Bahasan
Asma_al Husna teh Kacida lobana jeung unggal poe lain tamat; malah nambahan
kateunyaho; terus ditalungtik jeung disawalakeun deui. 


Sanggeus aya
ka na tilu bulanna sawala di na bag2an Asma_al Husna; karasa ku Jalma , lain
tambah ngarti; malah leuwih loba teu ngartina. Wah enya hese geuning neangan nu
Maha Sagala teh ? Paingan atuh jadi sok katalanjuran ka na wahdatul Wujud;
terus manunggaling Kawulo Gusti ? Wah enya we teu gampang urang nyalahkan
maranehna; atawa nuduh maranehna mengpar ? Da enya geuning sakieu hesena ? 

Waktu Ki
Padmarasa nyebutkeun yen Asma Na Allah teh hartina nu ngayakeun nu tadina teu
aya; Kacida beuratna; nepi ka sanggeus 3 peuting sawala, dieureunan heula.  

   

Terus
peuting isukna nindak ka na Asma Ar Raahmaan Ar Rahiim; rada lancar tah otak
Jalma nuturkeun nu ieu mah; dikaitkeun deui eta dua asma teh ka na Al khaliq
jeung Al Barr. Nu tungtungna ngayakeun oge; Nyiptakeun. Ngan harti sacerewelena
nu rada beda teh. 


Asma Al
Malik, nu hartina Ngawasa , nu boga Kawasa; nu Ngarajaan … eta ge dungdeng
sawalana; da memang saenyana mah mun geus ngayakeun hartina nya ngawasa;
ngamilik eta nu diciptakeun. 


Tapi loba
oge di dunya najan manehna nu meuli hiji barang, can puguh miboga mutlak; bisa
oge dirudapaksa ku jelema sejen; jadi dina hal Ieu Allah teh sifatna Al Jabbar;
Al Aziz; Al Mutakabbir; Al Qowiyyu; Al Matin. Nu Hartina Gagah Perkasa ; mo aya
tandingna; penakluk jsjb. Jadi di na Nyiptakeun teh oge bisa jeung Kuat
ngabelana hamo bisa direbut ku nu sejen. 


Giliran ka
na Al Quddus; Maha Suci … bisa loba hartina; tapi Jalma nyekel hiji palenggeran
yen AnjeunNa estu suci ti na sagala HAL; teu bisa dicabak ku sing saha wae
Makhluq; AnjeunNa tara keuna kakotoran ku naon wae oge. 


Atuh Al Ala;
dihartikeun ku Jalma Jauh pisan; luhur pisan teu kajangkow … da memang pang
luhurna. Lain wungkul posisi kapangkatan; tapi NYATA jauh jeung luhur ! Tah
Anjeunna mah sakedet Netra bisa ngajangkow jagatraya ieu. 


AnjeunNa
caket ka urang; ari urang mah jauh ka AnjeunNa.HANCA
 

Kirim email ke