Siti Rayati (21-25) Moh. Sanoesi Ku manéhna dicaritakeun bébéakan ka mandor Sastra sakumaha nu geus kalampahan, nepi ka ayeuna boga kakandungan, anu saenya-enyana kabéh ogé geus aya dina sakuna mandor téa. Ogé ku manéhna dibéak-béakkeun kumaha kasusahanana jeung kahinaanana upama manéhna boga anak taya bapaan.
“Bener Patimah, ulah kapalang ayeuna mah,” cék mandor, “perkara nyaritana mah keun baé ditanggung, manéh mah nyaho dibérés baé. Ngan ulah, miceun baé engké ari manéh geu aya di gedong,” bari seuri, sarta tuluy manéhna dangdan. “Aduh juragan teu aya petana,” wangsulna bari tungkul semu nu éra. Kira-kira pukul tujuh soré, bral maranéhanana arindit ka gedong nepungan tuan Steenhart, nu kabeneran keur aya diuk di hareup, maké baju kamprét jeung calana tidur bari maca buku. “Pangapunten,” mandor Sastra datang ka hareupeunana, cong nyembah, bari gék diuk mando di golodog. “Aya naon Sastra?” Cék Tuan cengkat tina korsi, bari neundeun bukuna dina méja. “Nambut artos manéh meureun, ya?” “Sanés juragan,” wangsulna, “mugi ulah jadi bendu baé, jisim abdi kumawantun unjukan .......” “Ya, ya, aya naon ulah sasauran baé ..... “ “Sayaktosna mah sareng pun Patimah abdi kadieu téh, margi manéhna nu gaduh piunjuk mah, dupi abdi mah mung ngajejeran baé bubuhanana,” bari acong-acongan nyembah, henteu béda jeung jelema tukang ngajilat, cari muka hayang kapaké ku dununganana, nu ngeunah kénéh cicing dina jaman Majapahit. “Di mana sekarang, coba saur ka sini,” cék tuan Steenhart bari leguk nginum bréndi. Mandor ngincrig ka tukang, néang Patimah nu keur nyarita jeung koki di dapur. Teu lila jol datang ka hareup, cedok nyembah, gék diuk, tapi émok baé henteu mando, lantaran eungap ku kakandungan, nu umurna geus dalapan bulan. Pok mandor ngomong sakumaha nu geus dibadamikeun tadi di imah, sarta caritaanana diatur dilelemu, dilelewang, sangkan dununganana welaseun jeung asiheun ka Patimah. Tapi salah tina sangka, béda tina cipta, tuan Steenhart jung nangtung bari nulak cangkéng, panon molotot, ngagorowok gagantawangan nyarékan: “God verrrrr domme bari mandor dijedagkeun ku sukuna. “Sumuhun da .... wuh, sumuhun dawuh ..... ,” wangsulna mandor bari tuluy cengkat ....... cedok nyembah ...... mando deui. “Lonté ...... gladag ...... juragan misti kawin sia hah ..... sundel .....!” Tuan Steenhart terus nyarékan Patimah, sarta beuki lila beuki rongkah ambekna. Eureun nyarékan Patimah, tuluy malikan deui ngalabrak nyarékan mandor, “Sia lagi mandor gélo, Godverrrrdomme, ayo sia mulih anjing ..... candak lekas si lonté hah ..... bari sukuna nu katuhu teu eureun najongan Patimah katut mandor. Keteyep maranéhanana indit lalaunan, pairing-iring, nuju ka imahna mandor Sastra. Datang ka imah bluk baé Patimah nyuuh di juru, ngagukguk ceurik, duka pabaur jeung nalangsa, ngangres ngenes kabéh aya, bari sasambat: “Eh, juragan mandor, kumaha atuh kuring téh ..... naha henteu dipaéhan baé kuring téh tadi sareng dikikieu mah .... éh tobat ema kumaha kuring téh ayeuna ari geus kieu ......” Henteu lila manéhna ayana di imah mandor tapi tuluy baé amitan mulang. Panon beureum, carindul, gelung kusut,baju risek, tungkul leumpang katukangeun imah, balik ka panganjrekan. Ambu Amri nu keur mawa ulin anakna di tepas, kagét barang manéhna nénjo Patimah datang bari nyusutan cipanon, tuluy asup ka enggon, nyegruk ceurik. “Kunaon nyai ......? jeung tas ti mana bieu téh .....?” Cék Ambu Amri bari nyampeurkeun ka lawang pangkéngna. “Henteu, Ambu, ..... “ témbalna, bari dumareuda. Sapeuting éta manéhna mikir kumaha nya pilampaheun: “Di dieu aing cicing nepi ka ngajuru ..... tangtu aing meunang wiwirang ...... aah nya kumaha engké baé ..... leuwih hadé aing peuting ieu kénéh ogé indit ti dieu ......” Pukul dua tengah peuting, keur meujeuhna jemplang-jempling pisan, manéhna hudang, tuluy muntel papakéanana, sarta lalaunan indit ka luar, ngais buntelan papakéan, leumpang sakaparan-paran, heuteu puguh nu dijugjug, éstu nuturkeun indung suku baé, nikreuh maju ka wétan. Ku ati nu keur sedih, haté nu keur bingbang, perjalanan anu sakitu susahna jeung weritna, ku manéhna samasakali heunteu karasa atawa boga ati miris, tapi terus manéhna nikreuh, kalawan haté gedé jeung luas. Hayam kadéngé lapat-lapat kongkorongok. Dur bedug di tajug ....... pukul opat subuh ....... lila-lila mimiti manuk kadéngé récét disarada ..... jelema mimiti katénjo ngabrul marawa pacul ka sarawah ...... nu nanggung nungtutan daratang ...... peuting ka ganti ku beurang ..... pukul genep isuk-isuk ....... Patimah tuluy eureun, diuk di sisi jalan, handapeun tangkal kiara, ngaso ngareureuhkeun capé. Kira-kira pukul satengah tujuh manéhna ngeureuyeuh deui leumpang bari muru sugan papanggih jeung warung. Nya teu kungsi sajam, manéhna nepi ka lembur Sindangpalay, anu teu wudu ogé gegek jelemana. Bus manéhna asup ka hiji warung sangu, diuk dina bangku deukeut nu keur dalahar. “Cing kuring paparin kuah saketipeun kulan,” cék manéhna bari ngalésotkeun aisan papakéanana. Ngalinggut manéhna dahar anu kacida pisan ponyona. Dadaharan geus seubeuh, ayeuna tinggal lungséna. Satulang-tulang jeung sabuku-buku karasa cangkeul jeung nyeri, sarta tuluy manéhna permisi ka nu boga warung diuk di tepasna, nangunjarkeun suku bari ngurutan manéh. “Badé angkat ka mana nyai téh?” Cék nu boga warung ka Patimah, “hég keur bobot kituh, mangga ieu samak Nyai jeung anggel,” bari diasongkeun, cara nu karunyaeun pisan. “Euleuh nuhun ema,” wangsulna bari samak tuluy diamparekun, “ah punten baé ema, kuring badé ngagéléhé sakedap. “Mangga téh teuing Nyai, teu aya pamengan, sanés Nyai téh badé ka mana? “Ti dinya ema ti Ragasirna, badé wangsul ka Sukabumi.” “Naha nyalira baé mana ari raka?” “Numawi nembé saminggu tilar dunya. Puguh kuring téh susuganan boga kénéh dulur di Sukabumi rék ménta dirawatan baé satungtung tacan ngajuru mah.” “Alah Nyai, sakitu sabrol-broleun étah geuning ..... entong Nyai di dieu baé di ema ...... entong mikir naon-naon ..... keun baé da sakopeun baé mah aya .....” cék tukang warung, bari ngulang-ngulang hoé, ngagebahan laleur anu ngagembrong kana kahakanan. “Di dieu baé Nyai entong terus, ari kesel-kesel mah tuh ngamesin. Gampang ari geus salamet mah, masing rék kamana-mana ogé pék baé. Geura kumaha lamun engké ngajuru di tengah-tengah jalan. Sarta sanajan salamet ogé nepi ka Sukabumi, leuheung basa lamun aya kénéh sadérék, kumaha lamun teu nyampak?” Barang Patimah ngadéngé omongan tukang warung anu sakitu daréhdéhna, sarta anu sakitu siga nyaahna, bray pikiranana muka henteu sumpeg teuing, bari mikir dina jero haténa: “Ah enya aing rék di dieu baé, satungtung betah mah, da moal aya nu nyahoeun ieuh ......” sarta tuluy manéhna ngomong ka nu baoga warung: “Atuh nuhun ema, ari kersa ngampihan mah ka kuring .....” “Enya Nyai, entong asa-asa, hiap ka dieu,” sarta Patimah tuluy ditungtun ku nu boga warung, diperenahkeun dina hiji pangkéng. Kurang leuwih meunang sabulan manéhna cicing di imah tukang warung, sarta di dinya manéhna dipetakeun kana ngaput, nyieunan baju budak. Kacida manéhna dipikanyaahna, lantaran katénjo bisa digawé tur alus; ari ku kitu téa mah malum, saeutik-saeutikeun mah manéhna téh boga pangajaran, keur waktu ngagandék di Bandung téa. Ari peuting méméh saré di enggon euweuh deui nu dipikiran ku manéhna, lian ti kakandunganana: “Dikumahkeun engké anak aing, lamun aing geus ngajuru jeung kamana aing nya piloseun, di dieu baé teu betah ari lila-lila mah ...... dibawa éta budak ka Cianjur ....... leuheung basa lamun aya nu ngarawatan ..... tapi kumaha lamun euweuh ..... sarta lila-lila mah tangtu kanyahoanana ..... ah leuwih hadé aing indit baé ti dieu ngadon ngajuru di jalan, supaya ulah aya nu nganyahoankeun. Peuting harita kénéh, kira-kira manéhna nganjrekna geus meunang 29 poé, terus baé manéhna indit, minggat. Isuk-isuk nu boga warung gujrud kaleungitan Patimah, sarta papakéan kabéh dibawa. Beuteung bureuyeung, manéhna indit, leumpang sapoé jeput mabal ka sawah. Kabeneran barang reup peuting, manéhna datang ka lembur, sarta tuluy nyiruruk di warung. Sapeuting manéhna ngalempréh baé, lungsé jeung capé, teu bisa saré ngarasakeun beuteung kukusialan, cara nu rék ngajuru. Ratug haténa, sok sieun manéhna ngajuru di warung. Sanggeus kira-kira pukul opat, kukusialanana beuki kacida, sarta cék dina pikirna nya dina peuting éta atawa isuk-isukna manéhna bakal ngajuru téh, bari tuluy hudang indit neruskeun perjalananana, muru ngajuru di jalan, supaya ulah aya nu nganyahoankeun. Karék baé kira-kira meunang sapal leumpangna, di palebah désa Cirayati manéhna kapaksa eureun, teu kawawa, hayang sabrol-broleun. Tuluy manéhna gagancangan leumpang ka saung di kebon ganas, teu jauh ti jalan gedé, sarta teu kungsi saparapat jam, kalawan henteu hésé, brol baé manéhna ngajuru ..... salamet teu aya kumaha-kumaha ..... Orok oa-oaan ...... indungna hudang nyusutan getihna ku samping, bari luak-lieuk néangan awi, rék nyéohkeun hinis keur neukteuk tali ari-ari budak. Dorodod manéhna narik palupuh saung, tuluy digégél nyoéhkeun hinis, det, tali ari-ari dipotong. Budak montok, bodas bohono, tur geulis. Ari ku kitu téa mah atuh teu kudu héran, sabab indung boga rupa hadé beresih, katambah bapa bangsa Walanda, tegep tur cakep. “Éh, Nyai anaking ..... ,” cék indungna, bari cipanon rambay, nyampingan anakna ku sarung bawana téa; tuluy dilahun disusuan, “ayeuna ku ema Nyai dipasrahkeun deui ka nu kagungan ..... ka nu kawasa ...... ka nu ngalahirkeun Nyai ka dunya ..... Ku ema ayeuna Nyai ditinggalkeun ..... sabab ema moal kuat ..... moal iklas nénjo Nyai dibabawa balangsak ..... dibabawa sangsara ku ema ..... Atuh, aya baé umur Nyai jeung umur ema ...... milik Nyai jeung milik ema ...... diparengkeun ku nu kawasa bisa patepung deui ...... éta nu ku ema disuhunkeun ka nu Agung ..... nu diteteda beurang peuting ka Pangéran ...... Nyai muga-muga nu Kawasa maparin ka diri Nyai karahmatan jeung kasalametan .... muga-muga Nyai sing datang ka dampal leunggeun jelema anu alus jeung luhur budina .... Nyai ..... Nyai ema indit ..... Aduuuuuuh tobat Pangéran ..... tobat, abdi dosa ......” Ngok anakna dicium, bari sok diteundeun digolérkeun dina palupuh ditilaman ku samping indungna tuluy indit gagancangan, budak ditinggalkeun, roroésan leungeunna handapeun saung, kaanginan katiisan, malum saung ngupuk, turug-turug teu maké bilikbilik acan. (HANCA)
