Siti Rayati (26-30) Moh. Sanoesi Satungtung éta budak teu kadéngé naon-naon mah, éstu luas jeung iklas pisan indungna ninggalkeun anakna, leumpang norobos ka tengah kebon muru ka jalan gedé.
Teu kungsi lila, dengék budak ceurik, kadéngé ku indungna. Seblak haténa Patimah bari ngalieuk ka tukang ... nénjo ka saung ... ti kajauhan katénjo anjing ngégélan curuk anakna nu kénca ... derengdeng manéhna lumpat balik deui ngaburu anakna ... budak dirontok, dirawu, sarta tuluy diciuman, dilahun bari disusuan. “Eh, deudeuh Nyai ... deudeuh ...,” cék indungna, “sing sabar ... “sing tawekal anaking ...” Patimah ceurik, nyegruk, nalangsa, ngenes. Curuk orok nu ngaplék méh sapat, tuluy ku manéhna di bungkus sarta dibeungkeut. Sanggeus budak saré, sok ku indungna digolérkeun deui. Kabeneran pisan teu jauh ti éta saung, Patimah nénjo ranggap hayam, siga nu dipiceun geus teu kapaké. Ku manéhna dicokot, sarta tuluy dirungkupkeun ka anakna, ditindihan ku popongkolan jeung dirimbunan ku dangdaunan, sieuneun aya deui anjing nu rék nganiaya. Patimah gagancangan ayeuna indit, mapay jalan gedé, bari luak-lieuk, sieun kaburu kanyahoan ku jelema. Meneran poé Ahad, pukul satengah genep soré. Di district Pakemitan, bawahan afdeeling Sukabumi, angin ngagelebug ... langit angkeub ... semu nu rék hujan gedé. Di jalan gedé coréngcang jelema nu leumpang. Panto-panto imah narutup, kolot budak ngarampih, karumpul saimah-imahna. Di alun-alun nu sasarina pinuh ku nu pelesir, waktu harita mah sepi pisan. Di kawadanaan ngemprung nu nabeuh gamelan, lalaunan lagu kulu-kulu. Sora suling kadéngé ti kajauhan lapat-lapat ka bawa angin ... nyelengit kana ati ... saperti nu ngageuing pikir ... cara nu ngahudang rasa ... éstu kareueung kaletir ... ras baé mun dina wayang golék mah, subuh-subuh keur waktu Arjuna ngalolos ti nagara Pendawa seja ngalalana. “Na kumaha Ti urang téh,” saur juragan Wadana ka istrina, Nyai Radén Siti Winangsih, putra Pangawulaan marhum, bari ngaleueut di payun, ngadarangukeun nu narabeuh. “Naon téa engkang?” Saur istrina bari nyandak kuéh tina kéler. “Éta urang ... bet teu boga baé anak cara batur, resep baé meureun mun boga anak mah, moal kaluman cicing di imah téh .... Jeung geura Ti ... lain ari ujub mah, lamun mama pangsiun téh, kawasna urang ngasaan ogé cicing di Kabupatén.” “Ari parantos ... kumaha atuh da geuning teu beunang dipikahayang ... Aéh itu engkang ... saha ... geura ... aya awéwé ngais budak diiringkeun ku Lurah?” “Ma ... na? ... Enya baé geuningan ka urang itu ...,” sigana mah Lurah Cirayati.” “Is, yaktos geuningan engkang. Sareng pamajikanana. Tapi budak saha éta nu diais, da manéhna mah teu bogaeun budak leutik ... Kadieu baé Nyai Lurah.” “Aya naon euy saur juragan Wadana ka Lurah, kawas aya nu perlu teuing rurusuhan, jeung budak saha éta diais, sakieu angin jeung rék hujan naon?” “Sumuhun dawuh,” wangsulna, “jisim abdi téh nyanggakeun bebendu baé, réhna kamari kinten tabuh salapan énjing-énjing, pun bojo ka kebon badé ngala ganas, sanggakeuneun ka gamparan. Nanging dongkap ka saung, di kebon, pun bojo mendak ieu orok, dituruban ku ranggap.” “Euleuh ka runya teuing,” saur istrina, bari lungsur tina korsi mangkon budak, “Itu engkang geura tingali, aya budak montok teuing jeung beresih ... bodas ... geulis ...“ “Enya baé,” saur pamegaetna, “sigana mah anak walanda, irungna bangir,” bari orok diusapan. “Anak walanda ogé kénging jadi. Atuh da sakuriling bungking kontrakan ieuh, anak Nyai-nyai meureun dipiceun. Ieu mah keur kami baé Nyi Lurah. Bieu mah biwir ogé baseuh kénéh nya engkang, nyaritakeun hayang boga anak ...” “Lain, Lurah,” saur juragan Wadana, éta kebon téh jauh ti imah manéh?” “Sumuhun dawuh henteu, caket pisan.” “Enya, jadi kaasup kénéh ka désa manéh?” “Kantenan, atuh da katingal ti rorompok jisim abdi ogé, mung kahalangan ku sawah nu saeutik.” “Éta sugan di désa Cirayati, nyaho aya anu reuneuh?” “Nu mawi, sumuhun dawuh teu aya, da terang di sadésa jisim abdi mah, malah kamari ogé teras baé ku jisim abdi disalabarkeun, nanging teu aya nu ngaku.” “Heueuh, jadi tétéla euweuh di désa Cirayati mah?” “Sumuhun dawuh, henteu aya, duka upami nu ngaliwat.” “Enya, keun baé atuh ari geus puguh mah euweuh nu ngaku.” “Ieu mah moal dibikeun deui nya Lurah,” saur istrina, “ieu mah anak urang nya engkang.” “Enya top baé,” saur pamegetna, “jig ka ditu ka tarukang heula lurah, dadaharan, balik ogé hujan.” Budak ku juragan istri dicandak ka jero bumi, sarta tuluy dimandian ku anjeun. “Engkang ka dieu heula sakedap,” saur anjeunna, “ituh tingali, curukna méh baé sapat, ku naon nya?” “Enya baé, karunya teuing, kumbah heula Ti, ku sublimat.” “Kunaon Lurah éta curukna kawas aya nu ngégél boa moal digégél anjing mah?” “Duka gamparan,” wangsulna, “da éta téh ti dituna kénéh parantos dibeungkeut, sareng ku pun bojo ogé teu dibuka-buka.” Sanggeus disalin papakéanana, awakna diwedakan, tuluy dikedengkeun din anggel, bari disusuan susu sapi ku dot. Juragan istri semu anu atoh kagungan orok, calik nyoéhan sinjang anu lalayu sekar keur samping budak. “Urang ngaranan baé ayeuna mah nya engkang,” saurna, “meungpeung Lurah jeung pamajikanana araya kénéh di dieu, ambéh maranéhanana nyarahoeun.” “Naha boga pingaraneunana?” “Nyaéta urang néangan ayeuna.” “Si Noni baé enggeus, siga ieuh anak Walanda.” “Is, engkang mah atuh nyasat, puguh nya éta jaga ulah aya nu nyahoeun anak batur.” “Enya naon atuh.” “Keun baé kumaha abdi. Ieuh Nyi Lurah jeung salakina, ayeuna kudu nyaho, ieu budak ku kami rék dingaranan. Ku sabab kapanggihna ti désa Cirayati, itung-itung peringetan urang jeung peringetan ka nu nyangking désa, ieu budak ayeuna di ngaranan SITI RAYATI.” “Sumuhun dawuh,” wangsulna Lurah bari seuri, “naha henteu Siti Cirayati baé, supados langkung terang.” Juragan Wadana sareng istrina ngagakgak gumujeng, barang ngadéngé paméntana Lurah, siga nu ngahaja ngabodor, sarta saur istrina: “Is, bet cara bodor réog baé Lurah mah, di mana aya ngaran maké Ci, kawas ngaran walungan baé.” “Sumuhun dawuh, sadaya-daya teu ngalalangkungan.” “Enya Siti Rayati ayeuna mah ngaranna.” Ti harita éta murangkalih katelahna Gan Titi baé, sarta juragan Wadana ngabasakeunana mama, istrina ibu. Gan Titi beuki ageung beuki témbong kageulisanana, keur mah atuh nya dasar geulis, katambah ayeuna ku pangurus anu sakitu alusna, dibabuan, dikarétaan. Dikarétaan saperti anak Walanda baé. Unggal poé unggal peuting ibuna jeung ramana piligenti mamangkon Gan Titi, teu béda cara ka putra ku anjeun mun geus kagungan mah, sarta semuna téh tambah lila tambah nyaah, beuki asih. Barang murangkalih yuswana geus tilu taun, juragan Wadana, diangkat jadi Bupati, ngaganti ramana anu opat bulan ka tukang pupus. Priyayi-priyayi sakabupatén éta, nyakitu deui anu séjén kabéh nyarangkana ka Gan Titi, putra Pangawulaan baé. Murangkalih beuki ageung beuki capétang sasauranana, beuki geulis, wuwuh lucu, komo atuh ayeuna mah kawuwuh meunang pangaruh, katambah meunang bahan, jadi putra Bupati tur ngan hiji-hijina. Mimiti yuswa lima taun, kakara anjeunna disakolakeun ka sakola barudak, “Frobelschool.” Unggal poé dijajapkeun jeung dipapagkeunku karéta atawa mobil, sakapeung ku ibuna, dalem istri ku anjeun, sakapeung ku babuna baé jeung supir. Panganggona dianggoan persis saperti enon, malah nu teu nyaho mah nyarebutna ogé noni atawa enon baé lantaran nénjo sorot mémang teu béda jeung anak Walanda. Guruna inffrouw kacida pisan nyaaheunana ka Gan Titi, lantaran ku tina calakanana sarta wantér, loba anak bangsa Walanda nu kaéléhkeun ku anjeunna, boh dina ngomong boh dina sagala rupa kaulinan atawa karajinan budak leutik. Sanggeus sataun sakolana di Frobelschool, ku Pangawulang Gan Titi di kasakolakeun Walanda Biasa Eerste Europeesche School sarta ayeuna ku anjeuna henteu dicandak di Kabupatén, tapi di haja dipisah, diperenahkeun di guruna, guru Walanda, nyaéta supaya biasa campur unggal poé jeung anak Walanda, sangkan gancang bisa diajarna, ngan ari poé minggu diidinan ku ramana ka Kabupatén sarta dina poé vacantié upama teu nyaba jeung guruna, nya sok rajeun ogé meunang sababraha poé aya di ibu ramana. Unggal taun Gan Titi naék, tur kaasup murid nu pangmajuna; nya barang kaluar ogé ti éta sakola, jadi yuswa tilu welas taun, jol-jol meunang baé samenna ka sakola HBS téh, malah dina surat kabar ogé di antara bangsa walanda anu mareunang, jenengan anjeunna kasebut nomer dua. Kabeneran dina bulan éta kénéh guruna nu dicalikan ku anjeunna pindah ka Semarang, Gan Titi anu boh ka Tuan boh ka Nyonya geus sarua baé saperti ka ibu ramana, nyakitu deui Tuan jeung Nyonya geus teu asa jeung jiga ka anjeunna, ayeuna anjeunna ngurihit ka ibu ramana mundut milu pindah ka Semarang jeung guruna, sarta di ditu asup ka sakola HBS. Pangawulana rawuh dalem istri, sanajan anjeunna keueung jeung nineung ogé ditilar ku putrana, tapi ku sabab anjeunna ngamanah sanajan teu ka Semarang ogé, tokh kudu indit ka HBS di Batawi. Gan Titi diidinan baé ku ibu ramana milu jeung guruna ka Semarang. Meunang tilu satengah taun anjeunna sakolana di Semarang, sarta ku lantaran kungsi teu damang opat bulan, kapaksa anjeunna ti kelas tilu henteu naék. Ti harita rupana anjeunna rada kurang resep kana diajarna, lantaran ngaraos kesel dina hiji kelas kudu dua taun. Tuluy baé anjeunna nyeratan ka ramana mundut ngalih ka Batawi asup ka Normaalcursus malah mandar iasa jadi guru Walanda. Ramana kacida pisan bungahna barang ngaos surat ti putrana mundut sakola di Batawi, lantaran ayeuna mah anjeunna tangtu iasa pulang poé ngalongokan putrana, di mana aya lara palanganana. Nya henteu lila ti harita sanggeus Gan Titi nampi waleran ti ramana yén taya halangananan, anjeunna tuluy baé ngalih ka Batawi, calik di Dr. van der Goud salémba. Kabeneran pisan ramana merenahkeun putrana dihiji permili anu budiman nya asih ka bangsa pribumi, nya Tuanna nya Nyonyana kaimpungan karurungan ku bangsa pribumi téh, kalawan teu mandang cacah ataw ménak. Sakabéh nu datang ka anjeunna nyuhunkeun tulung atawa naséhat atawa naon baé, ku anjeunna ditarima dihiap-hiap, sarta terus dipariksa kalawan lemah lembut naon karep, naon kahayang, naon kasusah, naon kateungeunah. (HANCA)
