Anu nyiptakeun alam jagad raya ieu nyaeta Pangeran anu disebut Khaliq, sedengkeun anu diciptakeun Khaliq nyaeta makhluq. Anu tangtu Khaliq leuwih pinter, leuwih hebring, leuwih kuat, leuwih agung, leuwih benghar batan makhluq. Khaliq henteu gumantung ka sasaha. Khaliq mutlaq, anu mutlaq tangtu iwal hiji nyaeta Allah Swt. Dawuhan Allah "Sing ingeut yen anu nyipta jeung marentah iwal kakawasaan Allah sorangan. Maha suci Allah, Pangeran murbeng alam" (QS. al Ar'af : 54).
Anu sabalikna makhluq aya sanggeus Khaliq, eleh pinter ti Khaliq, eleh benghar ti Khaliq, leuwih lemah dibanding Khaliq, jeung sarba gumantung ka Khaliq. Makhluq merlukeun Khaliq, lain sabalikna. Dawuhan Allah "Heh manusa, maneh anu merlukeun Allah, sedengkeun Allah, Anjeunna anu Maha Benghar (henteu merlukeun nanaon) jeung Maha Kapuji (Terpuji)" (Q.S. Faathi : 15). Nash diluhur ngebrehkeun ka manusa ulah gede hulu, sombong, congkok, pang aingna. Ulah mentang-mentang boga kakawasaan, ulah mentang-mentang boga pangaruh jeung kadudukan, sangeunahna marentah, keucap heuras maen sentak sengor, melak cangkek bari tutunjuk make curuk indung. Coba eta curuk indung diasongkeun kana sungut anjing, pasti disantok digegel, anu pasti manehna bakal ngoceak. Da nyeri digegel anjing mah belegug!, Boroning digegel anjing, digegel budak umur 2 tahun oge urang sok ngoceak nya? Kitu cep Anom, sabab anu boga hak kakawasaan jeung kasombongan, iwal Pangeran. Da manusa diparentah ku Allah pikeun nunaikeus tugasna di luhur dunya salaku hamba anu kudu ngabdi ka Pangeran. Kitu deui dina hal manusa gumantung, ulah lumpat ka dukun, ulah lumpat ka gunung, ulah lumpat ka guha jeung lain-lain. Gumantung mah iwal ka Pangeran, dan Anjeunna anu pantes dimenta tulung jeung bantuan. Loba jalma salah kaprah dina unta enta sangkan hajatna gancang kalaksana, sangkan geura meunang jodo, sangkan bisa geura menang pagawean. Atawa anu padagang sangkan laris dagangana, anu pajabat sangkan gancang deui naek jabatanna. Apan manusa teh makhluq sanes? Ceuk Allah manusa anu merlukeun Allah, jadi naon hesena urang menta tulung ka Allah. Kusabab ngan Allah sorangan anu nyiptakeun urang jeung mere rizki ka urang. Di leungeun-Na sagala kakawasaan, jeung Anjeunna kawasa dina sagala hal. Dawuhan Allah "Bobogaan Allah karajaan langit jeung bumi jeung sagala anu aya di jerona, jeung Anjeun-Na Maha kawasa dina sagala hal" (Q.S. Al Maidah : 120). Jadi menta, menta ka Allah wae. Kumaha menta ka Allah teh kudu ngoceak atawa jejeritan. Teu perlu kitu, ceuk Allah dina dawuhan-Na "Ngadoa ka Rabb maneh ku handap asor jeung sora anu lembut.........(QS. Al Araaf : 55). Sangkan pamenta urang bisa dikabul, atuh tunaikeun jeung cumponan seruan Allah. Ulah ieu hayang menta tapi parentahna henteu dicumponan, ieu meureun anu tulalit tea nya? Sakitu heula we lah obrolan recehan sisi jalan, bari nyaneut pisang goreng...................... Salam *Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain kuring.* *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* *Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as if you will live forever"*
