Gep itu gep ieu, samual dihuapkeun kana sungut anu nyamutut pinuh ku sagala
rupa kadaharan. Di restoran mewah, diondang kolega anu boga urusan, sangkan
urusanna lancar diajak dahar, ngabageuran da boga kapentingan. Cadu sumpah
daek burut, mun eta henteu aya kapentingan, tinangtu moal bakal ngondang
dahar, komo modalna geus kanyahoan jalma koret. Lain model kitu bae carana
jalma-jalma dahar di restoran, rupa-rupa acara, eta mah sakadar conto we.
Di restoran anu ceuk urang lembur mah kadaharan haram jadah, anu ngarana
aneh-aneh. Ceuk ahli gizi kadaharan anu aya di restoran mewah henteu tangtu
sehat, malahan lolobana kadaharan anu ngondang panyakit. Da geus kaasup
gengsi tea, modern tea, kelas elit tea das trata sosialna ningkat ti kelas
cere ka kelas kakap. Atuh kakap tea lauk anu rakus sagala didahar, di bere
empan cacing dilebok, dibere eupan bancet dilebok, dibere eupan lauk
dilebok da ieu meureun anu ngarana "ikan makan ikan". Mampang mempeung
kadaharan gratis sagala rupa didahar, sampe kamangkaraan seubeuh teuing,
iiih....dasar urang aleu.
Balukarna dina kadaharan serba modern, geus kolot, ari kolot can kolot
teuing antara 45 sampe 50 taun, geus kaeunteupan panyakit. Eta panyakit
rupa-rupa, aya anu ngaranan "Kencing manis, stroke, liver, asam urat,
serangan jantung, panyakit komplikasi jeung lain-lain". Mhmm....kadaharan
modern nyah, panyakitna oge modern, ceuk kolot baheula mah panyakit paling
banter "encok jeung panyakit kabesekan alias asup angin".

Heueuh, agama geus ngajarkeun dina kabersihan, ari kabersihan teh lain
bersih imah, bersih, tempat sare, bersih kamar mandi, tapi bersih oge dina
masalah kadaharan. Bersih teh halal atawa haram eta kadaharan, bisina aya
kacampuran barang-barang lain anu diharamkeun agama.Najan eta daging sapi
halal ceuk agama, tapi kumaha cara-cara mencitna naha sasuai jeung syariat
agama atawa hanteu, da kiwari loba daging sampe impor tea sanes, anu
didatangkeun ti nagara non Islam.  Atawa urang dahar di restoran Padang,
pasti bersih kadaharan masakan Padang teh, tapi mayar dahar di restoran
Padang naha sumberna halal atawa hasil korupsi. Imah pageuh, mobil weuteuh,
pamajikan ginding leungeun make geulang, beuheung make kalung, suku make
geulang, ceuli make anting, sampe ka irung diemasan, bakating hayang
ginding, kalung beuratna lima kilo, ari leumpang moyongkod jiga jelema TBC,
eta ditapelkeun kapamajikan hasil korupsi, nadzubillahimindalik!! Barang
dahar, maraban anak pamajikan hasil korupsi, duit tabungan ratusan juta
malahan sampe milyaran, biasana mun katepaan panyakit sok tutuluyan.
Keudeung asup rumah sakit, keudeung-keudeung asup rumah
sakit..........................duit hasil korupsi anu ditendeun di Bank
alon-alon ngurangan, dipake barobat, malahan sampe ka beak. Mobil beak
dijual, emas beak dijual,  malahan sampe ngagadekeun imah . Sagala beak,
duit beak akhirna nyawa beak anu disebut paeh tea.

Tah kitu ceuk Ki Nursam, hirup mah sederhana we, dahar sacukupna  jeung
sumberna halal, ulah kamalinaan ngaleuwihan takaran wareg. Panghasilan geus
dipatok sasuai jeung profesi sewang-sewangan, tergantung ka jalmana dina
ngamanage kauanganana. Anu pagawe atawa pajabat hayang loba harta, atuh
usaha muka parusahaan, lain ngumpulkeun harta dina profesi jabatana.

Salam,






-- 
*Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".*
**

Kirim email ke