Diantos antos ti kamari, hatur nuhun. Teraskeun deui


________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 12 Desember 2012 17:28
Judul: [Urang Sunda] Roman - Siti Rayati (3)
 

  
Siti Rayati (11-15)
Moh. Sanoesi

“Akh mangga baé ema,” wangsulna si Patimah bari ngedeng nyetrék-nytrékkeun 
ramona, “keun sugan engké kuring aya kahayang.”

Meunang saminggu manéhna henteu kaluar-luar tapi ari duit mah jeung kahakanan 
heunteu petot dianteuran baé ku mandor Sastra, titahan tuan Steenhart.

Barang poé Senén si Patimah geus ngarasa jagjag, tuluy indit deui ka kebon 
bareng jeung awéwé-awéwé séjén nu rék maretik. Dina sajeroning leumpang ka 
kebon, manéhna henteu weléh neneda ka Pangéran nyuhunkeun ulah pinanggih deui 
jeung saperti nu enggeus-enggeus, tapi ari haténa mah sapaparat jalan ngan 
sésérédétan baé, pikir inggis, ati risi, badan curiga baé nu aya, siga-siga 
méré rasa rék papanggih jeung bahaya. “Éh, mugimugi éta tuan sing babalik 
pikir, sing pindah rasa, karunyaeun ka diri aing,” cék manéhna dina haténa, 
“jeung naha ku harianeun, kaniaya éta mandor .......” Ayeuna mah manéhna 
metikna nyampurkeun manéh jeung awéwé-awéwé anu réa, mikirkeun sugan ari loba 
jelema mah éta tuan moal ngolég teuing atawa ngoconan, bogaeun kaéra.

Tatapi da éta walanda teu boga kasopanan, teu nyekel kahormatan, sumawonna boga 
perasaan kamanusaan mah, geus béak kaéra, leungit karisi, nya datang deui, 
datang deui baé, malah ayeuna mah sigana téh beuki wani, tambah nékad pikeun 
muaskeun deui napsuna, abong enya geus kalindih ku iblis, kausap ku sétan.

“Zoo, Patimah,” cék tuan Steenhart ti tukang datang, bari iteukna ditoélkeun 
kana pingpingna si awéwé nu jongjon keur metik.

“Béjana sakit manéh, ayeuna parantos damang?”

Geus teu kudu dicaritakeun deui kakagétanana jeung kareuwasanana si Patimah 
barang manéhna ngdéngé sora tuan nu dipikasiuen ti tadina, sarta karasa 
pingpingna ditoél ku iteukna.

“Paran ...... tos,” wangsulna lalaunan, bari manéhna jongjon metikan pucuk 
entéh.
“Di situ di nu teu panas, manéh metik!” bari iteukna ditunjukkeun ka kobon nu 
béh landeuh.
“Nah ini juragan maparin artos.”

Mimiti mah si Patimah cicing baé, malah teu malik-malik acan, tungkul baé 
metik, haténa bingung mikiran éta duit nu diasong-asong ka hareupeunana bari 
mikir, ditampa kumaha, teu ditampa kumaha,sok sieun aya balukarna anu bakal 
margahala deui kana dirina.

Nya tungtungna ku tina keukeuhna anu méré, song leungeunna nu katuhu 
diasongkeun nampanan duit dua ringgit, bari tuluy diasupkeun kana pésak 
kutangna.

“Nou, salamet tinggal,” cék tuan Steenhart, bari noél pipina si Patimah, sarta 
yuluy indit bari muter-muterkeun iteukna.

Teu kungsi lila jol mandor Sastra, datang bari ngajanteng hareupeun si Patimah, 
semusemu nu boga picaritaeun, tapi ku manéhna teu dirérét-rérét acan, sumawonna 
dibéré budi mah, malah lalaunan manéhna maju ka tengah ngajauhan éta mandor, 
anu moal salah deui cék pikirna, tangtu éta mandor dititah deui ku si Batu, si 
sétan, tuan Steenhart, nipu manéhna. “Nyai,” cék manéhna ngaharéwos, “bisi 
tacan jagjag pisan mah balik baé. Bisi karugrag, keun entong salempang bayaran 
mah, nyaho diaya baé.

“Akh, keun baé juragan mandor,” wangsulna, “da éta kesel lila di imah téh.”

Sanajan manéhna haténa mah jéngkél, pendek sebel nénjo éta mandor, tapi manéhna 
panjang pikirna, nya henteu daék ngaluarkeun omongan nu goréng atawa kasar, 
sumawonna méré budi haseum mah, sabab sieun meunang cilaka, malum nu jadi 
mandor ka kulina, sarta sanajan dicarék ogé digawé satungtung kaduga mah 
manéhna ngeureuyeuh baé unggal poé metik.

Ti harita éta tuan Steenhart henteu elat ngaronda ka kebon, sarta henteu petot 
manéhna nepungan si Patimah bari ngajak ngomong.

Nya kitu deui paméréna henteu kurang, geus puguh papakéan mah jeung duit, ka 
kahakanan-kahakanan, nya keur manéhna nya keur indungna, dianteurkeun ku 
panglayarna mandor Sastra.

Kitu deui éta tuan, ngageremet baé dina atina, mikiran kumaha akalna, kumaha 
jalanna sangkan manéhna bisa mindeng patepung jeung si Patimah di tempat nu 
suni tur buni, pikeun muaskeun deui haténa anu dolim, bari diuk dina korsi 
nyanghareup ka jalan.

“Jaya, si Fani ranté, sebab suka gelut sama anjing kampung.”
“Anjing kampung ti mana juragan?” wangsulna, bari nyokot ranté ka gudang.
“Kapan sekarang poé Saptu, nu angkat di pasar sok mawa anjing!”
“Aéh sumuhun ayeuna téh bayaran,” bari tuluy si Jaya gagancangan ngaranté si 
Fani.

Soré trong kohkol dititirkeun saperti sasari, ngabéjaan yén geus pukul lima, 
sarta kulikuli awéwé lalaki karumpul di elos rék nampa bayaranana.

Kira-kira pukul satengah genep, jol tuan Steenhart datang ngélék buku 
diiringkeun ku mandor besar ngajingjing kantong duit ka elos rék mayaran 
kuli-kulina. Tuan nyebutan ngaran hiji-hijina kuli jeung sabaraha kuduna 
narima, sarta mandor mayaranana.

Ngaran si Patimah nu biasana ka tukang-tujang ka sebut nomor dua puluh dina 
bukuna, harita mah manéhna henteu ngadéngé dicalukan, singhoréng téh ayeuna mah 
dihaja ku tuan Steenhart dipandeurikeun.

Atuh kapaksa manéhna ngadagoan nepi ka béakna kira-kira pukul satengah dalapan 
peuting.

Barang bayaran geus tutup jelema-jelema geus pada marulang, aya nu terus ka 
pasar, aya nu balik baé ka imahna, ka jaba si Patimah nu cingogo hareupeun 
mandor besar, tuluy tuan ngomong: “Patimah ulah marah ya, ini artos récéh rék 
dianggo sama juragan, aya perlu, tapi diganti nanti sama artos pérak ......”

“Da éta sok hésé ditukeurkeunana ari artos pérak mah juragan,” diwangsul ku si 
Patimah bari tungkul nyokélan taneuh.

“Akh masa, kapan pasar sekarang, nanti baé ya pukul dalapan candak ka gedong 
juragan, samasakali buat mama manéh,” bari tuluy manéhna balik diiring ku 
mandor. Si Patimah teu ngomong deui, terus baé ka imahna bébéja ka indungna 
kudu dicokot ku manéhna sorangan ka gedong.

Indungna henteu talété tatanya nu leuwih panjang ka anakna, sarta pokna: “Nyai 
cokot baé atuh engké geus dahar.”

“Ah, keun baé ma, moal dahar,” wangsulna, “tacan hayang.”

Padahal manéhna nyebatkeun teu hayang dahar sotéh, lain naon-naon, tapi bingung 
mikiran diri kudu indit ka gedong nyokot bayaran manéhna jeung indungna. Susah 
kumaha nya pilampaheun, lantaran tetep haténa sieuneun ditipu deui saperti nu 
enggeus-enggeus. Ngajanteng baé manéhna nyarandé kana tihang awi, ngahuleng 
semu nu mikir, bari ngégélan biwir, siga nu keuheul.

“Lain hencig atuh nyai,” cék indungna nitah ka anakna indit ka gedong, “bisi 
elat teuing engké mah.”

Jut si Patimah turun, sarta siga nu horéam leumpang bari tungkul, ngégélan juru 
carécétna nu dikeupeul, nyokot duit ka imah tuan.

“Kang!” cék manéhna, nyalukan ka jongos nu nyalindangkeun serebét, keur ngosok 
séndok jeung garpuh, “pang ngunjukkeun ka tuan kuring badé ngabantun bayaran.”

“Aéh enya baé,” témbalna, “ké dagoan nyi,” bari terus manéhna gagancangan ka 
jero ngabéjaan dununganana nu keur ngadayagdag dina korsi panjang di kamar 
hareupeun tempat tidur, maca surat kabar.

“Tok-tok,” si Jaya ngetrokan panto kamar, bray panto ti jero dibukakeun ku 
dununganana.

“Itu pun Patimah téa badé ngabantun bayaran sanggemna,? Bari cingogo nolol tina 
panto.

“Ya, dateng baé, sina candak ku sorangan,” témbalna bari diuk deui dina korsi 
api-api nu maca.

Si Patimah barang dibéjaan yén kudu dicokot baé ka jero ku manéh, di dinya 
manéhna sabil haténa, bari mikir: “Indit aing ka jero nurutkeun kahayangna 
tuan, sok sieun diri aing cilaka deui, dipaksa dihina, ..... balik deui aing ka 
imah kumaha .....”

“Geuwat atuh nayi, hararésé teuing,” cék si Jaya, “bisi kaburu ngambek, meureun 
nyaho adatna, kapan geuning manéhna mah misah ti batur.”

Si Patimah nu geus asa kerewek, asa gep baé dicekel ku tuan Steenhart, ngeteyep 
leumpang lalaunan nyampeukeun ka kamar.

“Zoo, Patimah ...... asup baé ya, jangan isin mari deket juragan,” tuan cengkat 
tina korsina nyampeurkeun ka lawang meundeutkeun panto.

Ésor-ésoran si Patimah tapak deku nyampeurkeun, gék diuk dihareupeunana, tapi 
pikiranana mah geus teu puguh.

Kerewek leungeun manéhna ditarik ku tuan Steenhart ka luhur sina nangtung rék 
didiukkeun dina korsi.

“Aduh alim juragan,” cék si Patimah bari morosotkeun leungeunna ka handap, 
“tobat abdi mah alim, pék geura abdi mah ngajerit baé,” bari tuluy manéhna 
ngajedagkeun manéh nyuuh ka juru.

“Tida mau sia?” tuan Steenhart nyokot péstol tina méja bari dipasang siga nu 
rék ngabedil, “hayang paéh sia?”

Si Patimah dicekel ku leungeun duanana dipaksa ditangtungkeun, sarta terus 
dikaléng bari disurungkeun ...... jung dipangku ..... blug dikedengkeun dina 
tempat tidur ..... Atuh sabaraha tanaga awéwé, komo ieu mah rék diancam 
dipaéhan sagala, saha nu teu rék sieun saha nu rék teu pasrah, nya manéhna geus 
teu bisa walakaya deui, nurutkeun sakahayang tuan Steenhart .........

Kurang leuwih sajam si Patimah di kamar digugulung, digulanggapér dina tempat 
tidur.

Ma Sarminah ngadekul baé nungguan anakna di golodog imahna bari ngabulaéh 
nyeupah.

Teu lila torojol si Patimah datang bari mawa bungkusan kuéh basah paméré koki.

“Naha lila-lila teuing nyai?” cék indungna bari indit ka jero imah mawa wadah 
seupaheun.

“Puguh ka pasar heula kuring téh ma,” wangsulna, “bieuna mah rék meuli 
pibajueun, tapi euweuh nu bogoh. Tah ieu duit ma, jeung ieu kuéh paméré koki.”

“Pék atuh kadinya geura dahar, tah jeung angeun taleus, laukna tuh nyokot 
pindang,” cék ma Sarminah, bari ngadahar kuéh pangirim anakna.

Si Patimah teu hayang-hayang ogé, maksakeun manéh baé dahar, sabab sieuneun 
katara lalampahan manéhna anu hina, péndék manéhna pageuh ngandung rasiah ka 
indungna, lantaran risi jadi matak ka emana anu geus sakitu kakolotanana.

Sanggeus manéhna dahar, paparobatan geus pérén, tuluy baé ngedeng sarta teu 
cacarita nanaon ka indungna, nyaritakeun nyeri awak atawa lesu, sanajan badan 
manéhna rasana mun enggeus mah teu béda jeung nu mentas dirangkétan.

“Eh, Gusti .... abong-abong nya geus milik diri bagja awak ..... nepi ka kieuna 
diri ......” manéhna sasambat dina jero haténa, bari nangkarak ngararasakeun 
capé.

Isuk-suk sanajan badanna masih lalungsé kénéh ogé, manéhna maksakeun manéh baé 
indit ka kebon.

Tuan Steenhart beuki lila beuki nyantél haténa ka si Patimah, tapi dina 
sajeroning ngalampahkeun kitu, manéhna henteu daékeun terus terang, tapi sumput 
salindung baé, lantaran tuan kawasa ngalarang kasakabéh pagawéna bangsa 
walanda, teu meunang maénmaén jeung awéwé anu digarawé di kontrakan.
(HANCA)

 

Kirim email ke