ari taun ieu kumaha tah tuluyna eta gempungan?
2012/11/7 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Taun 2006(?) KUSnet kantos ngayakeun gempungan di Hotel Santika Jakarta > perkara ngamajukeun urang Sunda. Harita teh "kokojona" kang Tirta sareng > Kang Akos. Ngulem Mang Ayat Sagala. Mun teu lepat mah Kang Tirta ngajukeun > hiji strategi ngamajukeun Urang Sunda. Tapi anu dipedarkeun tina masalah > ekonomi. Acara ieu teh, "sebagai tindak lanjut" acara HBH di Cimalati > Sukabumi anu disapongsoran ku Apih Sidik van Korea. Kumargi masih sumanget > tea, atuh rombongan KUSnet ti Bandung oge teu kakantun "ngajorag" acara > eta. Asana teh "sebagai kelanjutan" acara KUSnet, Kang Oman ngagagas > "pertemuan" di Wisma Unpad, pengkereun Gedong Sate. Di Kampus UI Depok oge, > kantos janten tempat gempungan urang KUSnet, nyawalakeun perkara internet > sabage hiji sarana pikeun ngamumule basa Sunda. Harita Kang Kumincir > ngobrolkeun perkara wikipedia edisi basa Sunda. Kuring saparakanca (kang > Ikmal, Kang Tirta ) ngayakeun husus wawancara sareng Mang Ayat di lab. > Audio visual (kaleresan dokumentasi videona kurng masih nyimpen), perkara > "Sunda jeung Kasundaan". Rencanana mah aya genep seri anu digagas ku Mang > Ayat. Tapi teu tinekanan, da Mang Ayatna Kabujeng pupus. Atuh di FIB UI oge > mang Ayat Ngahaneutkeun paguyuban Simpay, hiji pakumpulan lintas Fakultas, > anu ngadiskusikeun perkara anu aya pakaitna sareng Kasundaan. Kokojona Kang > Mumu, dosen FIB UI. Sababaraha kali ngayakeun acara, diantawisna ngondang > Mang Hasan (ahli Arkeologi UI), Mang Ayip Rosidi, Kang Yaya Rukayadi van > Korea, Mang Odon spesialis anu sok motretan urang Kanekes/Baduy. Tapi > barang Kang Mumu sibuk tolab ilmi S3, kagiatan Simpay janten titiseun deui. > > Di Bandung, dikokojoan ku Kang Ganjar van Unpad, sababaraha kali ngayakeun > kagiatan kasundaan di Kampus. Tapi secara gagasan/ide migeuykeun budaya > Sunda, tambih kadieu tambih sepi. Sacara perorangan memang sababaraha > anggota KUSnet ngadamel buku dina basa Sunda. KUSnet kantos ngaluarkeun dua > terbitan buku, diantawisna Sura Seuri Siga Sero. Kuring kantos > mempromosikeun buku ieu ka Pa Agum Gumelar, anu harita masing jeneng janten > Menteri Perhubungan. Kadieunakeun Kang Syam Ridwan ngaluarkeun buku > guyonan, sareng ngadamel video dokumentasi seni beluk Sumedang. Pangahirna, > Oktober kamari kang Nanang (kang Is Tuning) ngaluarkeun buku oge (tapi > kuring can kenging bukuna, jadi teu tiasa ngaresensi).Kang Nanang ieu > biasana di KUSnet sok janten seksi wawar/humas, tapi jarang ngiringan > kempel deui upami aya acara KUSnet. Kang Adit anu damel di perpustakaan > nasional husus neuleuman naskah sunda kuno, kadang-kadang sok ngawawar, > perkara pernaskahan. Tapi ayeuna mah teu aya deui seratan-seratanana. Anu > masih haneuteun teh serial jagoan Jalma anu diserat ku Bah Abas Amin. Teu > acan aya anu ngagagas diterbitkeun janten hiji buku. Eh.., hilap. Mang > Jamal ngadamel serial novel (dina bahasa Indonesia tapi tokoh sareng > setingna asli urang Sunda). Jigana urang KUSnet mah nembe anjeunna nyalira > anu tolab ilmina cacap dugi ka S3 anu spesialisasina perkara > disain/interior/arsitektur Sunda. Kang Oman rupina sibuk di majalah GEOMAZ, > eusi sareng gambar-gambarna munel pisan. Saleresna mah aya deui urang > KUSnet anu nuju tolab ilmi S3, damelna di Bappeda Jawa Barat. Kuring > nyebatna "Teh Nies", hiji sebatan tina Brownies, margi waktos aya acara di > Kampus UI Depo, nyandak katuangan blu kukus brownies. Kumaha wartosna, tara > ngulampreng ka kusnet atanapi kisunda. Saha deui nya anu teu acan kasebat? > Teh Roro katingalina aktif ngadamel carpon di majalah Sunda. Hiji potensi, > anu tiasa ngagondol hadiah Rancage. > > Ngahaja kuring ngagambarkeun saliwat (highlight) kreativitas para anggota > KUSnet. Ngarah sumanget deui ngagagas ide-ide kanggo ngamajukeun Sunda. > Meungpeung bade aya gupernur enggal. Saha nu terang, gagasan KUSnet tiasa > janten hiji kerangka, pikeun program kerja gupernur enggal. Waktos kamari > KIBS 2 di bandung saleresna mah seueur anu tiasa dijantenkeun program > kerja. Tapi nyaeta kedah aya hiji kelompok anu hususon mengiventarisir > naon-naon anu tiasa diserat janten hiji rekomendasi anu praktis. > > mrachmatrawyani > > > > > ------------------------------ > *From:* MRachmat Rawyani <[email protected]> > *To:* "[email protected]" <[email protected]> > *Sent:* Sunday, November 4, 2012 8:46 PM > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Spam gempungan ningkatkeun kualitas barudak > US > > > Aya tambihan ti si kuring perkara ningkatkeun kualits barudak US. Kedah > aya keterpaduan antara paguron sareng pihak Pemda, dina perkara nyakolakeun > barudak US anu aya di tatar Jawa Barat. > > Kuring satuju kana ide mang Jamal, anu penting mah kumaha barudak US > sangkan pendidikana maju, heunteu gumantung kudu sakola di paguron anu aya > di tatar Sunda, saperti Unpad. Jaman dimana globalisasi siga ayeuna perkara > anu aya pakaitna kana primordial (kasukuan, agama, kadaerahan ssjb) tos > luntur, teu tiasa dipertahankeun deui. Kajabi (sanes ka IJABI) upama Unpad > memang ngahususkeun ngulik anu aya pakaitna kana widang kasundaan. > > Pangalaman naon anu dilaksanakeun di UI salah sahiji contona. Aya > kerjasama UI sareng pihak Pemda, dimana pihak Pemda nanggung sagala waragad > mahasiswa asal daerah salami kuliah di UI, tapi saratna tos lulus kedah > kersa damel di Pemda (ikatan dinas). Widang elmuna sesuai kabutuhan pihak > Pemda, tanaga naon anu diperyogikeun. Teu aya dispensasi, kedah lulus tes > lebet, upami prestasina awon tiasa di D.O. Lembur kuring (Majalengka) > ngiringan program eta. Harita teh Bupatina dicangking ku Ibu Tuti (raina Pa > Yogi S. Memet, manten Mendagri). > > Hiji mangsa aya sarombongan mahasiswa ti Timor Leste anu kuliah di UI. > Tapi sigana "gegar budaya". Kabiasaan ti lemburna hese dipiceuna. Gawena > mabok-mabokan wae. Puguh wae atuh, ngan sataun tos D.O. > > > mrachmatrawyani > > ------------------------------ > *From:* mj <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Monday, November 5, 2012 9:11 AM > *Subject:* [Urang Sunda] Spam gempungan ningkatkeun kualitas barudak US > > > Poe Kemis minggu kamari, pabeubeurang, aya sawala atawa seminar/diskusi > di ruang serba guna unpad Dipati Ukur. Jejerna, kondisi mahasiswa nu > katarima kuliah di unpad, nu cenah ti jawa baratna kurang ti 50%. Ti 50% > eta, 80% barudak bandung, 20% ti daerah. Sesana ti luar provinsi. Di fak > hukum kalolobana ayeuna urang batak, kedokteran ti bekasi.. Nu SMA di > Bandung oge tangtu teu kabeh US, kitu deui nu ti Bekasi, nu geus deukeut ka > jakarta, pastina sakitu persena mah urang non US. > Nu hadir diantarana tokoh moyan sunda, kang ajip rosidi, kang tjetje > hidayat padmadinta -politisi kahot kolot, uu rukmana nu gaduh alun-alun oge > politisi golkar, prof himendra wargahadibrata (rektor unpad saacan kang > ganjar, ti fak kedokteran, bu ruhaliah ti jurusan bahasa sunda Upi, jsb. > Oge aya wakil ti Bammus, badan musyawarah masyarakat Sunda. > Diantara nu ditepikeun ku nu hadir, he love saha, sajarah unpad diadegkeun > taun 50an, nyaeta pikeun jadi kampus barudak sunda kuliah. Nya wajar da > sacara wewengkon ayana di Bandung, puseur dayeuh US. Cara kampus di Banda > Aceh atawa Makassar, nya pikeun barudak dinya karuliah. Tapi beh dieu aya > penurunan nu kuliah di unpad. Kang Ganjar rektor Unpad nembongkeun > statistik ti BPS, data2 barudak sunda sakola. Barudak Sunda teu eces > dijentrekeun, ngan ukur asal kabupatenna. Cenah rata2 atikan barudak Sunda > ngan nepi ka smp kelas 2. Jauh dibanding provinsi lain, cara Aceh. > Perbandingan ieu sigana dumasar jumlah populasi. > Salah sahiji tarekah kang rektor unpad nyaeta nyieun program affirmative, > nyaeta ngayakeun sarupaning bimbingan tes ka barudak, ngaliwatan wadah PPI, > persatuan pelajar islam, kang GK sigana alumni organisasi eta. Saratus > barudak sunda dibimbing, nya cenah nu katampa unpad sekitar 30-40 urang, nu > sejen ka upi, jsb. Kitu deui unpad ngayakeun bimbingan pikeun barudak SMA > jatinangor sangkan bisa lulus tes ka unpad. Nya teu lucu oge mun barudak > jatinangor ngan ukur lalajo batur kuliah di lemburna wungkul mah. Unpad > mere beasiswa ka msiswa nu miskin, jumlahna nepi ka 900 urang. Bantuan ti > pamarentah kurang cenah. Tapi ayeuna aya rupaning beasiswa, cara beasiswa > ti pemprov, pikeun barudak sunda, jsb. Aya nu nyarita yen di ITB teh > jadina institut teknologi mbandung cenah, pedah loba jawa. > Nu nyarita kolot kabeh, moderator, bu Ruhaliah menta nu ngora. Nya uing > ngacung. Ari uing mah boga pandangan sejen. Yen nya mun bisa mah teu kudu > kabeh US kuliah di Unpad. Kahijina teu kabeh cabang elmu/kaahlian aya di > unpad. Cara rekayasa/teknik. Di unpad saeutik. Mun alesanana geus aya di > itb, nya teu nanaon da MIPA oge di itb aya di unpad aya. Kaduana, nya > sangkan teu kabeh barudak sunda ka barandung, geus lulus garawe di > bandung,jkt. Bandung beuki heurin, daerah sepi jeung keukeuh tertinggal. > Hade mun barudak garut, sawareh kuliah di garut, terus gawe di garut oge. > Ngamajukeun lembur sorangan dina sagala widang. > Nya uing make conto adi ka tilu. Manehna kuliah di managemen unsil > (punten, sok dipoyok umh, unipersitas maung heuay), teus honorer ti bank > mandiri tasik, ayeuna gawe di bank syariah mandiri, tasik. Loba > kauntunganana, nya teu kudu indekos, biaya hirup kaitung murah, jsb. Tapi > uing, panengah jeung bungsu mah, mencar. Nu kuliah di undip, nyaba ka > underwood, uing kasarung di bdg, si bungsu di jkt bari sok nyanyabaanana ka > sudan. > Msiswa daerah nu kuliah ka upi, geus lulus, nya baralik deui jaradi guru > di lembur masing-masing. Cara babaturan smp. Nya kahayang mah nu maju teh > teu kota-kota gede wungkul, tapi oge kota kabupaten, sangkan kamajuan rata > teu gejlok teuing. > Kondisi kitu oge, barudak sunda kuliah di kampus sejen, bisa jadi alesan > urang jawa barat ngurangan prosentase nu kuliah di unpad. Bisa jadi > ngurangan nu ka unpad, tapi ka kampus sejen naek jumlahna. Barudak lulusan > SMAN 1 ciamis boga grup di facebook, ngarana Ciamis serbu itb! Cita-citanya > mere inpo ka adik kelas SMAN sagala perkara itb, kaasup tempat kos di bdg, > jsb. Alus pisan mun pemkab masing-masing mere bantuan boh beasiswa boh > asrama. Nya make persyaratan we, mun geus lulus kudu balik ka lembur, naha > gawe di pemda atawa nyieun pausahaan milik BUMD. > Pedah aya nu nyaritakeun itebe, nya uing ngajelaskeun, yen sakanyaho uing > mah komposisi populasi msiswa itb sigan endonesia: jawa, sunda, minang, > batak, jsb. Basa uing kuliah di dinya mah teu pati kadenge nu nyarita basa > jawa. Aya nu aksena jawa, direktur pascasarjana, ibu-ibu profesor > matematika. Karunya karuh, puluhan taun di bandung, aksen jawana teu > leungit. Hahaha. Nanya ka pembimbing, US, diwalon, “nya da di itb mah aya > nu kitu” cenah bari gumujeng. > Basa uing asup ka kampus cap gajah cindenten eta, dibagi buku akademik. > Aya daftar senat. Harita rada nganaha-naha, ngaran sundana saeutik (ngaran > sunda atawa urang endonesa umumna bisa dipikawanoh etnisna malah oge > agamana, cara ajat sudrajat kartadinata, ahmad sumawijaya, pasti us. > Parlahutan sihombing, urang batak. Kartodibroto, uj, antonius tejo > sungkowo, jawa katolik, jsb. Tah basa ki adi, si andi chinook katarima, > aya buku kitu deui. Diilikan, ngaran sunda asa leuwih loba. Reugreug! > Sanajan can mayoritas. tapi nu penting kualitas. Saeutik ge mahi, cara > semboyan kodam siliwangi. Nya sukur mun loba. Malah ayeuna aya dosen > matematika adi kelas di sma, karek balik ti amrik sanggeus meunang doktor > ti Kentucky Fried Chicken, eh salah Kentucky University. Karunya tapi, can > boga amih, jadi parkir heula di imah transit itb, imah piken dosen itb nu > karek mulang sakola di luar nagreg. > Tah urang kudu kumaha? Kanu garaduh murangkalih, nya kedah disakolakeu > sing luhur. Malah mun tiasa mah, mun urang mampu, bisalah jadi bapak asuh > ibu asuh, ngabiayaan sakola barudak nu teu mampu sukur mun nepi ka paguron > luhur. Sangkan kualitas generasi US kapayun langkung maju ti ayeuna, teu > eleh ku seler sejen. > Nuhun. > > > > > > > >
