Siti Rayati (1) Moh. Sanoesi Bulan April, poé Saptu, kira-kira pukul lima soré, rabul awéwé lalaki, budak kolot ka pasar kontrakan Ragasirna, ngabalanjakeun duitna, duit ladang késangna buburuh di éta kontrakan.
Beuki ka sareupnakeun beuki jul-jol jelema daratang, sarta ayeuna mah lain bujangbujangna atawa kuli-kulina di éta kontrak baé, tapi ogé ti kontrakan-kontrakan jeung ti lembur séjén anu deukeut ka kontrakan Ragasirna, daratang maruru lalajo wayang golék, anu heuleut saminggu dihaja diayakeun di pasar ku kawasana éta kontrakan. Pukul tujuh di pasar raang cempor jeung lampu anu daragang. Ting kirining kadéngé sora genta anu dagang és, ting korocowok nu dagang céndol jeung bandrék ngumbah pingganna jeung cacangkir anu kotor. “Mangga ka dieu calik Nyi,“ cék nu dagang encit nawarkeun, “mangga geura ningalian sugan baé aya nu kamanah, tah sugan palay paris, atuh ieu jepang bari ditunjuk-tunjuk ku éloan. Nya kitu deui anu séjén teu eureun-eureun tinggarero nalawarkeun daganganana, pada hayang payu. Néng locéng di gedong tuan kawasa di sada pukul satengah dalapan, prung wayang ngamimitian. Henteu lila jebul awéwé opatan kaluar ti gedong, nya rupana mah jajar pasar baé, diselop jéngké, samping jonas, baju batis bulao langit. Ngalangkang rénda kutangna katara bodas, sarta beubeur épékna ngelemeng katémbong beureum, katojo ku sorot lampu listrik ti pabrik. Ting koloprak kadéngé sora selopna, tingkedepruk sora sampingna, bari pada ngeupeul saputangan anu meleber seungit minyak Exora meunang pesen ti van Gorkom ti Jogjakarta, diiringkeun ku tuanna pagawé kontrakan Ragasirna. Peuitng harita mah beunang disebutkeun méh sakontrak éta kabéh karumpul dina wayang, ngan tuan Steenhart sorangan, opziner kebon anu kira-kira saminggu katukang nyaina tilar dunya, ngalong baé ditepas imahna ngadayagdag dina korsi panjang, nyanghareup ka jalan, bari nangkeup harigu, semu aya nu dipikiran. “Fani . . . . . Fani,” manéhna nyalukan anjing kakasihna, anu teu lila torojol bari ngalétakan suku dununganana. “Yaaa Fani . . . . .,” omongna bari hudang, diuk ngusapan bulu anjingna, “kasian ya Fani . . . . . . juragan istri tida ada ya . . . . . kasian . . . . ..” kitu baé kira-kira meunang saparapat jam mah tuan Steenhart ngomong jeng anjingna, bari ngalimba inget ka nyaina anu maot. “Jaya!” manéhna nyalukan jongosna, “coba juragan minta bréndi én bawa dus sigarét.” “Bréndi sareng plésna baé juragan?” “Ya, én bilang sama koki én kebon wengi ini ulah mulih, bisi dateng juragan ti kontrakan Margaluyu.” Henteu lila jol jongos mawa plés bréndi jeung dus sigarét dibakian. “Manéh calik baé di sini Jaya,” tuan Steenhart nyicikeun bréndi kana gelas, “lampu dipareuman baé ya!” Ma’lum tuan totok anu tacan sabaraha lilana aya di tanah Priyangan, ngomongna basa Sunda atawa basa Malayu téh tacan bener, ngan parasaanana dina adat istiadat urang Sunda atawa urang Jawa, rupa-rupana di manéhna pangheula-heulana nyerep, saperti manéhna geus ngarasa ngeunah disembah atawa dipangdiyukkeun ku mandor-mandorna atawa ku kuli-kulina. Nya kitu deui manéhna tuluy ngambek lamun aya anu ngaliwat ka hareupeunana poho teu nyuplak dudukuy atawa teu dongko. Malah urang kontrkan Ragasirna mah, ku tina kasar-kasarna jeung teu kaopan éta tuan, nyarebutna ogé “si Batu” baé anu maksudna maranéhanana pikiranana, éta tuan gangas teuas saperti batu, steen. Da ari geus ngambek téh lain ngan wungkul nyarékan, tapi kudu maké dibarengan ku tajong atawa teunggeul. “Ja .... ya,” manéhna ngomong lalaunan ka jongosna, “pigimana geus anem wengi juragan tida mau kulem ..... én éta si Nénéng katénjo baé én ngomongna ogé kadéngé sama juragan, “ bari nyokot sigarétna, tapi terus diutahkeun deui. “Héh, kenapa sigarét pait Jaya? Nénéng ..... Nénéng .... kasian hoor .....!” gogodeg sirahna bari tuluy nyokot potrét nyaina anu salawasna aya dina méja gigireunana, tuluy diteuteup . . . . . ngok dicium . . . . . pék deui dipencrong . . . . . . tuluy dicium deui .... Kitu baé polahna manéhna nu kaédanan ku nyi Nénéng, nyaina anu geus hilang. “Beu ulah kitu juragan!” cék jongosna nu keur diuk di golodog nyarandé kana tihang “bet kawas lain pameget baé juragan mah.” “Ja, ya, Jaya, manéh bisa ngomong . . . bangsa manéh henteu aya deui anu geulis saperti si Nénéng hoor . . . .!” potrét diteundeun deui ku manéhna kana méja, bari tuluy ngadayagdag nangkeup harigu. Héh sia badé naon?” tuan Steenhart ngoréjat cengkat deui tina korsina bari molotot nyampeurkeun ka tukang kebon anu bébéja rék mulang ka imahna, lantaran anakna gering kacida. “God verrrdomme, juragan tadi sudah bilang monyét, munding, sia misti kulem di sini, God verrrdomme, ayo pergi sia mulih!” sarta tuluy manéhna ninggangkeun manéh kana korsi humandeuar. Teu lila hudang deui, jung nangtung, terus jalan-jalan . . . . . top kana potrét, ngok dicium . . . . gék diuk deui . . . . péndék beuki lila beuki luar biasa lalampahan tuan Steenhart anu kaédanan ku nyaina. Jongosna si Jaya hookeun baé nénjokeun dununganana, teu lemék teu nyarék sieun jeung risi anu aya, malum manéhna mah geus tabah kumaha adat-adatna dununganana. “Jaya . . . . . kumaha sekarang juragan . . . . . .?” “Akh juragan mah,” cék jongosna bari tungkul, “keur naon maké dimanahan deui nu geus teu aya mah, bet kawas teu aya deui baé di dunya téh; kapan éta ogé lain meunang batur, tokh meunang abdi.” “Ja, ya . . . . . sasauran manéh gampang Jaya.” “Is, mémang gampang juragan, néangan deui baé masing leuwih ti kitu ogé, moal enya abdi nepi ka teu bisa meunangkeun, kieu-kieu sotéh abdi téh sésa buaya juragan.” “Ja, ya, Jaya, coba juragan kasi landong,” bari murilit-murilitkeun ramona, “nanti dikasi naik gajih manéh én dapet peresén ti juragan lamun bisa dapet gantina buat juragan istri manéh.” “Akh juragan mah réa saur baé, témpoan baé abdi deukeutna saminggu jauhna dua minggu. Upami abdi teu datang jeung nu . . . . . ,” di dieu si Jaya ngomongna eureun sakeudeung, “lah péndékna mah entong diampihan deui ngaran si Jaya téh. Keur naon abdi mimilu jeung juragan ti kikirik nepi ka jadi anjing, keun pagéto abdi indit.” “Ja, ya, Jaya, isukan ogé saé, sukur ya, sama juragan dikasi ongkos lima puluh pérak.” 4 “Is, atuh maol tiasa isukan mah juragan goréng poéna, puguh geus meunang ngitung abdi pagéto.” “Ya, boléh, hadé . . . . . hadé . . . . .,” bari semu nu atoh ngadéngé pasanggupanana jongosna, sarta rupana manéhna ayeuna rada cénghar, henteu mesum teuing. Kirining sora télépon di jero. “Coba leumpang Jaya, ti juragan Kawasa atawa ti Margaluyu?” Jongos ngincig ka jero, kek télépon dicekel bari didéngékeun, “Ja, ya . . . . . euh . . . . ,” pokna semu nu reuwas, “sumuhun dawuh . . . . . aya di payun . . . . . . , kedah angkat kana télépon . . . .? . . . . unjuk sumangga,” sok télépon di teundeun deui, tuluy manéhna lumpat ngabéjaan dununganana disaur kana télépon ku tuan Kawasa. “Heh,” tuan Steenhart ngarénghap, sarta kalékéd hudang tina korsi, leumpang kana télépon, “Halo . . . . . ya meneer . . . . . ya! . . . . . o, ‘t is goed meneer . . . . . Dag meneer . . . . . eensgelijks . . . . .” “Ja, ya,” cék manéhna gegelendeng, tungkul leumpang lalaunan ka hareup, bari leungeunna nu katuhu narik buukna nu kusut teu disisiran, semu nu keuheul . . . . .! “Isukan isuk-isuk béndi pasang, juragan mesti ngaronda ka afdeeling lima ngawakilan juragan Kawasa.” “Na badé jengkar ka mana juragan Kawasa téh, juragan?” “Ka Batawi, maar isukan juga ogé soré sumping deui én sadia tuang Jaya!” Tuluy jongosna indit ka tukang ngabéjaan koki nyadiakeun dahareun, sarta henteu lila méja geus pinuh ku rupa-rupa kadaharan, kakara meunang ngahaneutkeun. “Parantos sayagi,” cék si Jaya bari dongko. Hésé pisan tuan Steenhart inditna, top nyokot potrét Nyi Nénéng . . . . . soloyong asup ka jeuro imah . . . . gék diuk dina korsi nyanghareupan kadaharan. Potrét anu jalmana geus euweuh dikieuna sok diteundeun gigireunana. Saeutik pisan manéhna daharna, ma’lum nu samar rasa, bari ngekewek potrét nyaina, bari mencrong ngawaskeun jelema balawiri di jalan hareupeun imahna. Tapi sanajan mata beunta , panon molotot ogé, ari lelembutanana mah keukeuh cumantél ka Nyi Nénéng baé, si mustika pupujaning ati. “Néng,” jam disada pukul satengah sabelas, “Jaya!” manéhna ngageroan deui jongosna, nu keur nurun-nurunkeun pot kembang ka buruan diibunkeun, “bébérés én sigarét buat manéh baé ya,” bari tuluy nangtung leumpang rarampéolan ku tina lesuna kurang saré, cara nu satengah mabok, asup ka kamarna. Blug ninggangkeun manéh kana tempat tidur, nangkuban . . . . . blak deui nangkarak, bari panon dipeureum-peureumkeun . . . . . . tapi weléh teu daékeun saré, kerewek guguling digugulung . . . . . .guling gasahan cara nu hareudang . . . . . . weléh henteu daékeun kénéh reup, nepi ka bray beurang sakerejep ogé manéhna teu bisa mondok. Pukul genep isuk-isuk gebrus manéhna mandi, terus dangdan, sarta henteu sasarapan heula, tuluy baé indit ka kebon tumpak béndi, inget kana paréntahan dununganana tuan Kawasa. Datang ka kebon béndi ditunda di jalan ditungguan ku bujangna; terenteng manéhna ka tengah, gorowok nyarékan awéwé anu metik, pédah rada kendor digawéna. Kincing deui ka mandor nu kakara datang, bari huntuna cecekotan cara oray welang keur ngdodoho rék néwak hayam di kolong. Jepluk teu antaraparah deui sukuna mandor ditajong, héak iteuk howéna diteunggeulkeun, bari gantawang nyarékan popolotot: “Monyét munding, bajingan, Jawa busuk,” . . . . . wah jaba ti badan ruksak téh, lebur si mandor dicarékan disesedek, dinaha-naha anu matak manéhna elat datang. Kalakuan tuan Steenhart anu sarupa kitu, geus henteu matak kagét deui pikeun urang kontrakan Ragasirna mah, beunang dusebutkeun kajadian kitu téh unggal poé, nyarékan atawa neunggeulan, nyiksa jelema anu teu pira kasalahanana. Mandor henteu bisa ngajawab sakecap-kecap acan, lantaran ceuli torék mata poék, jeung teu puguh rarasaan, teu puguh téténjoan, urut ditenggeulan ku iteuk hoé. Teu lila terengteng deui tuan Steenhart maju ka tengah bari ngulang-ngulang iteukna, gantawang nyarékan nu keur ngalolongkrang, sapédah teu nyuplak dudukuyna, jeplok tonggongna diteunggeul. Éstu waktu harita manéhna teu béda jeung sapi lalakina nu dikerem teu dibéré nyatu, tuluy dileupaskeun, barangsang murang-maring, datang ka dieu haok, datang ka ditu haok, ngan nyarékan, tatajong jeung teuteunggeul baé. Keur mah atuh tabéatna mémang geus kasar, katambah ayeuna kurang saré, teu pati barang dahar, turug-turug pikiran anu kaédanan. (HANCA)
