Siti Rayati (11-15)
Moh. Sanoesi

“Akh mangga baé ema,” wangsulna si Patimah bari ngedeng nyetrék-nytrékkeun
ramona, “keun sugan engké kuring aya kahayang.”

Meunang saminggu manéhna henteu kaluar-luar tapi ari duit mah jeung
kahakanan heunteu petot dianteuran baé ku mandor Sastra, titahan tuan
Steenhart.

Barang poé Senén si Patimah geus ngarasa jagjag, tuluy indit deui ka kebon
bareng jeung awéwé-awéwé séjén nu rék maretik. Dina sajeroning leumpang ka
kebon, manéhna henteu weléh neneda ka Pangéran nyuhunkeun ulah pinanggih
deui jeung saperti nu enggeus-enggeus, tapi ari haténa mah sapaparat jalan
ngan sésérédétan baé, pikir inggis, ati risi, badan curiga baé nu aya,
siga-siga méré rasa rék papanggih jeung bahaya. “Éh, mugimugi éta tuan sing
babalik pikir, sing pindah rasa, karunyaeun ka diri aing,” cék manéhna dina
haténa, “jeung naha ku harianeun, kaniaya éta mandor .......” Ayeuna mah
manéhna metikna nyampurkeun manéh jeung awéwé-awéwé anu réa, mikirkeun
sugan ari loba jelema mah éta tuan moal ngolég teuing atawa ngoconan,
bogaeun kaéra.

Tatapi da éta walanda teu boga kasopanan, teu nyekel kahormatan, sumawonna
boga perasaan kamanusaan mah, geus béak kaéra, leungit karisi, nya datang
deui, datang deui baé, malah ayeuna mah sigana téh beuki wani, tambah nékad
pikeun muaskeun deui napsuna, abong enya geus kalindih ku iblis, kausap ku
sétan.

“Zoo, Patimah,” cék tuan Steenhart ti tukang datang, bari iteukna
ditoélkeun kana pingpingna si awéwé nu jongjon keur metik.

“Béjana sakit manéh, ayeuna parantos damang?”

Geus teu kudu dicaritakeun deui kakagétanana jeung kareuwasanana si Patimah
barang manéhna ngdéngé sora tuan nu dipikasiuen ti tadina, sarta karasa
pingpingna ditoél ku iteukna.

“Paran ...... tos,” wangsulna lalaunan, bari manéhna jongjon metikan pucuk
entéh.
“Di situ di nu teu panas, manéh metik!” bari iteukna ditunjukkeun ka kobon
nu béh landeuh.
“Nah ini juragan maparin artos.”

Mimiti mah si Patimah cicing baé, malah teu malik-malik acan, tungkul baé
metik, haténa bingung mikiran éta duit nu diasong-asong ka hareupeunana
bari mikir, ditampa kumaha, teu ditampa kumaha,sok sieun aya balukarna anu
bakal margahala deui kana dirina.

Nya tungtungna ku tina keukeuhna anu méré, song leungeunna nu katuhu
diasongkeun nampanan duit dua ringgit, bari tuluy diasupkeun kana pésak
kutangna.

“Nou, salamet tinggal,” cék tuan Steenhart, bari noél pipina si Patimah,
sarta yuluy indit bari muter-muterkeun iteukna.

Teu kungsi lila jol mandor Sastra, datang bari ngajanteng hareupeun si
Patimah, semusemu nu boga picaritaeun, tapi ku manéhna teu dirérét-rérét
acan, sumawonna dibéré budi mah, malah lalaunan manéhna maju ka tengah
ngajauhan éta mandor, anu moal salah deui cék pikirna, tangtu éta mandor
dititah deui ku si Batu, si sétan, tuan Steenhart, nipu manéhna. “Nyai,”
cék manéhna ngaharéwos, “bisi tacan jagjag pisan mah balik baé. Bisi
karugrag, keun entong salempang bayaran mah, nyaho diaya baé.

“Akh, keun baé juragan mandor,” wangsulna, “da éta kesel lila di imah téh.”

Sanajan manéhna haténa mah jéngkél, pendek sebel nénjo éta mandor, tapi
manéhna panjang pikirna, nya henteu daék ngaluarkeun omongan nu goréng
atawa kasar, sumawonna méré budi haseum mah, sabab sieun meunang cilaka,
malum nu jadi mandor ka kulina, sarta sanajan dicarék ogé digawé satungtung
kaduga mah manéhna ngeureuyeuh baé unggal poé metik.

Ti harita éta tuan Steenhart henteu elat ngaronda ka kebon, sarta henteu
petot manéhna nepungan si Patimah bari ngajak ngomong.

Nya kitu deui paméréna henteu kurang, geus puguh papakéan mah jeung duit,
ka kahakanan-kahakanan, nya keur manéhna nya keur indungna, dianteurkeun ku
panglayarna mandor Sastra.

Kitu deui éta tuan, ngageremet baé dina atina, mikiran kumaha akalna,
kumaha jalanna sangkan manéhna bisa mindeng patepung jeung si Patimah di
tempat nu suni tur buni, pikeun muaskeun deui haténa anu dolim, bari diuk
dina korsi nyanghareup ka jalan.

“Jaya, si Fani ranté, sebab suka gelut sama anjing kampung.”
“Anjing kampung ti mana juragan?” wangsulna, bari nyokot ranté ka gudang.
“Kapan sekarang poé Saptu, nu angkat di pasar sok mawa anjing!”
“Aéh sumuhun ayeuna téh bayaran,” bari tuluy si Jaya gagancangan ngaranté
si Fani.

Soré trong kohkol dititirkeun saperti sasari, ngabéjaan yén geus pukul
lima, sarta kulikuli awéwé lalaki karumpul di elos rék nampa bayaranana.

Kira-kira pukul satengah genep, jol tuan Steenhart datang ngélék buku
diiringkeun ku mandor besar ngajingjing kantong duit ka elos rék mayaran
kuli-kulina. Tuan nyebutan ngaran hiji-hijina kuli jeung sabaraha kuduna
narima, sarta mandor mayaranana.

Ngaran si Patimah nu biasana ka tukang-tujang ka sebut nomor dua puluh dina
bukuna, harita mah manéhna henteu ngadéngé dicalukan, singhoréng téh ayeuna
mah dihaja ku tuan Steenhart dipandeurikeun.

Atuh kapaksa manéhna ngadagoan nepi ka béakna kira-kira pukul satengah
dalapan peuting.

Barang bayaran geus tutup jelema-jelema geus pada marulang, aya nu terus ka
pasar, aya nu balik baé ka imahna, ka jaba si Patimah nu cingogo hareupeun
mandor besar, tuluy tuan ngomong: “Patimah ulah marah ya, ini artos récéh
rék dianggo sama juragan, aya perlu, tapi diganti nanti sama artos pérak
......”

“Da éta sok hésé ditukeurkeunana ari artos pérak mah juragan,” diwangsul ku
si Patimah bari tungkul nyokélan taneuh.

“Akh masa, kapan pasar sekarang, nanti baé ya pukul dalapan candak ka
gedong juragan, samasakali buat mama manéh,” bari tuluy manéhna balik
diiring ku mandor. Si Patimah teu ngomong deui, terus baé ka imahna bébéja
ka indungna kudu dicokot ku manéhna sorangan ka gedong.

Indungna henteu talété tatanya nu leuwih panjang ka anakna, sarta pokna:
“Nyai cokot baé atuh engké geus dahar.”

“Ah, keun baé ma, moal dahar,” wangsulna, “tacan hayang.”

Padahal manéhna nyebatkeun teu hayang dahar sotéh, lain naon-naon, tapi
bingung mikiran diri kudu indit ka gedong nyokot bayaran manéhna jeung
indungna. Susah kumaha nya pilampaheun, lantaran tetep haténa sieuneun
ditipu deui saperti nu enggeus-enggeus. Ngajanteng baé manéhna nyarandé
kana tihang awi, ngahuleng semu nu mikir, bari ngégélan biwir, siga nu
keuheul.

“Lain hencig atuh nyai,” cék indungna nitah ka anakna indit ka gedong,
“bisi elat teuing engké mah.”

Jut si Patimah turun, sarta siga nu horéam leumpang bari tungkul, ngégélan
juru carécétna nu dikeupeul, nyokot duit ka imah tuan.

“Kang!” cék manéhna, nyalukan ka jongos nu nyalindangkeun serebét, keur
ngosok séndok jeung garpuh, “pang ngunjukkeun ka tuan kuring badé ngabantun
bayaran.”

“Aéh enya baé,” témbalna, “ké dagoan nyi,” bari terus manéhna gagancangan
ka jero ngabéjaan dununganana nu keur ngadayagdag dina korsi panjang di
kamar hareupeun tempat tidur, maca surat kabar.

“Tok-tok,” si Jaya ngetrokan panto kamar, bray panto ti jero dibukakeun ku
dununganana.

“Itu pun Patimah téa badé ngabantun bayaran sanggemna,? Bari cingogo nolol
tina panto.

“Ya, dateng baé, sina candak ku sorangan,” témbalna bari diuk deui dina
korsi api-api nu maca.

Si Patimah barang dibéjaan yén kudu dicokot baé ka jero ku manéh, di dinya
manéhna sabil haténa, bari mikir: “Indit aing ka jero nurutkeun kahayangna
tuan, sok sieun diri aing cilaka deui, dipaksa dihina, ..... balik deui
aing ka imah kumaha .....”

“Geuwat atuh nayi, hararésé teuing,” cék si Jaya, “bisi kaburu ngambek,
meureun nyaho adatna, kapan geuning manéhna mah misah ti batur.”

Si Patimah nu geus asa kerewek, asa gep baé dicekel ku tuan Steenhart,
ngeteyep leumpang lalaunan nyampeukeun ka kamar.

“Zoo, Patimah ...... asup baé ya, jangan isin mari deket juragan,” tuan
cengkat tina korsina nyampeurkeun ka lawang meundeutkeun panto.

Ésor-ésoran si Patimah tapak deku nyampeurkeun, gék diuk dihareupeunana,
tapi pikiranana mah geus teu puguh.

Kerewek leungeun manéhna ditarik ku tuan Steenhart ka luhur sina nangtung
rék didiukkeun dina korsi.

“Aduh alim juragan,” cék si Patimah bari morosotkeun leungeunna ka handap,
“tobat abdi mah alim, pék geura abdi mah ngajerit baé,” bari tuluy manéhna
ngajedagkeun manéh nyuuh ka juru.

“Tida mau sia?” tuan Steenhart nyokot péstol tina méja bari dipasang siga
nu rék ngabedil, “hayang paéh sia?”

Si Patimah dicekel ku leungeun duanana dipaksa ditangtungkeun, sarta terus
dikaléng bari disurungkeun ...... jung dipangku ..... blug dikedengkeun
dina tempat tidur ..... Atuh sabaraha tanaga awéwé, komo ieu mah rék
diancam dipaéhan sagala, saha nu teu rék sieun saha nu rék teu pasrah, nya
manéhna geus teu bisa walakaya deui, nurutkeun sakahayang tuan Steenhart
.........

Kurang leuwih sajam si Patimah di kamar digugulung, digulanggapér dina
tempat tidur.

Ma Sarminah ngadekul baé nungguan anakna di golodog imahna bari ngabulaéh
nyeupah.

Teu lila torojol si Patimah datang bari mawa bungkusan kuéh basah paméré
koki.

“Naha lila-lila teuing nyai?” cék indungna bari indit ka jero imah mawa
wadah seupaheun.

“Puguh ka pasar heula kuring téh ma,” wangsulna, “bieuna mah rék meuli
pibajueun, tapi euweuh nu bogoh. Tah ieu duit ma, jeung ieu kuéh paméré
koki.”

“Pék atuh kadinya geura dahar, tah jeung angeun taleus, laukna tuh nyokot
pindang,” cék ma Sarminah, bari ngadahar kuéh pangirim anakna.

Si Patimah teu hayang-hayang ogé, maksakeun manéh baé dahar, sabab sieuneun
katara lalampahan manéhna anu hina, péndék manéhna pageuh ngandung rasiah
ka indungna, lantaran risi jadi matak ka emana anu geus sakitu kakolotanana.

Sanggeus manéhna dahar, paparobatan geus pérén, tuluy baé ngedeng sarta teu
cacarita nanaon ka indungna, nyaritakeun nyeri awak atawa lesu, sanajan
badan manéhna rasana mun enggeus mah teu béda jeung nu mentas dirangkétan.

“Eh, Gusti .... abong-abong nya geus milik diri bagja awak ..... nepi ka
kieuna diri ......” manéhna sasambat dina jero haténa, bari nangkarak
ngararasakeun capé.

Isuk-suk sanajan badanna masih lalungsé kénéh ogé, manéhna maksakeun manéh
baé indit ka kebon.

Tuan Steenhart beuki lila beuki nyantél haténa ka si Patimah, tapi dina
sajeroning ngalampahkeun kitu, manéhna henteu daékeun terus terang, tapi
sumput salindung baé, lantaran tuan kawasa ngalarang kasakabéh pagawéna
bangsa walanda, teu meunang maénmaén jeung awéwé anu digarawé di kontrakan.
(HANCA)

Kirim email ke