Isukna Nyi Ipah ngalumpatkeun kudana supaya ngaburu waktu; nya akhirna teu dicatur di jalanna sanggeus lima poe lima peuting nepi we ka tutugan Gunung Cerme; terus nuju ka Paguron Walet Hideung.
Atuh kadatangan Nyi Ipah ditarima kalawan daria pisan ku Sari jeung anggota sejenna ; harita di Paguron kabeneran keur kaprak keprek , lantaran rek ngangkat Katua Paguron. Salila ieu memang nu mingpin teh Sari; tapi da tetep teu resmi; ku sabab sagala na geus dipercayakeun ka Sari; nya Sari bisa mutuskeun naon wae nu dianggap perlu; nya atuh Sari mutuskeun teu kudu nungguan deui guruna nya eta Mawar Hideung, ayeuna bakal ngangkat Katua nu RESMI; dimana satiap kaputusan jadi ngiket ka sakumna murid Paguron. Sari ge nawaran ka Nyi Ipah bisi rek nyalonkeun diri; nu tangtu wae ditolak ku Nyi Ipah. Akhirna aya sapuluh murid Mawar Hideung anu nyalonkeun diri; kaasup Sari; terus we diayakeun pilihan nu sifatna masih tetep kakaluargaan; hartina henteu susulumputan; tapi terbuka pisan. Nyi Ipah teu milu nyaksian ieu pamilihan Ketua; lantaran hayang gura giru ka Wanayasa. Nya isukna terus we pamitan ka Sari jeung kabeh murid2 Walet Hideung. Sajeroning Nyi Ipah pamitan Sari rada ngahuleng, ngalamun inget ka kulawargana di Giri Resik; ku sabab manehna nyekel tanggung jawab, salila ieu can sempet manehna mikirkeun soal pribadina. Ku sabab kitu manehna oge mikir, yen lamun geus rengse pamilihan Ketua manehna oge rek nyelang balik heula ka Giri Resik. Kacaturkeun Nyi Ipah nu terus nuju Wanayasa; teu dicatur dijalanna; nepi we ka imahna; barang bus ka imahna ; kabeneran bapana Ajengan Salim keur ka imah H. Syarif; nu narima bojo kadua Ajengan Salim; itu ieu ting raringeuh; sabab sarua teu kenalna. Nyi Badriyah, bojo ajengan Salim nu anyar nu mimiti nanya :”Nyai bade ka saha ? Saha tea Nyai teh ?” Nyi Syarifah, heraneun pisan ku eta pananya; teu gancang ngajawab ngan hareugeueun we … sabalikna Nyi Iyah beuki heran, terus nanya deui :”Aya pikersaeun naon nyai ka dieu; bade ka bapa ? mangga atuh kalebet .” Nyi Ipah terus nyarita :”Ke heula ari ibu saha ? Mana Aba sareng Umi ?” Beuki heran Nyi Iyah, ku ieu pananya Nyi Ipah; terus we gancang nyarita :”Eu …h pasti Nyai naroskeun kersana ajengan Salim; ke heula atuh … calik we heula Ibu rek neang Ki Ajengan.” Leos we NYi Badriyah kaluar; Nyi Ipah mah sina diuk we di tepas, tapi ku sabab ngarasa geus apal jeung ieu teh memang imahna; Nyi Ipah terus we asup larak lirik; manehna heran kamana ari Aba jeung Umi ? Jeung ieu parabotan teh; nyusunna asa beda pisan jeung bareto ? Hanca
