Salah kaprah jigana urang teh. Ngumaha ka Gupernur sangkan daek turun ka 
lembur. Tingali heula,tugas gupernur jaman kiwari (reformasi) teh naon wae. Aya 
SOP na anu tacan dibejer beaskeun ka khalayak. Cik saha anu gaduh aturan, naon 
wae ari tugas gupernuh teh.

mrachmatrawyani




________________________________
 From: Ki Hasan <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Friday, November 16, 2012 7:02 PM
Subject: Re: [kisunda] Naon Nu Kudu Dipigawe Ku Gubernur Jabar 2013?
 

  
Tah nu nomer hiji jeung dua, asa kaingetan. Jigana saha wae gubernurna, kudu 
daek ulin ka lembur. Titenan kaayaan solokan jeung walungan di pilemburan. 
Ninggali kaayaan solokan jeung walungan kiwari galenganana terus ngipisan, beak 
dipapas unggal usum nyawah. Boa sababaraha taun kahareup mun hujan badag baris 
caah dimamana, moal katadah ku solokan nu aya.  


2012/11/14 Dikdik <[email protected]>

 
>  
>1. eureunan ngabukbak tur nu ngabukbak leuweung
>2. beresan citarum ti hulu cai nepi ka laut
>3. beresan walikota/bupati nu teu bisa ngurus kotana (ngimpi ieu mah hehe)
>4. ah sakitu ge hese jigana, jadi moal waka ditambahan lah :D
>
>
>
>________________________________
> From: Ki Hasan <[email protected]>
>To: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda 
><[email protected]> 
>Sent: Tuesday, 13 November 2012, 23:01
>Subject: [kisunda] Naon Nu Kudu Dipigawe Ku Gubernur Jabar 2013?
> 
>
>
>
>
>Kapan milis Ki Sunda teh loba anggotana. Cing taroong, naon nu kudu dipigawe 
>ku Gubernur Jabar 2013?
>
>Perlu kira-kirana kampus nu aya di puseur dayeuh, jiga ITB, dipindahkeun  ka 
>Bandung Kidul, atawa Bandung Barat?
>Di kaler geus aya UPI, di wetan geus aya UNPAD. Sugan mun institusi 
>pendidikan, institusi pamarentahan dipindahkeun ti pusat kota mah, moal macet 
>teuing Bandung teh. Keun we pusat kota mah sina jadi pusat bisnis jeung wisata.
>
>
>
>
>

 

Kirim email ke