Tah eta panginten, Bah Oman. Kedah kalatih supaya tiasa sensitif kagungan
rasa rumasa tea.

2012/12/8 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Kacipta payuneun Ka'bah nya...teu aya rasa naon-naon..he..he.
> Dikorehan dina hate teu kapanggih naon anu bisa ngahudang bijil cimata.
> Sihoreng sesah bijil cimata teh upami teu aya rasa rumasa dina ati sanubari
> mah nya!...
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 8 Dec 2012 07:55:42 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Fiksimini - Neangan Cimata
>
>
>
> Fikmin #Néangan Cimata#
>
> Rét ka kénca! Aya inghak Si Ibu. Reumbay cimata. Rét ka katuhu! Aya
> ingsreuk Si Bapa. Rambisak. Ti tukang, ti hareup, tingsalegruk. Cimatana
> tingberebey. Pipina bareueus. Culang cileung. Ngusapan pipina sorangan.
> Las, ngusap pipi katuhu. Las deui, ngusap nu kénca. Garing. Taya sésa urut
> ngamalir cimata. Panasaran. Disasar ka handapeun kongkolakna, parat ka juru
> matana. Keukeuh, puguh ti tadi gé sidik garing. "Na ari batur, kunaon maké
> tingalingsreuk, nepi ka juuh cimata sagala?" gerentesna. "Kunaon Ibu
> nangis?" "Puguh kagagas Jang! Nu unggal waktu ukur ninggali gambarna dina
> sajadah, kiwari aya hareupeun! Kagagas Jang! Ngarakacak! Geuning kaumuran
> ku Ibu!" jawab si Ibu ngalimba. "Ari Bapa ku naon pipilueun nginghak?"
> "Sami Jang! Banget ku kagagas! Bisa ngalaman saméang madep ngulon, ngidul,
> ngetan, atawa ngaler!" ceuk si Bapa tungkul. Kodomang ngodok ransel.
> Ngaluarkeun eunteung leutik. Dipencrong! Disidik-sidik! Sugan aya cimata
> nyangkrung, ngagenclang di juru panonna. Suwung! "Duh Gusti! Asa ku hayang
> boga Cimata!"
>

Kirim email ke