dianggap salah. Can nyaho maranehna ieu, mun murid henteu leuwih pinter ti guruna hartina elmu panganyaho henteu mekar (berkembang). Aya papatah jalma bijak anu ngecapkeun : *"Maneh bisa jadi saurang ahli tatapi ulah boga pikir saperti jalma ahli"* source : Kesalahan Dari Orang Pintar <http://bit.ly/QzKzKW> -- *Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain kuring.* *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* *Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as if you will live forever"*
