Nuhun Bah AMin.. DIantos salajengna... ::zya
--- On Fri, 9/11/12, Abbas Amien <[email protected]> wrote: From: Abbas Amien <[email protected]> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 303 email ti kisunda kosong terus To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Friday, 9 November, 2012, 5:45 AM Gancang Ki Seca maju rek nulungan dulurna; tapi sigana geus kaijir ku Nyoman Sakarta; da karek ge maju rek ngahalangan supaya Ki Garniwa ulah ripuh teuing … na ari duk ! bruk ! Ki Seca ditajong langsung ambruk nyium taneuh. Waktu Ki Garniwa reh hudang … ujug2 ciaaat! dadana dijejek ku Nyoman Sakarta … aduuh ! Ki Garniwa harita keneh ngajungkel deui lantaran tatu dijero nu parna pisan … Ki Seca rek bela pati, tapi ieu ge langsung utah getih katajong angenna pisan. Harita keneh Dua Macan ti antara Lima Macan Cirebon ngajungkel ku Jago Singa Barong urang Bali nya eta Nyoman Sakarta; ngan ukur belasan jurus ! Eta tanda memang elmuna Nyoman Sakarta lain sisiwo ! Bisa ngelehkeun dua jadug di na waktu nu ngan sakeudeung pisan. Ki Seca sigana geus teu empes2 kapaehan; ari Ki Garniwa keur humarurung … Nyoman Sakarta nyampeurkeun, terus sirah Ki Garniwa dicekelan bari ngomong serem pisan :”Poe ieu sirah maneh bakal dipiteskeun … mun teu ngabejaan dimana ayana eta Mustika … sok geura nyarita … itu dulur maneh oge bakal diperenan ku Kaula ! mun maneh ngabejaan, mungkin ilaing duaan salamet. Mun henteu … aing masih bisa neangan sorangan … bari sampeyan duaan MODAR !” “Hehhh …. Sok we paehan kuring duaan ! teu guna kuring hirup ge ari mawa aib mah … sampeyan bisa maehan 5 Macan Cirebon … tapi hamo bisa ngahina basa !” geus kitu reup we Ki Garniwa peureum … manehna geus gilig rek paeh jeung dulurna Ki Seca … tapi moal ngomong sama sakali soal eta Mustika Mutiara Hideung . Nyoman Sakarta ngarti yen keur Pendekar mah, paeh teh hal nu geus biasa; tapi soal kahormatan eta penting pisan dijaga. Nya teu loba omong deui; duanana diparagatkeun ku Nyoman Sakarta; anak buahna sarurak; terus we ninggalkeun tempat eta. Dua bangke pa ting solengkrah diarantep we; kabeneran aya hiji patani ngaliwat ka dinya; atuh hariweusweus yen aya rajapati di eta kampung luareun Purworejo; nya atuh rabul nu narempo. Diantara nu narempo aya jelema tengah tuwuh nu nempo we ti kajauhan, bari kaciri cipanonna nyakclakan … nyata eta teh Ki Abdul Rauf; nu kabeneran hayang panggih samuni2 ka dua dulurna di eta tempat; tapi teu kaburu, lantaran Ki Seca jeung Ki Garniwa geus jadi mayit. Hanca
