Wakakakakakak heueuh jadooool teh keur ngeunah-2 di mobil ngadangukeun mp3 lagu dipangumbaraan ti Kang Niki Ukur jeung Lagu Miang ti Rawayan eeeeeh budak tina henpon-na nyetel lagu mani tarik "Opa Gangnam Style" wkkkk.
nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: "Obay" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 1 Dec 2012 06:22:52 To: <[email protected]>; Ki Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: Baraya Sunda<[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Fiksimini - Nongton Pilem Baheula di imah sok mindeng mareuman cianjuran diganti ku Van Halen. "Maneh mah lagu brang breng brong kitu patut di dengekeun" saur bapa. Minggu kamari keur ngeunah ngadengekeun Deep Purple, kareret budak cikal ngoloyong. Cetrek, lagu eureun. Teu lila ngong: "op..op..op..oppa gangnam style..!!". Jadol siah. Powered by Kejo Bear® -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 1 Dec 2012 08:25:11 To: Ki Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Fiksimini - Nongton Pilem Fikmin #Nongton Pilem# "Pa, engké sonten nongton pilem nya?" ceuk budakna nu nincak ABG, "Aya pilem énggal, 'Hello Goodbye' di Cinema 21!" tambahna ngaléndéan. Milih tempat téh, ngahaja di barisan pang tukangna, ngarah rinéh. Budak jongjon niténan pilem. Anteng dibaturan 'Pop Corn' jeung sagelas Cola. Penoména Koréa lir nyihir barudak. Pilem, musik, sinétron, tari, emih jeung kimci Koréa geus jadi sabiwir hiji. Suasana palabuhan kota Busan nantrat dina layar bioskop. Jelegur séah ombakna matak kelar. Manéhna ngadayagdag dina korsi. Hawa tiis ngahiliwir, lir mépéndé nu nyangsaya. Aroma Lavender ngadalingding, ngabetot urat kongkolak matana. Asa diayun-ambing, "Ayun ambing, ayun ambing; Diayun-ayun ku samping." Galindeng sora indungna, ngéyong ayunan samping. Sabaris, sabaris layar panorama Busan kapindingan peteng. Ngabelegbeg! Mongkléng! Bray layar ngempray deui. Salin rupa jadi adegan 'Gita Cinta Dari SMA'. Bray gantibabak, 'Puspa Indah Taman Hati'. Sabot pogot mencrong layar, "Pa, hayu uih! Pilemna tos séép!" anakna ngegeubig-geubig. Layar ngiles, marengan ngemprayna lampu bioskop.
