Hatur nuhun panggeuingna mang Udin Sent from MobilePhone®
-----Original Message----- From: Isp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 9 Oct 2012 15:45:06 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Masya Allah! Hirup....hirup.... Mhmm.....masya Allah, di kantor euweuh bos euweuh stafna kabeh poho paeh......pas waktu lohor ngong sada adan...jongjon we ku pagawean.....poho kawajiban ngalakonan ibadah ka Pangeran..........poho..poho dihaja, malah ngahajekeun. Teu kitu pas barengan peurihna beuteung hayang dahar.....gura-giru ngageroan anak buah.....moro hiji tempat ngadon dahar bari seuri babarakatakan, poho paeh............kitu deui pas waktu ashar ngong sada adan jongjon wae anteng digawe digegeyek kupagawean .....poho kawajiban ngalakonan ibadah ka Pangeran....poho paeh. Kitu deui di mangsa bulan ramadan.....segut lungguh shalat berjamaah...eta ngan sampe saminggu, saterusna segut lungguh lempang ka warung kejo..... ngadon dahar....poho paeh..... Henteu sieun ........geus aya conto hiji mangsa keur rapat, dina patengahan acara rapat, ujug-ujug hiji paserta ngulahek......nyolosod dina korsi ka handapeun meja, sugan tea mah kasaeran, sing horeng paeh ngadadak................. Manusia nuntut haqna wae, hayang boga jabatan, hayang gaji gede, hayang boga mobil, hayang boga imah agreng...........hayang ieu hayang itu, kalakonan bari ngucapkeun "Alhamdulillah". Di akhir ramadhan sibuk segut nungguan duit THR..............Geus dibere hakna ku Pangeran, tapi mana kawajiban manusia ka Pangeran??? Sing eling dulur.............hirup teu lila, moal salawasna sabab kadudukan, pangaruh jeung kakawasaan bakal aya akhirna.........pangsiun tea sanes? Eta buuk anu hideung bakal bodas, huntu meres beresih bodas bakal ompong, pipi anu tembem bakal kempot, bengeut kasep/geulis bakal goreng, jalan ajeg bakal bongkok.........otak waras bakal linglung. Dunya kahontal, imah pageuh beuteung seubeuh, akheratna henteu kahontal lain kusabab mahal hargana, tapi ngalalaworakeun waktu anu diantep lur liwat................Dulur cig baca surt al-Ahsr......"Demi masa.....saestuna manusa bener-bener aya dina karugian................. kacuali jalma anu ariman anu migawe amal sholeh sarta nasihat menasihati sangkan taat kana kabeneran.............." Salam, -- *Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain kuring.* *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* *Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as if you will live forever"*
