Gancang Ki Seca maju rek nulungan dulurna; tapi sigana geus
kaijir ku Nyoman Sakarta; da karek ge maju rek ngahalangan supaya Ki Garniwa
ulah ripuh teuing … na ari duk ! bruk ! Ki Seca ditajong langsung ambruk nyium
taneuh.


Waktu Ki Garniwa reh hudang … ujug2 ciaaat! dadana dijejek ku
Nyoman Sakarta … aduuh ! Ki Garniwa harita keneh ngajungkel deui lantaran tatu
dijero nu parna pisan … Ki Seca rek bela pati, tapi ieu ge langsung utah getih
katajong angenna pisan.


 Harita keneh Dua Macan
ti antara Lima Macan Cirebon ngajungkel ku Jago Singa Barong urang Bali nya eta
Nyoman Sakarta; ngan ukur belasan jurus ! Eta tanda memang elmuna Nyoman
Sakarta lain sisiwo ! Bisa ngelehkeun dua jadug di na waktu nu ngan sakeudeung
pisan.


Ki Seca sigana geus teu empes2 kapaehan; ari Ki Garniwa keur
humarurung … Nyoman Sakarta nyampeurkeun, terus sirah Ki Garniwa dicekelan bari
ngomong serem pisan :”Poe ieu sirah maneh bakal dipiteskeun … mun teu ngabejaan
dimana ayana eta Mustika … sok geura nyarita … itu dulur maneh oge bakal
diperenan ku Kaula ! mun maneh ngabejaan, mungkin ilaing duaan salamet. Mun
henteu … aing masih bisa neangan sorangan … bari sampeyan duaan MODAR !”


“Hehhh …. Sok we paehan kuring duaan ! teu guna kuring hirup
ge ari mawa aib mah … sampeyan bisa maehan 5 Macan Cirebon … tapi hamo bisa
ngahina basa !” geus kitu reup we Ki Garniwa peureum … manehna geus gilig rek
paeh jeung dulurna Ki Seca … tapi moal ngomong sama sakali soal eta Mustika
Mutiara Hideung .


Nyoman Sakarta ngarti yen keur Pendekar mah, paeh teh hal nu
geus biasa; tapi soal kahormatan eta penting pisan dijaga. Nya teu loba omong
deui; duanana diparagatkeun ku Nyoman Sakarta; anak buahna sarurak; terus we
ninggalkeun tempat eta.


Dua bangke pa ting solengkrah diarantep we; kabeneran aya
hiji patani ngaliwat ka dinya; atuh hariweusweus yen aya rajapati di eta
kampung luareun Purworejo; nya atuh rabul nu narempo.


Diantara nu narempo aya jelema tengah tuwuh nu nempo we ti
kajauhan, bari kaciri cipanonna nyakclakan … nyata eta teh Ki Abdul Rauf; nu
kabeneran hayang panggih samuni2 ka dua dulurna di eta tempat; tapi teu kaburu,
lantaran Ki Seca jeung Ki Garniwa geus jadi mayit.
Hanca


Kirim email ke