Giliran Asma Allah Al Malikal Mulki jeung DzaljalaaliwalIkram; nu hartinaa Raja diraja jeung teu aya nu mapakan atawa nendengan; eta ge rada lila sawalana. Tapi ku sabab Asma2 nu sejen geus disawalakeun; jadi rada hampang ngabahasna. Tapi ahirna, sanggeus 5 bulanan sawala; duanana meunang kacindekan ( kesimpulan ); yen ieu diskusi moal tamat, jeung moal eureun nepi ka dunya ancur cek paribasana. Lantaran ngabahas Anjeunna Nu Maha Sagala; memang moal aya tungtungna; mun ditulis tea mah, kaburu beak bahanna, beak usahana …… Jadi Jalma jeung Ki Padmarasa terus we sujud syukur tanda yen duanana ngaku yen memang Elmu Allah mah, taya wates wangenna. Nya nu guntreng teh areureun we reureuh heula; bari ngalelempeng jalan ka na ibadah nu soson2. Episode ka 69 : Ki Bejo ka Wanayasa Tunda heula Jalma nu guguru ka Gunung Muria; ayeuna urang sampeur sobat Jalma, nu geus lila teuing ditinggalkeun, nya eta Ki Bejo. Ki Bejo rada kaleked, jeung haroream pisan indit ti Bantul, bari jeung kudu pipisahan jeung Jalma; tapi ku sabab geus ngemban tugas, nya hoream2 oge Ki Bejo kapaksa indit. Hanca
