Kang Ahsa, Kang Gunawan, oge baraya sadaya,

Kajadian taun 65/66 anu tumiba ka rahayat Indonesia memang matak ngahelas,
utamina anu keuna ka jelema-jelama atau masyarakat anu teu tuah teu dosa,
atawa anu ukur kababawa, atawa istilah jaman harita mah anu disebut
"ditulis tonggong" tea. Bener memang PKI ngabalukarkeun korban pahlawan
revolusi jeung sababaraha korban ti rahayat biasa. Di sagigireun ti eta,
oge idiologi komunis anu mekar di Indonesia pibahlaeun. Ngan, korban ti
pihak rahayat biasa ceuk sababaraha sumber (kaasup anu diguar dina majalah
Tempo) memang leuwih loba. Aya-aya tanda-tanda harita tamiang malik ka PKI
(jeung rahayat anu dianggap PKI atawa simpatisanana) leuwih kuat jeung
leuwih loba, atuh tingkat kakejemanana oge luar biasa.

Hal anu kasebut dilihur dikuatkeun deui ku hiji film anu judulna "Riding
the Tiger". Hiji film ti Ustrali anu ngagambarkeun, diantarana, hubungan
pak HMS jeung ABRI harita tug nepi ka kl taun 1980-an akhir. Di jerona di
gambarkeun sababaraha  fragmen filem "penumpasan" PKI, oge plot carita anu
talatahna yen HMS teh disabandingkeun siga jelema keur numpakan maung
(lamun dilseotkeun, tangtu dikerekeb; tangtu maungna teh ABRI tea). Tapi da
eta mah film jieunan batur, mungkin rada digegedekeun oge (ongkoh deui
ayeuna mah HMS na oge tos "end" alias alm). Ngan, dokumentasi sababaraha
cuplikan tina proses eta penumpasan mah teu weleh matak ngabirigidig.

Ngeunaan Jawa Barat, memang sacara korban memang katingalna leuwih saeutik
tinimbang Jateng jeung Jatim. Tapi, ulah hilap, Jawa Barat teh tempat
ngahukum sababaraha tokoh penting PKI. Sababaraha taun ka tukang kuring
wawauh jeung pangebonna sepuh anu di Panaruban tea. Tah anjeunna teh salah
saurang jagal (algojo) anu ngalaksanakeun hukuman mati ka "terpidana" PKI
jeung simpatisanana. Salah sahiji tempat nibankeun hukuman teh di hiji
wewengkon suku Gn Bukit Tunggul, ngaranna: Bukanagara. Malah, basa kuring
nyaba ka eta patempatan (ayeuna jadi kebon enteh anu endah Bukanagara teh),
anu nganteur kuring nuduhkeun makam Kol Untung. Lain makam sabenerna mah
sabab ukur batu rada badag sisi jalan, kagiridig pisan ku kandaraan anu
lalar liwat antara Bukanagara - Cisalak jeung sabalikna.

Salam,
manar



2012/10/3 Ahsa <[email protected]>

> dina buku API SEJARAH oge sakedik dibahas perkawis eta. malihan patung
> anu keur ngadeukeun bedog ka beuheung ulama diasupkeun kana eta buku.
>
> Pada tanggal 03/10/12, Waluya <[email protected]> menulis:
> > Maca Majalah Tempo minggu ieu (Sanajan teu maca kumplit, kakara onlinena,
> > can kaburu meuli majalahna), matak ngabirigid, horeng di taun 1965/1966
> di
> > Indonesia teh, geuning aya kajadian ngaharib-harib film "Killing Field"
> di
> > Kamboja. Ciciren bangsa urang teh sarua telengesna kitu?
> >
> > Geura ieu sabgaian artikelna:
> >
> > Para Jagal dari Tahun yang Kelam
> >
> > TEMPO.CO , Jakarta--Ia dulu tukang catut karcis bioskop di Medan. Dalam
> film
> > dokumenter The Act of Killing (Jagal) karya sutradara Amerika Serikat,
> > Joshua Oppenheimer, yang diputar di Festival Film Toronto pada September
> > lalu, blakblakan ia mengaku dengan sadis membantai orang-orang Partai
> > Komunis Indonesia di Medan sepanjang 1965-1966.
> >
> > Majalah Tempo 1 Oktober 2012 menurunkan edisi khusus mengenai kesaksian
> para
> > jagal. Meniru tokoh-tokoh gangster dalam film Amerika yang ditontonnya,
> ia
> > memiliki teknik khusus menjerat leher orang yang ia tuding anggota PKI
> agar
> > darah tak muncrat membanjiri lantai.
> >
> > Pembawaannya riang. Ia dikenal jago dansa. Penggemar Elvis Presley dan
> James
> > Dean itu mengatakan sering membunuh sembari menari cha-cha. "Saya
> menghabisi
> > orang PKI dengan gembira," katanya. Dalam sebuah adegan, bersama rekannya
> > sesama algojo 1965, ia terlihat naik mobil terbuka menyusuri jalan-jalan
> di
> > Medan. Mereka bernostalgia ke tempat-tempat mereka pernah membunuh--di
> > antaranya sepotong jalan tempat ia menyembelih banyak warga Cina. "Setiap
> > ketemu Cina, langsung saya tikam…."
> >
> > Pengakuan "jujur" preman bernama Anwar Congo dalam film yang bakal
> > ditayangkan Komisi Nasional Hak Asasi Manusia di Jakarta pada Oktober
> tahun
> > ini tersebut bisa membuat siapa saja terperangah. Ada heroisme di situ.
> > Anwar mengesankan dirinya penyelamat bangsa. Satu versi menyebutkan
> hampir
> > satu juta orang PKI terbunuh pasca-1965. Ini pelanggaran hak asasi berat.
> > Anwar hanyalah salah satu pelaku pembunuhan. Di berbagai daerah, masih
> > banyak "Anwar" lain.
> >
> > Tempo kali ini mencoba melihat peristiwa 1965 dari perspektif para
> algojo.
> > Selengkapnya baca Majalah Tempo.
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> --
> => http://www.kompasiana.com/ahsa
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke