Enya, alus oge aya gubernur "turba" (TUrun keBAwah). Ngan memang aya bedana antara Gubernur DKI jeung Gubernur sejenna di Indonesia. Di DKI, otonomi daerah teh aya di Gubernur, sedengkeun di daerah sejen, otonomi daerah aya di daerah Tingkat II (Kabupaten atawa Kota), nu "kawasa"na Bupati atawa Walikota sedengkeun gubernur ukur "penghubung" daerah tingkat II jeung pamarentah pusat.
Kuring mah skeptis gubernur diluar DKI, bisa jiga Jokowi-Ahok, sabab "kakawasaanna" jauh leuwih leutik. Malah di sababraha kasus, gubernur "dilawan" ku walikota. Contona Jokowi, waktu jadi walikota Solo kungsi "ngalawan" intruksi Gubernur Jateng, nu hayang ngawangun mall di lahan asset Pemda. Lamun teu salah di Bandung oge kungsi kajadian, Pemkot Bandung teu ngaluarkeun ijin bangunan keur masjid nu rek dijieun ku Pemda Jawa Barat di sabudeureun Gedong Sate. Jadi, mangga we nyanggakeun saha we nu bade jadi gubernur Jabar mah, teu pati penting ....hehehe WLY --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Eta unggal peuting, noong Jokowi - Ahok, ngaprak Jakarta, teu aya masalah > nanaon. Tangtuna ge gubernur sejen moal beda. Malah aneh mun aya aturan > gubernur anti turun ka lembur. > > 2012/11/18 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> > > > ** > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
