Bareto Lasmini Dewi digembleng ku Nyi Padmini, mani keras pisan; teu pisan dibere omber keur ulin jalan2; ayeuna Nyi Ipah ku resep2na poho ka na nanaon; unggal poe gawena ngalatih diri di na sagala widang nu pakait jeung kanuragan; atuh ngan sakeudeung kamajuanana geus katembong; Nyi Ipah nyoba ti kajauhan neunggeul tangkal cau; ngan sakali ninggang geus rungkad.
Nempo kamajuan dirina Nyi Ipah bungah pisan; wah mun ayeuna balik ka kolotna moal era2 teuing; da ayeuna mah aya nu bisa ditembongkeun. Nya sanggeus badami jeung para badega jeung ahirna para badega nyatujuan; Nyi Ipah arek balik ka Wanayasa; NYi Ipah geus gilig rek balik heula ka kolotna. Nyi Ipah geus apal jalanna, da bareto waktu indit ti Cirebon dibawa ku Mawar Hideung, teu naek nanaon leumpang gancang tea we. Nya ayeuna manehna indit nyorangan; make pakean kapendekaran warna Hejo. Di jalan Nyi Ipah arang ngobrol jeung sasaha oge, lantaran bawa_anana Nyi Ipah mah tara loba omong, beda jeung Nyi Epon; jadi sagala tindakanana ati2 pisan. Memang Nyi Ipah teu gampang curiga ; tapi oge teu gampang percaya ka saha oge ari lain nu geus loma pisan jeung manehna mah. Siganaa pangaruh Mawar Hideung memang gede pisan; euweuh aya nu wani ngaganggu ka na perjalanan Nyi Ipah; atuh Nyi Ipah teh lancar we; sakeudeung ge geus nepi ka Purworejo. Di Purworejo, Nyi Ipah meunang warta yen 5 Macan Cirebon geus tiwas kabeh; ku Jago Ti Singa Barong. Nyi Ipah rada kaget oge, lantaran nyaho yen eta 5 Macan Cirebon teh hebat elmu kanuraganana; mun kitu eta hartina Gorombolan Singa Barong teh pasti hebat2 Elmuna; teu bisa dianggap enteng. Nyi Ipah nginep di hiji Panginepan di Purworejo; da kabeneran geus peuting pisan; manehna rek nuluykeun perjalanan isukan; bari sakalian meuli kuda supaya leuwih gancang nepi ka Wanayasa. Sajeroning nuju ka Panginepan, Nyi Ipah rada asa2 .. asa aya nu nuturkeun perjalanana; tapi Nyi Ipah teu loba gerak terus we mesen kamar; ngan Nyi Ipah ningkatkeun kawaspadaan; bisi enya aya nu rek ngabahayakeun dirina. Di kamarna ; samemeh sare biasa Nyi Ipah sok ngalatih diri deui; bari ngadedenge bisi aya nu nyurigakeun; tapi nepi ka manehna reup sare ge teu aya nu matak nyurigakeun. Hanca
