Ass....
Diantos hancana Bah...... gantung aoseun yeuh....... Hehehehehhe
Baktos
Den's
Lembang - Bandung
At 12:37 19/09/2012, you wrote:
Episode ka 69 : Ki Bejo ka Wanayasa
Tunda heula Jalma nu guguru ka Gunung Muria; ayeuna urang sampeur sobat Jalma, nu geus lila teuing ditinggalkeun, nya eta Ki Bejo.
Ki Bejo rada kaleked, jeung haroream pisan indit ti Bantul, bari jeung kudu pipisahan jeung Jalma; tapi ku sabab geus ngemban tugas, nya hoream2 oge Ki Bejo kapaksa indit.
Teu kacatur di jalanna, nu kaitung mulan malen, caritana nepi we ka Wanayasa; kadatanganana teh tangtu we matak guyur sa Wanayasa; komo di Pasantrenna mah; lantaran kabeh hayang ngadenge beja ngeunaan Jalma jeung Nyi Ipah tea.
Ku leungitna Nyi Ipah, Nyi Ojoh cenah kagegeringan; nepi ka maotna pisan; ayeuna Ajengan Salim tos rarabi deui ka bojo kadua; cenah dijurung ku H. Syarif supaya Ajengan Salim ulah nguluwut teuing.
Barang ngadenge yen Ki Bejo teh utusan Jalma, H. Syarif langsung ngajurung Ki Bejo sina mondokna ulah di kobong, tapi khusus di kamar deukeut kamar H. Syarif; cohagna mah Ki Bejo ditarima sabage tamu nu dihargaan pisan.
Atuh Ki Bejo, bari rada balaham belehem ge atoheun pisan, da can ngarasa aya nu ngahormat saperti kitu; salila manehna kumelendang di ieu alam dunya teh. Atuh rek dihormat ku saha; bawaan bebas, buraong, bari papakean sangeunahna. Nu matak ayeuna enyaan Ki Bejo ngarasa jadi manusa nu hebat pisan.
Sanggeus dititah istirahat sapoe; peutingna ba_da Isya ditaranggap. Teu wudu ditaranggap ku sarerea; mani pagelek gelek, nu hayang nyaho kumaha dongengna Nyi Ipah, Nyi Epon jeung Jalma.
Hanjakal jaman harita can Umum mamake loudspeaker; jadi kudu aya âkurir istimewaâ pikeun nyorowokkeun ka tukang, ka balarea; kabeneran deuih Ki Bejo sorana memang tarik.
Ki Bejo mimitina nyaritakeun lalakon manehna mimiti panggih jeung Jalma. Manehna oge ngenalkeun heula, cenah Ki Bejo teh baretona mah Pendekar tanpa tanding; antara Slawi jeung Cirebon mah; euweuh nu bisa ngalawan ka na kajagoanana. ( Hehehe, biasa Ki Bejo mah resep pamer tea, bari jeung ditambahan disambaraan, supaya leuwih seru cenah caritana ).
Tah wak tu Ki Bejo panggih jeung Jalma, manehna teh cenah kakara tarung jeung anak buah begal aya sapuluhna; jadi waktu ditangtang ku Jalma; manehna geus ampir beak tanaga cenah. ( Hehehe, Ki Bejo ngaburahol deui ). Atuh nya caritana; Ki Bejo eleh ku Jalma; da geus loba tea nu dilawan.
Hanca
__._,_.___
