Den, Ncep.....sakedap urang ngobrol heula, aya piobroleun. Haduh....aya
hiji jalma anu profesina Ustad geus ngomong lalawora, asal uyah gebyah
wae....hmm.....teuing kuliah atawa nyantren dimana, karak ngadenge aya
jalma salaku Ustad geus wani ngomong kana urusan-urusan ghaib.
Lieur, sugan weureu eta si Ustad  Jalma ngadahar gadung,
weureu......weureu.... Ngomong jiga nu heueuh, nyaho kana urusan hal goib,
padahal urusan goib eta kakawasaan Pangeran, henteu aya hiji jalma oge anu
nyaho urusan goib. Ieu si Jalma geus ujub, padahal Allah geus negeskeun
dina al Qur'an :
وَعِنْدَهُ مَفَاتِحُ الْغَيْبِ لاَيَعْلَمُهَآ إِلاَّ هُوَ وَيَعْلَمُ مَافِي
الْبَرِّوَالْبَحْرِ وَمَا تَسْقُطُ مِن وَرَقَةٍ إِلاَّ يَعْلَمُهَا
وَلاَحَبَّةٍ فِي ظُلُمَاتِ اْلأَرْضِ وَلاَرَطْبٍ وَلاَيَابِسٍ إِلاَّ فِي
كِتَابٍ مًّبِينٍ

"Jeung disagigireun Allah sagala konci-konci anu ghaib, henteu aya anu
mikanyaho kacuali Anejunna sorangan, jeung Anjeunna mikanyaho naon anu aya
di daratan jeung di lautan, jeung henteu salambar daun oge anu ragag
ngalainkeun Anjeunna mikanyaho (oge), jeung henteu ragag sahiji siki dina
poek mongkleng dunya jeung henteu salah sahiji anu baseuh atawa anu garing,
ngalainkeun katulis dina jero kitab anu nyata (Lauh Mahfuzh) (Q.S. Al An'am
: 59).

Kuring kesel ka si eta Jalma, kumanehna geus ngumbar omongan ka unggal
jalma, nempo duit gaib, nempo harta gaib, panggih jeung Nyi Roro Kidul di
alam gaib, panggih jeung roh anu geus maraot, pernah nempo naraka jeung
surga, jeung loba deui jeung sajabana. Si Jalma teh manusa biasa, sarua
jeung kuring, dahar kejo, dahar sambel, dahar jengkol, dahar peuteuy, komo
deui dahar panggang hayam mah, leuwih beuki. Eta si Jalma ceuk urang Batawi
mah "SOK TEHU" ngaleuleuwihan Nabi jeung Rasul. Sedengkeun Allah mere nyaho
urusan hal-hal goib kacuali ka Rasul anu diridhoi-Na, sakumaha dawuhan-Na :
عَالِمَ الْغَيْبِ فَلاَ يُظْهِرُ عَلَى غَيْبِهِ أَحَدًا . إِلاَّمَنِ
ارْتَضَى مِن رَّسُولٍ فَإِنَّهُ يَسْلُكُ مِن بَيْنِ يَدَيْهِ وَمِنْ
خَلْفِهِ رَصَدًا

"(Anjeuuna nyaeta Rabb) Anu Mikanyaho anu gaib, mangka Anjeunna henteu
nembongkeun ka saurang oge ngenaan anu ghaib eta, kacuali ka rasul anu
diridoi-Na, mangka saestuna Anjeunna ngayakeun panjaga-panjga (malaikat) di
hareup jeung di tukang" (QS. Al Jin : 26,27).

Pikeun urusan ghaib, Allah ngadawuh ka Nabi-Na :

*قُل لآَّأَمْلِكُ لِنَفْسِي نَفْعًا وَلاَ ضَرًّا إِلاَّ مَاشَآءَ اللهُ
وَلَوْ كُنتُ أَعْلَمُ الْغَيْبَ لاسْتَكْثَرْتُ مِنَ الْخَيْرِ
وَمَامَسَّنِيَ السُّوءُ إِنْ أَنَا إِلاَّ نَذِيرٌ وَبَشِيرٌ لِقَوْمٍ
يُؤْمِنُونَ*
"Kecapkeun, "Kuring henteu kawasa medol kamanfaatan pikeun diri
kuring jeung henteu (oge) nolak kamudaratan kacuali anu dipikahayang ALlah.
Jeung sakirana kuring mikanyaho anu ghaib, tangtu kuring nyieun kahadean
saloba-lobana jeung kuring henteu bakal ditimpa kamudaratan. Kuring henteu
lain ngan sakadar mere panggeuing, jeung  mawa barita pikeun jalma-jalma
anu ariman" (Q.S. Al Ar'af : 188).

Atuh jalma sing eling, istigfar, ceuk Allah kumaha dina dawuhan-Na :
 قُل لاَّيَعْلَمُ مَن فِي السَّمَاوَاتِ وَاْلأَرْضِ الْغَيْبَ إِلاَّ اللهُ
وَمَايَشْعُرُونَ أَيَّانَ يُبْعَثُونَ

"Kecapkeun, : "Henteu aya saurang oge di langit boh di dunya anu mikanyaho
perkara anu ghaib, kacuali Allah, jeung maranehna henteu mikanyaho mun
maranehna bakal dihudangkeun" (QS. An Naml : 65).

Junjunan urang Nabi Besar Muhammad Saw. oge henteu dibere nyaho urusan
ghaib, cig urang aos dawuhan Allah :
قُل لآأَقُولُ لَكُمْ عِندِى خَزَآئِنُ اللهِ وَلآأَعْلَمُ الْغَيْبَ
وَلآأَقُولُ لَكُمْ إِنِّي مَلَكٌ إِنْ أَتَّبِعُ إِلاَّ مَايُوحَى إِلَيَّ

Kecapkeun, kuring henteu nyaritakeun ka maneh, yen perbendaharaan Allah aya
ti kuring, jeung henteu (oge) kuring mikanyaho anu ghabi jeung henteu (oge)
kuring ngecapkeun ka maneh, yen kuring ieu Malaikat. Kuring henteu
nuturkeun, kacuali naon anu geus diwahyukeun ka kuring" (QS. Al An'am : 50).

Tah kitu Den, Ncep........aya-aya we jalma kiwari, cing kumaha pamadegan
Aden sareng Ncep ka jalma anu model kitu, hukumna naon? Kufar?


Salam,

-- 
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
**

Kirim email ke