Uwak Awik
Godi Suwarna

"POT!"

Jempling.

"Pot!"

Angger jempé. Kuniang hudang, luak-lieuk. Poék. Leungeunna uyup-ayap
nyasaran papan. Papan diketrok-ketrok. Papan disada noroktok.

"Pot!"

Simpé sakurilingna. Simpé kakarayapan tina suku nepi kana embun-embunan.
Leungeunna beuki jauh nyasar papan, kacabak nu buleud-buleud. Nu kacabak
ngagurinjal bari pakupis.

"Aya naon, euy?" cék nu lulungu.

"Pot?"

"Heueuh aing!" Nu anyar hudang nyentak, keuheuleun tayohna mah.

"Ssst! Tong ribut. Monyong!" témbal nu disentak.

Nu anyar hudang ngangsrod ngadeukeutan nu ngahudangkeun.

"Dawala?" cék nu anyar hudang.

"Enya!" témbal Si Dawala pondok.

"Jadah téh! Lain molor atuh?!" Si Cépot kukulutus bari bebenah deui rék
nuluykeun hanca impianana.

"Ulah waka molor, Ka!" cék Si Dawala bari ngenyang sarung Si Cépot.

"Weureu sia téh? Ma enya rék merkosa aing?" omong Si Cépot bari mageuhan
sarungna nu méh ngabaragadal dikenyang ku Si Dawala.

"Baku ari geus ngacaprak téh! Penting, Ka!" cék Si Dawala.

"Naon nu penting téh?" Si Cépot panasaran.

"Batur areuweuh!" Si Dawala ngaharéwos.

Si Cépot ngarenjag. Manéhna hudang bari susur-sasar, teu nyabak nanaon ari
lain papan mah. Manéhna nangtung nyidik-nyidik kaayaan sakurilingeunana,
weléh teu nénjo nanaon da puguh sakitu mongkléngna. Si Dawala hideng
nyekeskeun paneker. Bréh kotak parongpong, panékér pareum. Si Cépot teu
eureun-eureun gogodeg bari cruk-crek.

"Ka marana, euy?" cék Si Cépot sanggeus seubeuh gogodeg.

"Nya éta duka teuing. Basa kuring lilir téh geus teu nyarampak," tembal Si
Dawala.

"Maraén kitu?" Si Cépot beuki panasaran.,

"Wah, moal enya! Mun maraén gé tangtu kotakna dibawa. Ma enya teu diringkid
kabéh!"

"Heueuh kétang, nya! Piraku urang ditinggalkeun di dieu. Ka marana atuh
mangkeluk téh?" cék Si Cépot.

Duanana ngaharuleng. Duanana bingung mikiran pangeusi kotak nu arindit teu
ngiberan heula. Padahal biasana mah mun teu keur dimaénkeun ku Ki Dalang
mah saréréa gé tangtu gemprah, sararé ngareureuhkeun capé, pasedek-sedek
dina kotak nu heureut jeung poék. Ménak jeung somah téh satata dina kotak
mah. Ngareureuhkeun capé saméméh diperih pati deui ku Ki Dalang.

Ti barang dicipta ku nu nyieunna, kahirupanana téh angger teu robah-robah.
Ki Dalang nu nangtukeun paéh atawa hirupna sakabéh pangeusi kotak. Saréréa
kapaksa teu wasa nanduk kana kahayang Ki Dalang lantaran saréréa kawengku
ku undang-undang darma wawayangan baé, raga taya pangawasa téa.

"Moal kitu digusuran beurit mah?" cék Si Dawala.

"Ah, sia mah! Ma enya Radén Gatotkaca dihakan beurit onaman!" témbal Si
Cépot.

"Kumaha atuh nya?!" cék Si Dawala.

"Urang susul wé!" cék Si Cépot.

"Susul ka mana?" Si Dawala panasaran.

"Ka mana wé da moal jarauh ieuh! Kaluar ti imah Ki Dalang mah tangtu kabéh
dihakan ku anjing!"

"Nam atuh!" cék Si Dawala.

"Si Garéng hudangkeun heula!"

"Di mana molorna nya?!"

“Di juru biasana mah! Da piraku ari héés di hotél mah!” cék Si Cépot.

Si Dawala ngahudangkeun Si Gareng.

"Goblog! Déwék keur ngimpi!" Si Garéng gegebés.

"Hudang euy! Batur keur murak berekat!" Si Cépot ngaheureuyan.

"Lebok wé! Tunduh déwék mah!" omong Si Garéng bari tuluy morongkol deui.

"Tinggalkeun wé Dawala! Antep sina dihakan beurit!" cék Si Cépot.

Si Cépot jeung Si Dawala ngaleos. Si Garéng ngagurinjal tuluy nuturkeun. Si
Dawala nyekéskeun panékér. Papan kotak ngelewung jangkung. Si Cépot
ngusapan papan kotak nu geus lésang balas dipake lalar liwat. Si Cépot nu
pangheulana nérékél naékan kotak. Manéhna muka tutup kotak. Poék nu aya di
jero kotak kasedekkeun ku darnar témpél nu naplok na bilik luareun kotak.
Si Dawala ngarangsod. Si Garéng nuturkeun. Si Dawala jeung Si Cépot geus
calinutrung dina biwir kotak bari nénjokeun polah Si Garéng nu keur
uyak-uyek teu daék tepi.

"Ku naon silaing, Garéng?" cék Si Dawala.

"Gancang naékna euy!" Si Cépot mimiti teu sabar.

"Mangké! Sarung tikait kana paku! Jadah!" Si Garéng ngutruk.

Si Cépot gogodeg. Si Dawala gagaro, rudet nenjo kalakuan adi. Sanggeus
sarungna lésot tina paku, Si Garéng ngarangsod deui. Si Dawala metot
leungeun Si Garéng. Bérés tiluanana geus caringogo na biwir kotak.

"Tuluy ka mana, Ka?" cék Si Dawala.

"Teuing. Ka mana néanganana, nya?!" Si Cépot ngahuleng.

"Néangan naon?" Si Garéng rungah-ringeuh.

"Néangan mangkeluk! Na teu katénjo geus euweuh hiji-hiji acan?" Si Dawala
nyentak.

"Lain keur murak berekat?" Si Garéng angger rungah-ringeuh.

"Berekat waduk! Cing sia téh ulah kana hakaneun bae ti popolotot téh,
Gareng!" Si Cépot pipilueun nyentak Si Garéng.

"Goblog! Naripu ieu téh?" Si Garéng ambek.

"Hampura euy! Bongan silaing boga beungeut tipueun déwék! Si Dawala
ngusapan punduk Si Garéng nu pupundakan.

Si Garéng ukur bisa nyampaan dada.

"Di marana atuh ieu téh?!" cék Si Dawala.

"Di dalapur meureun, Ka!" Si Garéng nyelengkeung.

"Sia mah geus dapur deui baé!" Si Cépot nyentak.

"Ih, saha nu nyaho keur nyoro eusi boboko Pa Dalang." Omong Si Garéng.

"Bisa jadi tah! Kalaparan meureun wadia-balad téh! Ma’lum tas perang!" cék
Si Cépot.

"Yu atuh urang téang ka dapur!" cék Si Dawala.

Si Cépot ngajleng tina biwir kotak dituturkeun ku Si Dawala. Si Garéng nu
ngajleng pandeuri tisolédat nincak cangkang cau. Gebut tibeubeut. Si Dawala
ngabarakatak.

"Tong gandeng teuing euy! Bisi Ki Dalang hudang,” Si Cépot ngahuit adina.

Tilu golék leumpang muru panto nu ka tengah imah. Panto ka tengah imah
disurungkeun ku tilu golék. Sanggeus pantona muka, tilu golék téh leumpang
ngeteyep muru panto nu ka dapur. Sakali deui tilu golék nyunyurung panto.
Blak! Kasampak golék-golék séjén keur ngaliud minuhan dapur. Si Cépot jeung
adi-adina nyampeurkeun Citrayuda nu keur andekak nyanghareupan bubuy sampeu.

"Kumaha damang, Mang?" Si Cépot ngasongkeun leungeun.

"Pangésto! Ngan tarang nu teu damang téh! Nyanyautan kénéh! Tarik teuing
silaing nonjok déwék téh, Pot!" Citrayuda nampaan leungeun Si Cépot.

"Hampura. Mang! Lain kahayang kuring! Kuring mah sakadar ditonjokkeun ku Ki
Dalang! " Si Cépot sasadu.

"Heueuh matak téa gé! Abong kéna dalang kawasa! Teu ngarasakeun kanyeri
batur!" omong Citrayuda bari ngarongkong bubuy sampeu.

Alakur keur kitu mah. Sanajan sasat ngariung jeung musuh kabuyutan. Gétréng
sotéh pédah digétréngkeun ku dalang. Dihaja sina paraséa. Mun keur
kabeneran manggung sagala dikawasa Dalang. Igel, reundeuk, uteuk, hate,
sora, golék mah teu ngaboga-boga. Ngan sakadar katempuhan pédah golék
dikudukeun jadi golék.

Sanajan golékna pribadi can tangtu harayangeun jadi golék.

"Kagungan sesepeun, Mang?" cék Si Dawala.

Citrayuda ngodok saku kamprétna, ngaluarkeun roko Jisamsu sabungkus.

"Tiluaneun, Euy!" omong Citrayuda.

"Nuhun, Mang! Wah, roko ménak yeuh!" Si Cépot nu nampananana.

"Paméré Kang Suyudana!" cék Citrayuda.

"Leuheung boga lanceuk jadi raja mah nya, Mang?! Bisa nurut udud!" omong Si
Cépot bari ngabagikeun roko ka adi-adina. Tilu batang séwang. Manehna opat
batang jeung bungkusna.

Opat golék ngarelepus udud.

Dapur téh pinuh ku golék. Deukeut jubleg, golék buta ngariung jeung pada
baturna teuing ngobrolkeun naon, da kabéh parepeta jiga nu keur menca.
Golék emban keur pakupis ngasur-ngasur seuneu di hawu, diheureuyan ku golék
tentara Astina nu ngadon saliduru. Golék putri alandéprok dina samak na
bangku bari nyeupah tingbulaéh. Golék tentara Amarta nu pageuh nyekel
disiplin keur ngabring diajar baris, nu séjén ngulincer ngaronda dapur. Aya
ogé nu ngariung kandang, ngadon ngaheureuyan marmot jeung kelenci.

"Aya naon ieu téh maké ngariung di dapur sagala, Mang?" cék Si Garéng.

"Aya gempungan! Teuing gempungan naon! Katénjona téh darines naker! Kabéh
ménak ti unggal nagara ngadon gempungan di goahl” témbal Citrayuda.

"Baruk?! Naha kuring mani teu dihudangkeun, Mang?" cék Si Dawala.

"Ih, dihudangkeun saréréa gé. Ngan silaing kalah ngalindur tadi téh!” omong
Citrayuda.

Kurunyung golék emban nanggeuy baki dieusian bubuy sampeu jeung cikopi.
Leumpangna ngagendeyen. Sor, sor cikopi jeung bubuy diasongkeun ka nu
ngariung.

"Beuki demplon waé, Lis!" cék Si Cépot bari nyabak bujur emban.

"Ahh, Akang mah!" Emban ngadelék tuluy ngaléos deui.

"Salam cenah ti Si Garéng, Lis!" Si Dawala ngagorowok.

"Gandéng ah! Bisi majarkeun enya!" Si Garéng ngagebés.

"Jeun teuing atuh, Garéng! Da geus jebrog ieuh silaing téh!" Citrayuda
ngosom. Sungutna pinuh ku bubuy sampeu.

Dapur sahéng. Golék tentara Amarta keur hut-het latihan silat. Golék buta
silih pencétan jeung baturna. Hareupeun kandang, golék pahibut ngepung
marmot nu laleupas tina kandangna. Golék séjén mantuan néwakan marmot,
tuluy digotongan diasup-asupkeun deui kana kandangna.

Gempungan para ménak réngsé. Panto goah dibuka. Para ménak ngaburudul
ninggalkeun tempat gempungan. Golék nu teu marilu gempungan panasaran
hayang nyaho hasilna. Golék raja jeung golék raja deui, dariuk dina bangku.
Para panglima perang ti unggal nagara cuhcih ngumpulkeun tentarana. Golék
tentara ngatur barisan sanagarana-sanagarana. Tambur ngageder. Tarompét
nérétét. Bandera ngélébét. Gorowok nu paparéntah. Dapur ngaguruh teu puguh
kadéngéna.

Semar leumpang ngagéyot nyampeurkeun anak-anakna.

"Tah geuning Bapa! Tas ti mana, Pa?" cék Si Dawala.

"Tas milu gempungan!" jawab Semar.

"Éta sok tara nalipak manéh Bapa mah! Ngérakeun! Pilakadar pangkat lurah
bet hayoh milu gempungan!" Si Cépot gegelendeng.

"Sarua baé deuleu! Sarua golék! Di ménak-ménak di somah-somah ku Ki
Dalang!" omong Semar.

"Ngobrolkeun nanahaon gempungan téh, Pa?” cék Si Garéng.

Semar ngahuleng.

"Tong di dieu ngobrolna! Hayu di ditu tuh, tukangeun gentong!" Cék Semar
sanggeus ngahuleng sawatara lila.

Semar ngaléos muru gentong dituturkeun ku anak-anakna. Tambur mimiti jempé
kitu deui tarompét jeung gorowok nu paparéntah. Raja ti unggal nagara
narangtung nyanghareupan rahayatna. Raja biantara hareupeun rahayatna
séwang-séwang.

Semar cingogo tukangeun gentong, handapeun siwur diriung ku anak-anakna nu
papada panasaran.

"Naon hasilna gempungan téh, Pa?" Si Garéng panasaran.

"Enya! Pok-pok atuh, Pa! Kesel yeuh!" Si Cépot leuwih panasaran.

Semar kalah beuki ngahuleng.

"Ituh? Pikun sugan Bapa mah! Poho deui meureun nya, Pa." cék Si Dawala.

"Lain pikun anaking! Ngan Bapa téh bingung kudu kumaha nyaritakeunana.
Hésé!" omong Semar.

Sanggeus réngsé biantarana, golék raja baralik deui ka tempatna. Kadéngé nu
surak ayeuh-ayeuhan. Golék tentara ti unggal nagara sarumanget pisan
ngacung-ngacungkeun tumbak jeung gobangna. Tambur jeung tarompét muni.
Bandéra dikélébét-kélébétkeun. Para panglima nyanghareupan balad-baladna.
Para panglima ngécéskeun naon nu kudu dipigawé peuting isukan.

"Teu puguh Bapa mah. Hanas dituturkeun ari taeun kalah huleng jentul." Si
Cépot gogodeg.

Semar ngarenghap.

"Kieu baé atuh! Hasil gempungan mah tanyakeun wé ka batur! Bapa rék
mamatahan ka maraneh! Inget, maranéh téh geus sawawa. Sing bisa mawa awak.
Ulah rék kabawa ku sakaba-kaba. Kajaba mun maranéh boga kayakinan yén nu
dipiluan téh aya dina jalan bener. Bapa moal rék ngutuh-ngétah ka maranéh
da geus lain barudak satepak deui. Ngan kahadé, sakali deui kahadé, sing
bisa milih jeung miceun! Sakitu..." omong Semar.

"Har? Ari hasil gempungan naon, Pa?!" Si Garéng molohok.

"Tanyakeun ka batur cékéng gé!" témbal Semar.

"Ah, teu puguh Ki Semar mah! Mun ti tadi atuh!" Si Dawala ngaléos
ninggalkeun bapana dituturkeun ku dulur-dulurna.

Semar ngarahuh.

"Sanggeus réngsé para panglima ngatur siasat keur isukan, golék tentara
ngagederkeun lagu durma. Durma perang! Golék ménak arunggut-unggutan bagja
nénjo sumanget pasukan.

Si Cépot sadulur-dulur nyampeurkeun ka Citrayuda.

"Eureun heula ngawihna, Mang! Aya naon ieu téh?" cék Si Garéng.

"Urang rék perang peuting isukan!" omong Citrayuda.

"Ah, pilakadar diperang-perangkeun ku dalang. Asa teu kudu raribut kieu!"
cék Si Cépot.

"Heueuh! Perang bobodoan ieuh! Perang di nu hajat!" cék Si Dawala.

"Ih, lain ieu mah! Perang nyaan! Perang kahayang urang!" Citrayuda némpas
bari muril-muril kumis.

"Baruk? Perang enyaan kumaha?" si Cépot ngembang kadu.

"Urang rék merangan jelema!" omong Citrayuda.

Si Cépot molotot. Si Dawala ngahuleng. Panon Si Garéng méh luncat tina
kongkolakna.

Kulutrak panto dibuka. Ki Dalang ngaléngkah bari mamawa gelas, rék nginum.
Ki Dalang ngajenghok barang mireungeuh wayang balatak di dapur.

"Manéhna!" Ki Dalang nyorowok.

"Heuy!" Pamajikanana némbalan ti enggon.

"Ka dieu geura! Ieu wayang mani balatak kieu."

Pamajikanana norojol ngaléléké.

"Masya Allah! Si Nyai meureun! Tadi téh tas anjang-anjangan jeung anak
tatangga!" cék pamajikanana.

"Na lain carék atuh! Aing mah ...." Ki Dalang gogodeg.

Ki Dalang mérésan wayang dibantuan ku pamajikanana.

"Pangmeulikeun bonéka geura budak téh, Kang!" cék pamajikanana.

Ki Dalang teu némbalan. Manéhna ngaringkid wayang ka gudang dituturkeun ku
pamajikanana. Ki Dalang ngasup-ngasupkeun wayang kana kotak dibantuan ku
pamajikanana.

"Teu sabaraha ieuh harga boneka téh! Ti batan ngaganggu barang kolot mah!"

"Heug isuk lah! Isuk ari geus narima duit ti Juragan Kuwu!"

"Tulus manggung di Juragan Kuwu téh?"

"Tulus! Peuting isukan!"

"Har?! Malem Juma’ah lin peuting isuk mah?"

"Nya éta atuh! Kitu kapalayna!"

"Kumaha atuh? Mangkaning malem Juma’ah kaliwon!"

"Teu kukumaha da butuh duit!"

***

MALEM Juma’ah kaliwon jelema tumplek di balédésa. Bubuhan Kuwu nu boga
hajatna, ondangan téh ti suklakna ti siklukna daratang meunang
paginding-ginding. Wayang ngaderes di panggung, dina bagedor. Nayaga geus
hémpak sarila nyanghareupan gamelan. Sindén geus mimiti maén mata jeung Pa
Sunaryo, penilik SD. Ki Dalang kunyam-kunyem bari ngukus. Baledésa bau
menyan.

Sanggeus réngsé acara pidato, nayaga mimiti nabeuh gamelan. Ger nu lalajo
surak. Nu lalajo nyedek ka hareup sanajan dicarék ku Hansip. Pa Sunaryo
ngiceupan sindén. Sindén unggeuk bari imut.

Dalang nyabut gugunungan. Beledag! Ponclotna bitu. Seuneu mancawura ka
mana-mana. Dalang jungkir kana lahunan sindén. Nu lalajo tingjarerit.

"Kepung!" Gatotkaca ngagorowok.

Golék tentara tarurun tina bagedor. Balédésa dikepung golék tentara. Nu
lalajo hareugeueun, ngajareten dina tempatna. Nayaga kasima. Tukang goong
ngayekyek ngiihan manéh.

"Nanaonan ieu téh?" Dalang cengkat neger-neger manéh.

"Hampura, Dalang! Peuting ieu kapaksa kula baruntak! Kula saparakanca geus
bosen diwayang-wayang ku sampéan!" Darma Kusumah leuleuy.

"Deuleu étah! Baralik deui kana bagedor, siah!" Dalang ngagorowok.

"Najis! Aing teu sudi kudu kéokan saumur-umur! Kabina-bina teuing
ngaheureuykeun déwék téh, Kunyuk!" Buta térong ngabedega ngajaga panto.

"Édan! Hayang dicoplok-coplokkeun hulu sia téh? Arasup kana kotak, Siah!"
Dalang pépédéngkréng.

"Teu sudi! Ulah kéna-kéna jadi Dalang, sampéan! Sanajan aing mindeng
dimeunang-meunangkeun ku sampéan, kula teu téga mun kudu nonjok ari sasama
golék, cuah!" Arjuna nyarita bari ciciduh.

"Cing sing aréling, Euy!" Dalang leuleuy.

"Éling pisan ieu ogé! Ku sabab éling, kula teu sudi dimaénkeun peuting ieu
ku sampéan!" cék Werkudara.

"Yeuh, déwék téh dalang! Atuh nu nyieun silaing téh déwék kénéh! Silaing
kudu nurut ka déwék! Ngarti?" cék Dalang.

"Teu! Teu ngarti! Kula teu hayang jadi wayang! Mun kitu kula nu nawar
hayang jadi golék, teu nanaon kula rék dikitu-kieu gé! Ieu mah bet barina
gé teu ngimpi-ngimpi acan kudu jadi golék!" omong Dipati Kama.

"Jadi rék naon ayeuna?" Dalang béak kasabaranana.

"Cékel sabuk bilang tatu! Urang ukur digjaya mana wayang jeung dalang!"
Suyudana susumbar.

"Perang! Méméh datang mangsana Baratayuda, kula hayang nyaho nepi ka mana
leuwihna nu nyipta Baratayuda!" cék Batara Kresna.

"Abdi mah sakadar lalajo, Radén!" cék nu lalajo.

"Sarua baé! Dalang jeung nu lalajo, sarua teu élingna. Ku naon maranéh sok
resep nyeungseurikeun déwék?" cék Dorna.

"Enyaan ieu téh nangtang?" Kapala kaamanan kakara kadéngé deui sorana.

"Teu enyaan pédah naon, Euy? Serius deuleu!" cék Citrayuda.

Hansip ngangseg. Nu lalajo taraki-taki. Golék tentara mimiti masang gelar
Cakra Bhuya malar kepungan leuwih rapet. Kapala kaamanan niup piriwit. Breg
hansip maraju. Golék panglima tingharaok maréntah anak buahna. Ger tarung
nu anéh téh dimimitian. Jelema ngalawan golék.

Sanajan laleutik golék awewé-lalaki téh tarungna rancingeus pisan. Jelema
loba nu jungkel-jumpalik diamuk golék. Sanajan dibuntang-banting golék mah
da puguh kai, tangtu kana hudang deui hudang deuina téh.

Tengah peuting, kapala kaamanan ngajurahroh teu usik deui ditampiling ku
Gatotkaca, Kuwu elél-elélan dicekék ku Kumbakarna, balad buta nu popohoan
mah, sanajan musuh geus paéh kalah hayoh diharakan, tingturuktuk,
tingcareplak. Dasar adat kakurung ku iga. Rahwana ngadon nyanyéréd sinden
ka kolong panggung. Sinden jejeritan diperkosa ku Rahwana.

Isuk-isuk, jelema kabéh geus peren. Balédésa banjir getih. Mayit
pasoléngkrah teu puguh leunjeuranana. Tinggal Dalang nu tagen kénéh pisan
téh sanajan golék tumplek ngoroyok manéhna. Dalang mesat gobang nu
kabeneran ngagolér, urut meuncit domba. Golék béak dicacag diwalang-walang,
diidek, digaley digélang nepi ka bubuk jiga tai ragaji. Dalang kapaéhan.

Simpé. Semar sakulawarga, nu teu pipilueun, tingharuleng mireungeuh balukar
perang téh. Si Cépot hideng nancebkeun gugunungan kana bagedor. Lawang
sigotaka ditutup. Carita nu kaleuleuwihi téh urang pungkas nepi ka palebah
dieu! ***

Dimuat dina Majalah Manglé No. 677, 5 April 1979
***

Kirim email ke