Dulur, indit ka tanah suci nunaikeun Ibadah Haji ka tanah suci eta wajib,
sakumaha dawuhan Allah Swt.
وَلِلَّهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيلًا
Hartosna : "Migawe haji nyaeta kawajiban manusa ka Allah, nyaeta (pikeun)
jalma anu sanggup ngayakeun leuleumpangan (lalampahan) ka Baitullah" (QS.
Ali Imran : 97).

Kawajiban ieu tangtu pakait jeung niat ikhlas Lillahi ta'ala, aya rezeki
leuwih dina hal ieu pikeun ongkos jeung bekel boh bekel pikuen dirina atawa
bekel pikeun kaluargana anu ditinggalkeun, jeung sehat jasmani rohani
ditambah boga pamahaman elmuna. Da indit haji teh tina raraga Ibada ka
Allah Swt.  Ulah boga niat naekeun pamor di tengah masarakat, mun geus Haji
masarakat bakal ngahormat/ngahargaan ka manehna, masarakat bakal nyebut "Pa
Haji" atawa "Wa Haji" atawa "Den Haji" atawa "Cep Haji" euuh.....lieur.
Niat anu model kitu meureun kaasup haji mardud tea. Atawa maksakeun maneh
unjam ijeum (ngahutang) ka ditu ka dieu...........mhmmm......lur.....
Geus disyariatkeun dina agama Islam, yen naek haji eta ngan wajib pikeun
muslim anu ngabogaan kamampuan, utamana kamampuan pikeun ngabeayaan
leuleumpangan ka tanah suci Makkah, kaasup mere duit (nafkah) anu cukup
pikeun biaya hirup kaluarga anu jadi tanggunganna di lembur (tanah air)
salila manehna aya di Mekkah. Nginjeum maksakeun pikeun indit haji, tapi
teu mikirkeun kaluarga anu ditinggalkeun, ah ceunah loba dulurna ieuh,
piraku teu manggih dahar, ah mun dulur-dulurna barageur, kumaha mun
karoret, pan kaluarga anu ditinggalkeun bisa sangsara, ieu meureun kaasupna
mudarot.  Padahal syariah agama Islam eta gampang, kunaon kudu dipikasulit
atawa nyulitkeun diri jeung kaluarga kusabab nekad hayang indit haji
pikeun ngudag sebutan "Haji" mhmm.....lur, cape deh!!

Anu alus mah indit haji niat Lillahi Ta'ala jeung loba duit anu cukup
pikeun manehna indit haji jeung kaluarga anu ditinggalkeun di lembur (tanah
air). Samemeh indit haji lobakeun sadekah, ondang para pakir miskin
jeung anak yatim jeung tatangga. Lain ieu tibalik, anu arek indit haji
ngondang para tatangga jeung handaitaulan tapi para ondangan mere amplop ka
anu rek indit haji, asa kurang merenah nyah?

Salam,

--
*Henteu perlu nyaho saha kuring, sabab kuring lain anjeun jeung anjeun lain
kuring.*
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
*Ceuk aki kuring : "Worship as if you will die tomorrow, and work as
if you will
live forever"*

Kirim email ke