Nuju dina pangaosan, Ustadz Jalal kantos ditaros perkawis Mesir teras Suriah 
anu nuju digoncang. Saur Ustadz Jalal, nagari-nagari Islam di Timur Tengah 
bakal keuna krisis kepemimpinan sareng keuna goncangan. Faktorna tiasa ti luar 
kitu oge ti jero. Anu paling akhir bakal keuna krisis teh nyaeta Arab Saudi. 
Nagara ieu paling akhir sabab gaduh hubungan cakeut sareng nagari-nagari 
adikuasa dunya. Sabab ampir sadaya krisis nagari Islam aya pakuatkaitna sareng 
nagari adikuasa dunya tea (Amerika CS). Duka tah ka nagari urang bakal keuna 
kitu? 
 
=> http://www.kompasiana.com/ahsa



________________________________
 Dari: Gus Maman <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 3 Oktober 2012 12:33
Judul: Re: Bls: [kisunda] KONFLIK SURIAH BUKAN PERTARUNGAN SUNNI-SYIAH:Sebuah 
Momen Simpul Menuju Tatanan Dunia Baru?
 


LIKE THIS 1000x kasanggakeun ka Kang Isp Saprudin !! 

Di nagara urang mah untung geus jadi nagara "demokrasi", sanajan waragag jeung 
beayana badag pisan, kitu oge rada pabaliut
nempatkeun "ideologi" nagara Pancasila dina lelebah demokrasi. Muhun maksad 
teh, pan Pancasila mah musyawaroh kanggo mufakat, sanes voting paloba-loba 
sora. 

Sugan manawi aya sintesis antawis ideologi pancasila anu sifatna terbuka sareng 
prinsip demokrasi anu sifatna bebas/liberal.  
Ku runtagna kakuasaan Orde Baru, kapaksa bangsa urang kurah-koreh deui nu 
kumaha atuh sangkan cita-cita kamerdekaan anu
parantos dibuka dina panto proklamasi tiasa kahontal. 

Osok janten kaemutan, nganggo sistem RRC namung berke-Tuhanan Yang Maha Esa, 
sanes atheis. Tiasa teu?
Kantos dicobi dina waktos perang dingin, ku proklamator urang sadayana nyaeta 
NASAKOM, mung nya kitu geuningan ceunahmah
dihianati ku Gerakan 30 September. Paribasana moal tiasa ngahijikeun minyak 
sareng cai. 

Nu puguh mah bangsa urang mah someah hade ka batur, buktina sagala agama ti 
mana wae kantos lebet ka nagara urang. Kitu oge budayana ting belesat asup 
mangaruhan karakter-ideologi bangsa urang.

Dina mangsa kiwari mah teu aya anu "murni" ngalaksanakeun ideologi nagarana, 
umpamana pamarentahan nagara amerika tungtungna ngilu ulubiung dina ekonomi 
nagarana, teu swasta murni. Kitu oge RRC sanajan komunis, tetep pamarentah 
manehna muka investasi (penanaman modal) jeung perdagangan jeung bangsa sejen. 
Zona ekonomi bebas tea.

Sunni-syiah sunny syiaah  bosen aing mah. he.he.he..

Baktos.
mz

------------------------------
On Wed, Oct 3, 2012 11:10 AM ICT Isp Saprudin wrote:

>Tah kitu panginten Kang Gus Maman, kusabab pamimpinan otoriter, henteu
>adil, boga sikap bunglon tinangtu henteu dipikaresep rahayat. Sanajan
>pamimpinna goreng patut tapi boga jiwa kapamimpinan anu bisa ngalayanan
>masyarakat, bijaksana, tegeus dina ngajegkeun kaadilan jeung hukum henteu
>pandang bulu (sundana "pandang bulu teh - nempo bulu kitu?) pasti eta
>pamimpin bakal kuat kusabab didukung ku rahayat. Mun kanyahoan aya pajabat
>anu korupsi diadili jeung dihukum beurat (hukum mati/gantung). Tapi dina
>proses hukumna ulah maen endog-endogan, jiga endog calang/kacing. Muan
>kaindikasi eta endog calang pasti proses hukumna enjot-enjotan.......ngalor
>ngidul anu akhirna pes pareum. Sabab endog calang/kacing mun dibuncratkeun
>bau pisan...............pasti sa RW kabauan....
>
>Haduh, Kang Oman, heueuh mun nempo percaturan dunia, lolobana pamimpin enu
>embung lengser ka prabon ayana di nagara-nagara anu mayoritas Islam. Embung
>lengser da buktina timbul huru hara anu anarkis, dan mun eta pamimpin
>ngarti dititah ku rahayat turun pastina turun. Jadi timbulna tindakan
>kekerasan tandana eta pamimpin henteu karunyaeun ka rahayatna, tinimbang
>turun meuning jogol heula.....biasana mun dina adu jogol sok loba panonton,
>tah panonton biasana ilu biung hajar bleh......ceuk panonton anu sejen
>tangkis bleh !! anu akhirna ublah ableh silih rojong silih bantu ka dua
>beulah pihak anu adu jogol tea. Anu untung panonton anu jualan petasan
>gede, pasti laku..........
>
>Hah lieur sirah.....
>
>Salam
>2012/10/3 Gus Maman <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>>
>>
>> "Arab springs"
>> Hiji masalah laten di nagara-nagara mayoritas islam, dina mangsa
>> pergantian pamingpin kudu wae make jalan kekerasan.
>> Sok we perhatoskeun. Demokrasi teu jalan.
>> Saestuna, bade jalan demokrasi atanapi non demokrasi, salila pamingpinna
>> adil jeung teges terus bisa ningkatkeun harkat jeung martabat rakyatna
>> tangtu nagarana bakal didukung ku rakyatna.
>> Buktina Nagara Cina ku jalan otoriter oge geuning bisa maju.
>> Bangsa urang jeung "Barat"(khususon pamarentah Amerika) osok ngilu riweuh
>> ngurus nagara batur.
>>
>> ------------------------------
>> On Sun, Sep 23, 2012 12:16 PM ICT opik Taupikurohman wrote:
>>
>> >Saha nu ngadamel skenariona? Ayeuna mah urang pasrahkeun ka nu maha
>> kawasa. Hiji waktos bakal carapeeun ieuh... tos kitu mah pasti ngalungsar.
>> patunjang tunjang bari teu inget di buki alam... Yu urang dungakeun ku
>> sadaya mudah-mudahan Alloh mukakeun lawang kasadaran ka sakumna manusa nu
>> durjana.
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >________________________________
>> > Dari: "[email protected]" <[email protected]>
>> >Kepada: [email protected]; [email protected];
>> [email protected]; [email protected]
>> >Dikirim: Rabu, 12 September 2012 21:47
>> >Judul: BLS: [kisunda] KONFLIK SURIAH BUKAN PERTARUNGAN SUNNI-SYIAH:Sebuah
>> Momen Simpul Menuju Tatanan Dunia Baru?
>> >
>> >
>> >
>> >Hatur nuhun tambihan informasina. Insya Allah dijantenkeun bahan rujukan
>> kanggo cek & balance. Mugia nambihan wawasan nu tiasa ngahindarkeun lepat
>> sangki. Wass. Dodi
>> >Terkirim dari telepon Nokia saya
>> >-----Pesan Asli-----
>> >Dari: Ahsa
>> >Terkirim: 12-09-2012, 13.38
>> >To: Abbas Amin; Bu-Yoosie guru-SCM; [email protected];
>> Ki Sunda Milis
>> >Subjek: [kisunda] KONFLIK SURIAH BUKAN PERTARUNGAN SUNNI-SYIAH:Sebuah
>> Momen Simpul Menuju Tatanan Dunia Baru?
>> >
>> > KONFLIK SURIAH BUKAN PERTARUNGAN SUNNI-SYIAH:Sebuah Momen Simpul Menuju
>> Tatanan Dunia Baru?
>> >
>> >Agaknya kita mesti kritis dan berhati-hati menyikapi konflik Suriah yang
>> telah
>> >menjadi sebuah isu global yang panas dalam 17 bulan terakhir.  Hendaknya
>> kita jangan sampai turut bermain dalam gendang yang dimainkan oleh
>> >musuh-musuh peradaban Islam dan kemanusiaan, yang sejak awal
>> >mengarahkannya ke konflik sektarianisme antara Sunni dan Syiah atau
>> >bahkan Islam versus Kristen. Inilah yang dikehendaki Zionis dan AS/Barat,
>> yakni mengadu
>> >domba umat Islam atau sesama umat beragama.
>>
>>  
>>
>
>
>
>-- 
>*Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain
>kuring.*
>*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
>*Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as
>if you will
>live forever"*



------------------------------------

Yahoo! Groups Links



    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke