Hatur nuhun kana panggeuing ti ki dulur, mugi gusti Allah nyetet ieu panggeuing 
janten amal ibadah. amiin.


________________________________
 Dari: Isp Saprudin <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Selasa, 9 Oktober 2012 15:45
Judul: [kisunda] Masya Allah!
 

  
Hirup....hirup....
Mhmm.....masya Allah, di kantor euweuh bos euweuh stafna kabeh poho 
paeh......pas waktu lohor ngong sada adan...jongjon we ku pagawean.....poho 
kawajiban ngalakonan ibadah ka Pangeran..........poho..poho dihaja, malah 
ngahajekeun. Teu kitu pas barengan peurihna beuteung hayang dahar.....gura-giru 
ngageroan anak buah.....moro hiji tempat ngadon dahar bari seuri babarakatakan, 
poho paeh............kitu deui pas waktu ashar ngong sada adan jongjon wae 
anteng digawe digegeyek kupagawean .....poho kawajiban ngalakonan ibadah ka 
Pangeran....poho paeh. Kitu deui di mangsa bulan ramadan.....segut lungguh 
shalat berjamaah...eta ngan sampe saminggu, saterusna segut lungguh lempang ka 
warung kejo..... ngadon dahar....poho paeh.....
 
Henteu sieun ........geus aya conto hiji mangsa keur rapat, dina patengahan 
acara rapat, ujug-ujug hiji paserta ngulahek......nyolosod dina korsi ka 
handapeun meja, sugan tea mah kasaeran, sing horeng paeh 
ngadadak.................
 
Manusia nuntut haqna wae, hayang boga jabatan, hayang gaji gede, hayang boga 
mobil, hayang boga imah agreng...........hayang ieu hayang itu, kalakonan bari 
ngucapkeun "Alhamdulillah". Di akhir ramadhan sibuk segut nungguan duit 
THR..............Geus dibere hakna ku Pangeran, tapi mana kawajiban manusia ka 
Pangeran???
 
Sing eling dulur.............hirup teu lila, moal salawasna sabab kadudukan, 
pangaruh jeung kakawasaan bakal aya akhirna.........pangsiun tea sanes? 
Eta buuk anu hideung bakal bodas, huntu meres beresih bodas bakal ompong, pipi 
anu tembem bakal kempot, bengeut kasep/geulis bakal goreng, jalan ajeg bakal 
bongkok.........otak waras bakal linglung.
 
Dunya kahontal, imah pageuh beuteung seubeuh, akheratna henteu kahontal lain 
kusabab mahal hargana, tapi ngalalaworakeun waktu anu diantep lur 
liwat................Dulur cig baca surt al-Ahsr......"Demi masa.....saestuna 
manusa bener-bener aya dina karugian................. kacuali jalma anu ariman 
anu migawe amal sholeh sarta nasihat menasihati sangkan taat kana 
kabeneran.............."
 
Salam,
 
 

-- 

Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain 
kuring.
Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".
Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as if you will 
live forever"

 

Kirim email ke