Assalamualaikum wr. wb. Bah Willy, wacana kapolisian sangkan aya di Kementerian Dalam Negeri, sakumaha awal dibentukna Kapolisian Nagara Indonesia. Ari ceuk emutan kuring kurang sreg (henteu pati satuju). Naon sababna, apan nyaho sorangan kiwari tiap Kementerian Pucuk Pimpinanana dieusi ku politisi anu nota bene ti parpol. Ieu mah ceuk pikiran kuring, bisa-bisa engke Kapolisian dijadikeun kuda tunggangan pikeun tujuan pulitik mun asup dihandap kakawasaan Kamenterian. Rada bingung sih nempo Republik Indonesa, loba system canggih hebat, tapi aparaturna henteu boga integritas. Jadi Polri dibenahi wae ulah titah asup ka Kamantrian Dalam Negeri, benahi we eta aparaturna sangkan ngabogaan intergritas nyaeta kajujuran, jeung nyekel pageuh kana etika jeung moral. Lain POLRI wae sakabeh aparatur nagara kudu ngabogaan integritas, mun teu ngabogaan integritas atuh cilaka 17 X, rek dibawa kamana Indonesa.
Salam, 2012/10/9 Waluya <[email protected]> > ** > > > Tadi isuk-isuk, dina Radio PR-FM Bandung aya pamadegan cenah pulisi ayeuna > ngareunah pisan, sabab tanggung jawabna ngan ka Presiden wungkul. Sanajan > kantor pulisi aya di daerah-daerah, tapi kepala Daerah (Bupati/ Walikota > atawa gubernur) teu bisa marentah pulisi, jeung pulisi oge bisa nolak > parentah Kepala Daerah (Meureun ieu oge kunaon di Pemda boga Satpol PP, > sabab bisa langsung diparentah). Padahal kaamanan daerah pan tanggung jawab > kepala daerah oge, tapi dina ngamankeunana teu bisa langsung "make" pulisi. > > Si nu boga pamadegan dina acara Radio eta, usul kumaha lamun pulisi teh > asup Kementrian Dalam Negeri (siga jaman Orla baheula). Jeung pulisi dibagi > aya Pulisi Daerah jeung Pulisi Nasional. Pulisi Nasional meureun siga FBI > di Amerika. Pulisi Daerah nangani hal-hal di daerahna, sedengkeun Pulisi > Nasional nangani hal-hal nasional : Kajahatan lintas propinsi, Korupsi > tingkat nasional, terroris jst. > > Sigana alus oge tah ide teh, Cik tah kumaha ceuk baraya? > > WLY > > > -- *Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain kuring.* *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* *Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as if you will live forever"*
