Sae tah kang Rachmat, ti payu waktos pemilihan gubernur 2 periode samemehna, si kuring kungsi nyodorkeun strategi nu dimaksud, malah waktu SBY karek kapilih oge si kuring ngaliwatan hiji organisasi kungsi ngasongkeun strategi jeung program pangwangunan anu dijejeran salaku "Orde Prestasi". Ana gorehel teh orde "Gotong Royong" deui wae :) bari jeung kieu kabuktianana, alias teu dianggo pisan sigana teh, duka memang para pelaksanana kurang pas.
manar 2012/12/14 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > *Strategi Kebudayaan Mengembangkan Jawa Barat Untuk Menegakkan NKRI* > * > * > Pamilihan Gubernur Jawa Barat dilaksanakeun 2013. Tahun 2014 pamilon > tingkat nasional. Tahun 2015 diberlakukeun perdagangan Bebas AFTA sa > ASEAN. “Lalu lintas” perekonomian jeung Kabudayaan dunya bakal leuwih > rame, utamana dina perkara informasi. Perekonomian jeung kabudayaan ieu, > salah sahiji lokomotif peradaban dunya. Upama urang teu taki-taki bakal > kagiles ku arus globalisasi. Naon anu kudu disiapkeun dina nyorang mangsa > siga kitu? Teu aya deui, urang kudu bisa “ngigelan” jaman jeung pajamanan. > Kumaha caranya? Nya sacara rereongan disiapkeun ti ayeuna strategi > kabudayaan. Nyaeta hiji cara anu ngalibetkeun sagala kamampuan aspek > lahirian jeung batiniah anu aya pakaitna jeung hirup kumbuh urang salaku > mahluk jeung alam dimana urang cicing. > > Dina perkara pamilon Gubernur Jabar, kudu sering diayakeun dialog-dialog > terbuka para calon jeung masyarakat, ku cara ngayakeun dialog terbuka, > ngawanohkeun ide/gagasan para calon naha di lingkungan kampus atawa di > media citak jeung media elektronik. Tong diayakeun sacara debat antar > calon, sabab ngabalukarkeun paaing-aingan atawa pameunang-meunang. > > Aya hiji tim anu husus ngarumuskeun, aspirasi ti berbaga kalangan, naha > sacara teoritis atawa sacara praktikal. Oge ngarumuskeun hasil > dialog-dialog para calon jeung masyarakat. Rumusan ieu teh dibukukeun, > diserahkeun ka gupernur depinitip, jadi hiji ‘asupan’ pedoman pikeun > ngalaksanakeun pancen gupernur anyar. > (halah punten, basana rada aneh bin ajaib, teu biasa ngarumuskeun gagasan > dina basa Sunda) > > mrachmatrawyani > > >
