Episode ka
69 : Ki Bejo ka Wanayasa
Tunda heula
Jalma nu guguru ka Gunung Muria; ayeuna urang sampeur sobat Jalma, nu geus lila
teuing ditinggalkeun, nya eta Ki Bejo.
Ki Bejo rada
kaleked, jeung haroream pisan indit ti Bantul, bari jeung kudu pipisahan jeung
Jalma; tapi ku sabab geus ngemban tugas, nya hoream2 oge Ki Bejo kapaksa indit.
Teu kacatur
di jalanna, nu kaitung mulan malen, caritana nepi we ka Wanayasa; kadatanganana
teh tangtu we matak guyur sa Wanayasa; komo di Pasantrenna mah; lantaran kabeh
hayang ngadenge beja ngeunaan Jalma jeung Nyi Ipah tea.
Ku leungitna
Nyi Ipah, Nyi Ojoh cenah kagegeringan; nepi ka maotna pisan; ayeuna Ajengan
Salim tos rarabi deui ka bojo kadua; cenah dijurung ku H. Syarif supaya Ajengan
Salim ulah nguluwut teuing.
Barang
ngadenge yen Ki Bejo teh utusan Jalma, H. Syarif langsung ngajurung Ki Bejo
sina mondokna ulah di kobong, tapi khusus di kamar deukeut kamar H. Syarif;
cohagna mah Ki Bejo ditarima sabage tamu nu dihargaan pisan.
Atuh Ki
Bejo, bari rada balaham belehem ge atoheun pisan, da can ngarasa aya nu
ngahormat saperti kitu; salila manehna kumelendang di ieu alam dunya teh. Atuh
rek dihormat ku saha; bawaan bebas, buraong, bari papakean sangeunahna. Nu
matak ayeuna enyaan Ki Bejo ngarasa jadi manusa nu hebat pisan.
Sanggeus
dititah istirahat sapoe; peutingna ba_da Isya ditaranggap. Teu wudu ditaranggap
ku sarerea; mani pagelek gelek, nu hayang nyaho kumaha dongengna Nyi Ipah, Nyi
Epon jeung Jalma.
Hanjakal
jaman harita can Umum mamake loudspeaker; jadi kudu aya “kurir istimewa” pikeun
nyorowokkeun ka tukang, ka balarea; kabeneran deuih Ki Bejo sorana memang
tarik.
Ki Bejo
mimitina nyaritakeun lalakon manehna mimiti panggih jeung Jalma. Manehna oge
ngenalkeun heula, cenah Ki Bejo teh baretona mah Pendekar tanpa tanding; antara
Slawi jeung Cirebon mah; euweuh nu bisa ngalawan ka na kajagoanana. ( Hehehe,
biasa Ki Bejo mah resep pamer tea, bari jeung ditambahan disambaraan, supaya
leuwih seru cenah caritana ).
Tah wak tu
Ki Bejo panggih jeung Jalma, manehna teh cenah kakara tarung jeung anak buah
begal aya sapuluhna; jadi waktu ditangtang ku Jalma; manehna geus ampir beak
tanaga cenah. ( Hehehe, Ki Bejo ngaburahol deui ). Atuh nya caritana; Ki Bejo
eleh ku Jalma; da geus loba tea nu dilawan.Hanca