Hehehe. Horeng sajamanna-sajamanna, Kang Obay. Lain generasi, lain
pangaresepna

2012/12/1 Obay <[email protected]>

> **
>
>
> ** Baheula di imah sok mindeng mareuman cianjuran diganti ku Van Halen.
> "Maneh mah lagu brang breng brong kitu patut di dengekeun" saur bapa.
>
> Minggu kamari keur ngeunah ngadengekeun Deep Purple, kareret budak cikal
> ngoloyong. Cetrek, lagu eureun. Teu lila ngong: "op..op..op..oppa gangnam
> style..!!".
>
> Jadol siah.
> Powered by Kejo Bear®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 1 Dec 2012 08:25:11 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *[Urang Sunda] Fiksimini - Nongton Pilem
>
>
>
> Fikmin #Nongton Pilem#
>
> "Pa, engké sonten nongton pilem nya?" ceuk budakna nu nincak ABG, "Aya
> pilem énggal, 'Hello Goodbye' di Cinema 21!" tambahna ngaléndéan. Milih
> tempat téh, ngahaja di barisan pang tukangna, ngarah rinéh. Budak jongjon
> niténan pilem. Anteng dibaturan 'Pop Corn' jeung sagelas Cola. Penoména
> Koréa lir nyihir barudak. Pilem, musik, sinétron, tari, emih jeung kimci
> Koréa geus jadi sabiwir hiji. Suasana palabuhan kota Busan nantrat dina
> layar bioskop. Jelegur séah ombakna matak kelar. Manéhna ngadayagdag dina
> korsi. Hawa tiis ngahiliwir, lir mépéndé nu nyangsaya. Aroma Lavender
> ngadalingding, ngabetot urat kongkolak matana. Asa diayun-ambing, "Ayun
> ambing, ayun ambing; Diayun-ayun ku samping." Galindeng sora indungna,
> ngéyong ayunan samping. Sabaris, sabaris layar panorama Busan kapindingan
> peteng. Ngabelegbeg! Mongkléng! Bray layar ngempray deui. Salin rupa jadi
> adegan 'Gita Cinta Dari SMA'. Bray gantibabak, 'Puspa Indah Taman Hati'.
> Sabot pogot mencrong layar, "Pa, hayu uih! Pilemna tos séép!" anakna
> ngegeubig-geubig. Layar ngiles, marengan ngemprayna lampu bioskop.
>

Kirim email ke