Kuring satuju upami taun ieu digagas ku Kang Oman atanapi mang Jamal. Kang 
Tirta Nuju sibuk damel di Yogya. Sakantenan etang-etang silaturahmi lebaran 
Idul Adha sareng mapag  1 Muharam. Atanapi saha urang Bandung anu gaduh waktos 
rineh kanggo ngayakeun acara ieu. Tempatna di ITENAS (tiasa haratis), pan aya 
Pa Dekan. Ngarah gampil dijugjug ti ditu ti dieu.
Acara pokona, "Jabar Menyongsong tahun Emas 2025 - 2035"

mrachmatrawyan




________________________________
 From: ahmad sahidin <[email protected]>
To: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda 
<[email protected]> 
Sent: Tuesday, November 6, 2012 9:53 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Spam gempungan ningkatkeun kualitas 
barudak US
 

  
ari taun ieu kumaha tah tuluyna eta gempungan?




2012/11/7 MRachmat Rawyani <[email protected]>

 
>  
>Taun 2006(?) KUSnet kantos ngayakeun gempungan di Hotel Santika Jakarta 
>perkara ngamajukeun urang Sunda. Harita teh "kokojona" kang Tirta sareng Kang 
>Akos. Ngulem Mang Ayat Sagala. Mun teu lepat mah Kang Tirta ngajukeun hiji 
>strategi ngamajukeun Urang Sunda. Tapi anu dipedarkeun tina masalah ekonomi. 
>Acara ieu teh, "sebagai tindak lanjut" acara HBH di Cimalati Sukabumi anu 
>disapongsoran ku Apih Sidik van Korea. Kumargi masih sumanget tea, atuh 
>rombongan KUSnet ti Bandung oge teu kakantun "ngajorag" acara eta.  Asana teh  
>"sebagai kelanjutan" acara KUSnet, Kang Oman ngagagas "pertemuan" di Wisma 
>Unpad, pengkereun Gedong Sate. Di Kampus UI Depok oge, kantos janten tempat 
>gempungan urang KUSnet, nyawalakeun perkara internet sabage hiji sarana pikeun 
>ngamumule basa Sunda. Harita Kang Kumincir ngobrolkeun perkara wikipedia edisi 
>basa Sunda. Kuring saparakanca (kang Ikmal, Kang Tirta ) ngayakeun husus 
>wawancara sareng Mang Ayat di lab. Audio visual
 (kaleresan dokumentasi videona kurng masih nyimpen), perkara "Sunda jeung 
Kasundaan". Rencanana mah aya genep seri anu digagas ku Mang Ayat. Tapi teu 
tinekanan, da Mang Ayatna Kabujeng pupus. Atuh di FIB UI oge mang Ayat 
Ngahaneutkeun paguyuban Simpay, hiji pakumpulan lintas Fakultas, anu 
ngadiskusikeun perkara anu aya pakaitna sareng Kasundaan. Kokojona Kang Mumu, 
dosen FIB UI. Sababaraha kali ngayakeun acara, diantawisna ngondang Mang Hasan 
(ahli Arkeologi UI), Mang Ayip Rosidi, Kang Yaya Rukayadi van Korea, Mang Odon 
spesialis anu sok motretan urang Kanekes/Baduy. Tapi barang Kang Mumu sibuk 
tolab ilmi S3, kagiatan Simpay janten titiseun deui.
>
>
>Di Bandung, dikokojoan ku Kang Ganjar van Unpad, sababaraha kali ngayakeun 
>kagiatan kasundaan di Kampus. Tapi secara gagasan/ide migeuykeun budaya Sunda, 
>tambih kadieu tambih sepi. Sacara perorangan memang sababaraha anggota KUSnet 
>ngadamel buku dina basa Sunda. KUSnet kantos ngaluarkeun dua terbitan buku, 
>diantawisna Sura Seuri Siga Sero. Kuring kantos mempromosikeun buku ieu ka Pa 
>Agum Gumelar, anu harita masing jeneng janten Menteri Perhubungan. 
>Kadieunakeun Kang Syam Ridwan ngaluarkeun buku guyonan, sareng ngadamel video 
>dokumentasi seni beluk Sumedang. Pangahirna, Oktober kamari kang Nanang (kang 
>Is Tuning) ngaluarkeun buku oge (tapi kuring can kenging bukuna, jadi teu 
>tiasa ngaresensi).Kang Nanang ieu biasana di KUSnet sok janten seksi 
>wawar/humas, tapi jarang ngiringan kempel deui upami aya acara KUSnet. Kang 
>Adit anu damel di perpustakaan nasional husus neuleuman naskah sunda kuno, 
>kadang-kadang sok ngawawar, perkara pernaskahan. Tapi ayeuna mah
 teu aya deui seratan-seratanana. Anu masih haneuteun teh serial jagoan Jalma 
anu diserat ku Bah Abas Amin. Teu acan aya anu ngagagas diterbitkeun janten 
hiji buku. Eh.., hilap. Mang Jamal ngadamel serial novel (dina bahasa Indonesia 
tapi tokoh sareng setingna asli urang Sunda). Jigana urang KUSnet mah nembe 
anjeunna nyalira anu tolab ilmina cacap dugi ka S3 anu spesialisasina perkara  
disain/interior/arsitektur Sunda. Kang Oman rupina sibuk di majalah GEOMAZ, 
eusi sareng gambar-gambarna munel pisan. Saleresna mah aya deui urang KUSnet 
anu nuju tolab ilmi S3, damelna di Bappeda Jawa Barat. Kuring nyebatna "Teh 
Nies", hiji sebatan tina Brownies, margi waktos aya acara di Kampus UI Depo, 
nyandak katuangan blu kukus brownies. Kumaha wartosna, tara ngulampreng ka 
kusnet atanapi kisunda. Saha deui nya anu teu acan kasebat? Teh Roro 
katingalina aktif ngadamel carpon di majalah Sunda. Hiji potensi, anu tiasa 
ngagondol hadiah Rancage.
>
>
>
>Ngahaja kuring ngagambarkeun saliwat (highlight) kreativitas para anggota 
>KUSnet. Ngarah sumanget deui ngagagas ide-ide kanggo ngamajukeun Sunda. 
>Meungpeung bade aya gupernur enggal. Saha nu terang, gagasan KUSnet tiasa 
>janten hiji kerangka, pikeun program kerja gupernur enggal. Waktos kamari KIBS 
>2 di bandung saleresna mah seueur anu tiasa dijantenkeun program kerja. Tapi 
>nyaeta kedah aya hiji kelompok anu hususon mengiventarisir naon-naon anu tiasa 
>diserat janten hiji rekomendasi anu praktis.
>
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>________________________________
> From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
>To: "[email protected]" <[email protected]> 
>Sent: Sunday, November 4, 2012 8:46 PM
>Subject: Re: [Urang Sunda] Spam gempungan ningkatkeun kualitas barudak US
> 
>
>  
>Aya tambihan ti si kuring perkara ningkatkeun kualits barudak US.  Kedah aya 
>keterpaduan antara paguron sareng pihak Pemda, dina perkara nyakolakeun 
>barudak US anu aya di tatar Jawa Barat.
>
>Kuring satuju kana ide mang Jamal, anu penting mah  kumaha barudak US sangkan 
>pendidikana maju, heunteu gumantung kudu sakola di paguron anu aya di tatar 
>Sunda, saperti Unpad. Jaman dimana globalisasi siga ayeuna perkara anu aya 
>pakaitna kana primordial (kasukuan, agama, kadaerahan ssjb) tos luntur, teu 
>tiasa dipertahankeun deui. Kajabi (sanes ka IJABI) upama Unpad memang 
>ngahususkeun ngulik anu aya pakaitna kana widang kasundaan.
>
>Pangalaman naon anu dilaksanakeun di UI salah sahiji  contona. Aya kerjasama 
>UI sareng pihak Pemda, dimana pihak Pemda nanggung sagala waragad mahasiswa 
>asal daerah salami kuliah di UI,
 tapi saratna tos lulus kedah kersa damel di Pemda (ikatan dinas). Widang 
elmuna sesuai kabutuhan pihak Pemda, tanaga naon anu diperyogikeun. Teu aya 
dispensasi, kedah lulus tes lebet, upami prestasina awon tiasa di D.O.  Lembur 
kuring (Majalengka) ngiringan program eta. Harita teh Bupatina dicangking ku 
Ibu Tuti (raina Pa Yogi S. Memet, manten Mendagri).
>
>Hiji mangsa aya sarombongan mahasiswa ti Timor Leste anu kuliah di UI. Tapi 
>sigana "gegar budaya". Kabiasaan ti lemburna hese dipiceuna. Gawena 
>mabok-mabokan wae. Puguh wae atuh, ngan sataun tos D.O.
>
>
>
>
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>
>________________________________
> From: mj <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Sent: Monday, November 5, 2012 9:11 AM
>Subject: [Urang Sunda] Spam gempungan ningkatkeun kualitas barudak US
> 
>
>  
>Poe Kemis minggu kamari,
pabeubeurang, aya sawala atawa seminar/diskusi di ruang serba guna unpad Dipati
Ukur.  Jejerna, kondisi mahasiswa nu katarima kuliah di unpad, nu cenah ti jawa
baratna kurang ti 50%. Ti 50% eta, 80% barudak bandung, 20% ti daerah. Sesana
ti luar provinsi. Di fak hukum kalolobana ayeuna urang batak, kedokteran ti
bekasi.. Nu SMA di Bandung oge tangtu teu kabeh US, kitu deui nu ti Bekasi, nu
geus deukeut ka jakarta, pastina sakitu persena mah urang non US.
>Nu hadir diantarana tokoh moyan
sunda, kang ajip rosidi, kang tjetje hidayat padmadinta -politisi kahot kolot,
uu rukmana nu gaduh alun-alun oge politisi golkar, prof himendra wargahadibrata
(rektor unpad saacan kang ganjar, ti fak kedokteran, bu ruhaliah ti jurusan
bahasa sunda Upi, jsb.  Oge aya wakil ti Bammus, badan musyawarah masyarakat
Sunda.
>Diantara nu ditepikeun ku nu
hadir, he love saha, sajarah unpad diadegkeun taun 50an, nyaeta pikeun jadi
kampus barudak sunda kuliah. Nya wajar da sacara wewengkon ayana di Bandung,
puseur dayeuh US. Cara kampus di Banda Aceh atawa Makassar, nya pikeun barudak
dinya karuliah. Tapi beh dieu aya penurunan nu kuliah di unpad. Kang  Ganjar
rektor Unpad nembongkeun statistik ti BPS, data2 barudak sunda sakola. Barudak
Sunda teu eces dijentrekeun, ngan ukur asal kabupatenna. Cenah rata2 atikan
barudak Sunda ngan nepi ka smp kelas 2. Jauh dibanding provinsi lain, cara
Aceh. Perbandingan ieu sigana dumasar jumlah populasi. 
>Salah sahiji tarekah kang rektor
unpad nyaeta nyieun program affirmative, nyaeta ngayakeun sarupaning bimbingan
tes ka barudak, ngaliwatan wadah PPI, persatuan pelajar islam, kang GK sigana
alumni organisasi eta. Saratus barudak sunda dibimbing, nya cenah nu katampa
unpad sekitar 30-40 urang, nu sejen ka upi, jsb.  Kitu deui unpad ngayakeun
bimbingan pikeun barudak SMA jatinangor sangkan bisa lulus tes ka unpad. Nya
teu lucu oge  mun barudak jatinangor ngan ukur lalajo batur kuliah di lemburna
wungkul mah. Unpad mere beasiswa ka msiswa nu miskin, jumlahna nepi ka 900
urang. Bantuan ti pamarentah kurang cenah. Tapi ayeuna aya rupaning beasiswa,
cara beasiswa ti pemprov, pikeun barudak sunda, jsb.  Aya nu nyarita yen di ITB
teh jadina institut teknologi mbandung cenah, pedah loba jawa. 
>Nu nyarita kolot kabeh,
moderator, bu Ruhaliah menta nu ngora. Nya uing ngacung. Ari uing mah boga
pandangan sejen. Yen nya mun bisa mah teu kudu kabeh US kuliah di Unpad.
Kahijina teu kabeh cabang elmu/kaahlian aya di unpad. Cara rekayasa/teknik. Di
unpad saeutik. Mun alesanana geus aya di itb, nya teu nanaon da MIPA oge di itb
aya di unpad aya.  Kaduana, nya sangkan teu kabeh barudak sunda ka barandung,
geus lulus garawe di bandung,jkt. Bandung beuki heurin, daerah sepi jeung
keukeuh tertinggal. Hade mun barudak garut, sawareh kuliah di garut, terus gawe
di garut oge. Ngamajukeun lembur sorangan dina sagala widang. 
>Nya uing make conto adi ka tilu.
Manehna kuliah di managemen unsil (punten, sok dipoyok umh, unipersitas maung
heuay), teus honorer ti bank mandiri tasik, ayeuna gawe di bank syariah
mandiri, tasik. Loba kauntunganana, nya teu kudu indekos, biaya hirup kaitung
murah, jsb. Tapi uing, panengah jeung bungsu mah, mencar. Nu kuliah di undip,
nyaba ka underwood, uing kasarung di bdg, si bungsu di jkt bari sok 
nyanyabaanana
ka sudan.
>Msiswa daerah nu kuliah ka upi,
geus lulus, nya baralik deui jaradi guru di lembur masing-masing. Cara
babaturan smp. Nya kahayang mah nu maju teh teu kota-kota gede wungkul, tapi
oge kota kabupaten, sangkan kamajuan rata teu gejlok teuing.
>Kondisi kitu oge, barudak sunda
kuliah di kampus sejen, bisa jadi alesan urang jawa barat ngurangan prosentase
nu kuliah di unpad. Bisa jadi ngurangan nu ka unpad, tapi ka kampus sejen naek
jumlahna. Barudak lulusan SMAN 1 ciamis boga grup di facebook, ngarana Ciamis
serbu itb! Cita-citanya mere inpo ka adik kelas SMAN sagala perkara itb, kaasup
tempat kos di bdg, jsb. Alus pisan mun pemkab masing-masing mere bantuan boh
beasiswa boh asrama. Nya make persyaratan we, mun geus lulus kudu balik ka 
lembur,
naha gawe di pemda atawa nyieun pausahaan milik BUMD. 
>Pedah aya nu nyaritakeun itebe,
nya uing ngajelaskeun, yen sakanyaho uing mah komposisi populasi msiswa  itb
sigan endonesia: jawa, sunda, minang, batak, jsb.  Basa uing kuliah di dinya
mah teu pati kadenge nu nyarita basa jawa. Aya nu aksena jawa, direktur
pascasarjana, ibu-ibu profesor matematika. Karunya karuh, puluhan taun di
bandung, aksen jawana teu leungit. Hahaha. Nanya ka pembimbing,  US, diwalon,
“nya da di itb mah aya nu kitu” cenah bari gumujeng.
>Basa uing asup ka kampus cap
gajah cindenten eta, dibagi buku akademik. Aya daftar senat. Harita rada
nganaha-naha, ngaran sundana saeutik (ngaran sunda atawa urang endonesa umumna
bisa dipikawanoh etnisna malah oge agamana, cara ajat sudrajat kartadinata,
ahmad sumawijaya, pasti us. Parlahutan sihombing, urang batak. Kartodibroto,
uj, antonius tejo sungkowo, jawa katolik, jsb.  Tah basa ki adi, si andi
chinook katarima, aya buku kitu deui. Diilikan, ngaran sunda asa leuwih loba.
Reugreug!  Sanajan can mayoritas. tapi nu penting kualitas. Saeutik ge mahi,
cara semboyan kodam siliwangi. Nya sukur mun loba. Malah ayeuna aya dosen
matematika adi kelas di sma, karek balik ti amrik sanggeus meunang doktor ti
Kentucky Fried Chicken, eh salah Kentucky University. Karunya tapi, can boga
amih, jadi parkir heula di imah transit itb, imah piken dosen itb nu karek
mulang sakola di luar nagreg.
>Tah urang kudu kumaha? Kanu
garaduh murangkalih, nya kedah disakolakeu sing luhur. Malah mun tiasa mah, mun
urang mampu, bisalah jadi bapak asuh ibu asuh, ngabiayaan sakola barudak nu teu
mampu sukur mun nepi ka paguron luhur. Sangkan kualitas generasi US kapayun
langkung maju ti ayeuna, teu eleh ku seler sejen.
>Nuhun.
> 
> 
>
>
>
>

 

Kirim email ke