Tadi isuk-isuk, dina Radio PR-FM Bandung aya pamadegan cenah pulisi ayeuna 
ngareunah pisan, sabab tanggung jawabna ngan ka Presiden wungkul. Sanajan 
kantor pulisi aya di daerah-daerah, tapi kepala Daerah (Bupati/ Walikota atawa 
gubernur) teu bisa marentah pulisi, jeung pulisi oge bisa nolak parentah Kepala 
Daerah (Meureun ieu oge kunaon di Pemda boga Satpol PP, sabab bisa langsung 
diparentah). Padahal kaamanan daerah pan tanggung jawab kepala daerah oge, tapi 
dina ngamankeunana teu bisa langsung "make" pulisi.

Si nu boga pamadegan dina acara Radio eta, usul kumaha lamun pulisi teh asup 
Kementrian Dalam Negeri (siga jaman Orla baheula). Jeung pulisi dibagi aya 
Pulisi Daerah jeung Pulisi Nasional. Pulisi Nasional meureun siga FBI di 
Amerika. Pulisi Daerah nangani hal-hal di daerahna, sedengkeun Pulisi Nasional 
nangani hal-hal nasional : Kajahatan lintas propinsi, Korupsi tingkat nasional, 
terroris jst.

Sigana alus oge tah ide teh, Cik tah kumaha ceuk baraya?

WLY 

  



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke