Saena mah, diguar deui (dievaluasi), naon anu harita diusulkeun. Teras kumaha buktosna ayeuna. Maksad teh, naon wae kajantenan anu tumiba, sareng disaluyukeun/dipertentangkeun sareng usulan anu kantos diajukeun.
Kuring janten emut "dongeng"na Rizal Ramli anu disalabrkeun dina hiji milis. Waktos SBY janten presiden 2004-2009 Rizal Ramli kantos ngusulekun hiji cara ngokolakeun tanah-tanah di luar Jawa, ku cara ngayakeun perkebunan anu dikelola pihak swasta. Ide ieu teh saurna niron pola anu dilarapkeun ku Malaysia, anu tos kabuktosan sukses, ngaraharjakeun rahayat Malaysia. Eta ide teh ku SBY, ditandaan spidol beureum, tanda saluyu bade dilarapkeun di daerah transmigran Luar Jawa. Lima taun tos kalangkung, eta ide teh teu aya anu dilaksanakeun ku SBY. Anu jelas kabuktosan mah, aya hiji perkebunan di wewengkon lampung anu dikokolakeun ku urang Malaysia, tanahna janten sengketa sareng masyarakat. habitat sato dibukbak, malihan mah sato sato monyet/lutung diusir dihaja diduruk sagala. Maksad kuring, upami aya gagasan dilaksanakeun di lapangan, kedah "dikawal" dina pelaksanaannya, bilih aya penyimpangan anu teu kapalire ku pihak pamarentah. Di dieu pentingna transparansi anu kedah dibewarakeun ka masyarakat, supados masyarakat oge tiasa "mengawal" pelaksanaan kagiatan eta. Tapi rupina pola siga kieu sesah upami dilaksanakeun. mrachmatrawyani ________________________________ From: oman abdurahman <[email protected]> To: [email protected] Cc: urangsunda urangsunda <[email protected]> Sent: Thursday, December 13, 2012 7:00 PM Subject: Re: [kisunda] Strategi Kebudayaan (sunda) nanjeurkeun NKRI Sae tah kang Rachmat, ti payu waktos pemilihan gubernur 2 periode samemehna, si kuring kungsi nyodorkeun strategi nu dimaksud, malah waktu SBY karek kapilih oge si kuring ngaliwatan hiji organisasi kungsi ngasongkeun strategi jeung program pangwangunan anu dijejeran salaku "Orde Prestasi". Ana gorehel teh orde "Gotong Royong" deui wae :) bari jeung kieu kabuktianana, alias teu dianggo pisan sigana teh, duka memang para pelaksanana kurang pas. manar 2012/12/14 MRachmat Rawyani <[email protected]> > >Strategi Kebudayaan Mengembangkan Jawa Barat Untuk Menegakkan NKRI > > >Pamilihan Gubernur Jawa Barat dilaksanakeun 2013. Tahun 2014 pamilon tingkat nasional. Tahun 2015 diberlakukeun perdagangan Bebas AFTA sa ASEAN. “Lalu lintas” perekonomian jeung Kabudayaan dunya bakal leuwih rame, utamana dina perkara informasi. Perekonomian jeung kabudayaan ieu, salah sahiji lokomotif peradaban dunya. Upama urang teu taki-taki bakal kagiles ku arus globalisasi. Naon anu kudu disiapkeun dina nyorang mangsa siga kitu? Teu aya deui, urang kudu bisa “ngigelan” jaman jeung pajamanan. Kumaha caranya? Nya sacara rereongan disiapkeun ti ayeuna strategi kabudayaan. Nyaeta hiji cara anu ngalibetkeun sagala kamampuan aspek lahirian jeung batiniah anu aya pakaitna jeung hirup kumbuh urang salaku mahluk jeung alam dimana urang cicing. > > >Dina perkara pamilon Gubernur Jabar, kudu sering diayakeun dialog-dialog terbuka para calon jeung masyarakat, ku cara ngayakeun dialog terbuka, ngawanohkeun ide/gagasan para calon naha di lingkungan kampus atawa di media citak jeung media elektronik. Tong diayakeun sacara debat antar calon, sabab ngabalukarkeun paaing-aingan atawa pameunang-meunang. > > >Aya hiji tim anu husus ngarumuskeun, aspirasi ti berbaga kalangan, naha sacara teoritis atawa sacara praktikal. Oge ngarumuskeun hasil dialog-dialog para calon jeung masyarakat. Rumusan ieu teh dibukukeun, diserahkeun ka gupernur depinitip, jadi hiji ‘asupan’ pedoman pikeun ngalaksanakeun pancen gupernur anyar. >(halah punten, basana rada aneh bin ajaib, teu biasa ngarumuskeun gagasan dina basa Sunda) > >mrachmatrawyani
