leres kang dede. mani lieuk beuheung sosonggeteun. lieuk lain..lieuk lain...:)




________________________________
 Dari: Dede Sukaryana <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 27 November 2012 9:25
Judul: Re: [kisunda] Cersil Sunda 302
 

  
Asslm.wr.wb.

Punten bade tumaros, ari CERSIL teh tos teu aya deui terasanana kitu! si kuring 
mung dugi ke episode 302 tos lami pisan cangkel ngantosan....

Wassalam
Cersilmaniak


________________________________
 From: Abbas Amien <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Wednesday, November 7, 2012 8:07 PM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 302
 

  
Ki Seca jeung Garniwa kacida amarahna; maranehna Pendekar
jadug, naha make sieun ku ieu Urang Bali !? Wah kurang ajar pisan; nganggap
manehna geus bakal meunang ?! 

Ki Seca ayeuna mah nu nyorowok :”Hahahaha … yeuh euweuh di
Kaula eta Mustika teh … najan di ayana oge; pasti moal dipasrahkeun ka sampeyan
!”

Nyoman Sakarta ngadenge omongan nu nunjukkeun yen eta nu
duaan bakal ngalawan; terus we seuri nu sinis tea; bari keukeuh yakin yen
manehna bakal meunang: Hemh ! mun kitu sampeyan geus tega ka na nyawa sampeyan
? Yeuh masing maraneh ayeuna teu mawa eta barang Mustika; tangtu ari
informasina mah aya; tah Kula menta informasi dimana ayana eta Mustika teh !?”

“Hahahaha ! Tong loba omong Urang Bali ! Kaula Garniwa jeung
Seca moal mundur; sok kadinya tembongkeun kabisa sampeyan !” Ki Garniwa ahirna
nangtang.

Nyoman Sakarta hayang nyaho kagagahan eta dua anggota lima
Macan Cirebon terus we manehna ngibaskeun leungeunna tanda pasukanana gancang
ngagempur.

Belasan jelema nyerang ku gobang nu pating sariet  … hiaaat ! Des ! Dug ! 
sababaraha anggota
Singa Barong geus ting talambru; harita keneh. Ki Garniwa geus ngaluarkeun
kabisana.

Mundur ! Nyoman Sakarta nyorowok. Terus maju makalangan.

“Hahahaha … rupana maraneh duaan pendekar jadug nya ? Sok
coba ayeuna jeung Kaula, hayang nyaho kajagoan andika duaan nepi ka mana !?”

KI Seca miheulaan nyerang, teu nungguan deui Ki Garniwa;
kesit Nyoman Sakarta ngalayanan; duanana kaciri ruket; tapi teu lila plok !
aduuh ! Ki Seca kokoloyongan katinggang iga burungna; ampir we rubuh. Eta hiji
tanda yen Nyoman Sakarta memang saluhuran Ki Seca.

Ki Garniwa kaget nempo kajagoan Nyoman Sakarta; manehna teu
nyangka bakal panggih jeung jago saperti kitu; terus wae manehna ngaluarkeun
jurus2 Pamonyet nyerang Nyoman Sakarta.

Nyoman Sakarta kaget oge, sababaraha kali ampir kabeunangan …
tapi ahirna manehna bari susuit terus ningkatkeun elmuna … sanggeus tilu
jurus  harita keprok ! Duk ! Dua kali Ki
Garniwa katonjok; nepi ka gugulingan.

Hanca
 


 

Kirim email ke