Kacipta payuneun Ka'bah nya...teu aya rasa naon-naon..he..he. Dikorehan dina 
hate teu kapanggih naon anu bisa ngahudang bijil cimata. Sihoreng sesah bijil 
cimata teh upami teu aya rasa rumasa dina ati sanubari mah nya!... 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 8 Dec 2012 07:55:42 
To: Ki Sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: Baraya Sunda<[email protected]>
Subject: [kisunda] Fiksimini - Neangan Cimata

Fikmin #Néangan Cimata#

Rét ka kénca! Aya inghak Si Ibu. Reumbay cimata. Rét ka katuhu! Aya
ingsreuk Si Bapa. Rambisak. Ti tukang, ti hareup, tingsalegruk. Cimatana
tingberebey. Pipina bareueus. Culang cileung. Ngusapan pipina sorangan.
Las, ngusap pipi katuhu. Las deui, ngusap nu kénca. Garing. Taya sésa urut
ngamalir cimata. Panasaran. Disasar ka handapeun kongkolakna, parat ka juru
matana. Keukeuh, puguh ti tadi gé sidik garing. "Na ari batur, kunaon maké
tingalingsreuk, nepi ka juuh cimata sagala?" gerentesna. "Kunaon Ibu
nangis?" "Puguh kagagas Jang! Nu unggal waktu ukur ninggali gambarna dina
sajadah, kiwari aya hareupeun! Kagagas Jang! Ngarakacak! Geuning kaumuran
ku Ibu!" jawab si Ibu ngalimba. "Ari Bapa ku naon pipilueun nginghak?"
"Sami Jang! Banget ku kagagas! Bisa ngalaman saméang madep ngulon, ngidul,
ngetan, atawa ngaler!" ceuk si Bapa tungkul. Kodomang ngodok ransel.
Ngaluarkeun eunteung leutik. Dipencrong! Disidik-sidik! Sugan aya cimata
nyangkrung, ngagenclang di juru panonna. Suwung! "Duh Gusti! Asa ku hayang
boga Cimata!"

Kirim email ke