Teraskeun Bah...
Nuhun,
------------------------------
On Mon, Dec 3, 2012 11:32 AM ICT Abbas Amien wrote:
>
>
>Bareto Lasmini Dewi digembleng ku Nyi Padmini, mani keras
>pisan; teu pisan dibere omber keur ulin jalan2; ayeuna Nyi Ipah ku resep2na
>poho ka na nanaon; unggal poe gawena ngalatih diri di na sagala widang nu
>pakait jeung kanuragan; atuh ngan sakeudeung kamajuanana geus katembong; Nyi
>Ipah nyoba ti kajauhan neunggeul tangkal cau; ngan sakali ninggang geus
>rungkad.
>
>
>
>Nempo kamajuan dirina Nyi Ipah bungah pisan; wah mun ayeuna
>balik ka kolotna moal era2 teuing; da ayeuna mah aya nu bisa ditembongkeun. Nya
>sanggeus badami jeung para badega jeung ahirna para badega nyatujuan; Nyi Ipah
>arek balik ka Wanayasa; NYi Ipah geus gilig rek balik heula ka kolotna.
>
>
>Nyi Ipah geus apal jalanna, da bareto waktu indit ti Cirebon
>dibawa ku Mawar Hideung, teu naek nanaon leumpang gancang tea we. Nya ayeuna
>manehna indit nyorangan; make pakean kapendekaran warna Hejo.
>
>
>Di jalan Nyi Ipah arang ngobrol jeung sasaha oge, lantaran
>bawa_anana Nyi Ipah mah tara loba omong, beda jeung Nyi Epon; jadi sagala
>tindakanana ati2 pisan. Memang Nyi Ipah teu gampang curiga ; tapi oge teu
>gampang percaya ka saha oge ari lain nu geus loma pisan jeung manehna mah.
>
>
>Siganaa pangaruh Mawar Hideung memang gede pisan; euweuh aya
>nu wani ngaganggu ka na perjalanan Nyi Ipah; atuh Nyi Ipah teh lancar we;
>sakeudeung
>ge geus nepi ka Purworejo.
>
>
>Di Purworejo, Nyi Ipah meunang warta yen 5 Macan Cirebon geus
>tiwas kabeh; ku Jago Ti Singa Barong. Nyi Ipah rada kaget oge, lantaran nyaho
>yen eta 5 Macan Cirebon teh hebat elmu kanuraganana; mun kitu eta hartina
>Gorombolan Singa Barong teh pasti hebat2 Elmuna; teu bisa dianggap enteng.
>
>
>Nyi Ipah nginep di hiji Panginepan di Purworejo; da kabeneran
>geus peuting pisan; manehna rek nuluykeun perjalanan isukan; bari sakalian
>meuli kuda supaya leuwih gancang nepi ka Wanayasa. Sajeroning nuju ka
>Panginepan, Nyi Ipah rada asa2 .. asa aya nu nuturkeun perjalanana; tapi Nyi
>Ipah teu loba gerak terus we mesen kamar; ngan Nyi Ipah ningkatkeun
>kawaspadaan; bisi enya aya nu rek ngabahayakeun dirina.
>
>
>Di kamarna ; samemeh sare biasa Nyi Ipah sok ngalatih diri
>deui; bari ngadedenge bisi aya nu nyurigakeun; tapi nepi ka manehna reup sare
>ge teu aya nu matak nyurigakeun.
>Hanca
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/