Eta hartosna Kang Adiprana jero oge elmu mamaos silatna. Hahahha.
Leres pisan malah langkung saeutik ti Jalma waktos masih di Leuwiseeng. 
Hehehehe. Tapi nya kira2 mah saimbang lah. Lantaran pan biasa Jalma mah teu 
hayang tarung; ngan kapaksa jeung dipaksa tarung tea.
Tapi seratan2 ti Kang Narayana sareng ti nu sanes teu katampi ku abaah. Naha 
nya Kisunda teu masihan ka [email protected]. Tos relatively normal kituh.

--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> lah kagok bah aa mah ngadongeng teh ngan sauted pisan. sing panjang naggebay 
> atuh bah..:) jigana saimbang tah elmuna urang bali teh jeung jalma, waktu si 
> jalma can guguru deui. tapi ayeuna mah moal. da si jalmana geus leuwih luhung 
> deui elmuna nya...:) 
> 
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amien <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Rabu, 7 November 2012 20:07
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 302
>  
> 
>   
> Ki Seca jeung Garniwa kacida amarahna; maranehna Pendekar
> jadug, naha make sieun ku ieu Urang Bali !? Wah kurang ajar pisan; nganggap
> manehna geus bakal meunang ?! 
> 
> Ki Seca ayeuna mah nu nyorowok :”Hahahaha … yeuh euweuh di
> Kaula eta Mustika teh … najan di ayana oge; pasti moal dipasrahkeun ka 
> sampeyan
> !”
> 
> Nyoman Sakarta ngadenge omongan nu nunjukkeun yen eta nu
> duaan bakal ngalawan; terus we seuri nu sinis tea; bari keukeuh yakin yen
> manehna bakal meunang: Hemh ! mun kitu sampeyan geus tega ka na nyawa sampeyan
> ? Yeuh masing maraneh ayeuna teu mawa eta barang Mustika; tangtu ari
> informasina mah aya; tah Kula menta informasi dimana ayana eta Mustika teh 
> !?”
> 
> “Hahahaha ! Tong loba omong Urang Bali ! Kaula Garniwa jeung
> Seca moal mundur; sok kadinya tembongkeun kabisa sampeyan !” Ki Garniwa 
> ahirna
> nangtang.
> 
> Nyoman Sakarta hayang nyaho kagagahan eta dua anggota lima
> Macan Cirebon terus we manehna ngibaskeun leungeunna tanda pasukanana gancang
> ngagempur.
> 
> Belasan jelema nyerang ku gobang nu pating sariet  … hiaaat ! Des ! Dug ! 
> sababaraha anggota
> Singa Barong geus ting talambru; harita keneh. Ki Garniwa geus ngaluarkeun
> kabisana.
> 
> Mundur ! Nyoman Sakarta nyorowok. Terus maju makalangan.
> 
> “Hahahaha … rupana maraneh duaan pendekar jadug nya ? Sok
> coba ayeuna jeung Kaula, hayang nyaho kajagoan andika duaan nepi ka mana !?”
> 
> KI Seca miheulaan nyerang, teu nungguan deui Ki Garniwa;
> kesit Nyoman Sakarta ngalayanan; duanana kaciri ruket; tapi teu lila plok !
> aduuh ! Ki Seca kokoloyongan katinggang iga burungna; ampir we rubuh. Eta hiji
> tanda yen Nyoman Sakarta memang saluhuran Ki Seca.
> 
> Ki Garniwa kaget nempo kajagoan Nyoman Sakarta; manehna teu
> nyangka bakal panggih jeung jago saperti kitu; terus wae manehna ngaluarkeun
> jurus2 Pamonyet nyerang Nyoman Sakarta.
> 
> Nyoman Sakarta kaget oge, sababaraha kali ampir kabeunangan …
> tapi ahirna manehna bari susuit terus ningkatkeun elmuna … sanggeus tilu
> jurus  harita keprok ! Duk ! Dua kali Ki
> Garniwa katonjok; nepi ka gugulingan.
> 
> Hanca
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke