naha tungtungna kitu nya?. nu geus ngaceng teh, letoy deui jadina.
hadeuuuuhhhh... spaneng euy :(

2012/12/19 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Uwak Awik
> Godi Suwarna
>
>
> "POT!"
>
> Jempling.
>
> "Pot!"
>
> Angger jempé. Kuniang hudang, luak-lieuk. Poék. Leungeunna uyup-ayap
> nyasaran papan. Papan diketrok-ketrok. Papan disada noroktok.
>
> "Pot!"
>
> Simpé sakurilingna. Simpé kakarayapan tina suku nepi kana embun-embunan.
> Leungeunna beuki jauh nyasar papan, kacabak nu buleud-buleud. Nu kacabak
> ngagurinjal bari pakupis.
>
> "Aya naon, euy?" cék nu lulungu.
>
> "Pot?"
>
> "Heueuh aing!" Nu anyar hudang nyentak, keuheuleun tayohna mah.
>
> "Ssst! Tong ribut. Monyong!" témbal nu disentak.
>
> Nu anyar hudang ngangsrod ngadeukeutan nu ngahudangkeun.
>
> "Dawala?" cék nu anyar hudang.
>
> "Enya!" témbal Si Dawala pondok.
>
> "Jadah téh! Lain molor atuh?!" Si Cépot kukulutus bari bebenah deui rék
> nuluykeun hanca impianana.
>
> "Ulah waka molor, Ka!" cék Si Dawala bari ngenyang sarung Si Cépot.
>
> "Weureu sia téh? Ma enya rék merkosa aing?" omong Si Cépot bari mageuhan
> sarungna nu méh ngabaragadal dikenyang ku Si Dawala.
>
> "Baku ari geus ngacaprak téh! Penting, Ka!" cék Si Dawala.
>
> "Naon nu penting téh?" Si Cépot panasaran.
>
> "Batur areuweuh!" Si Dawala ngaharéwos.
>
> Si Cépot ngarenjag. Manéhna hudang bari susur-sasar, teu nyabak nanaon ari
> lain papan mah. Manéhna nangtung nyidik-nyidik kaayaan sakurilingeunana,
> weléh teu nénjo nanaon da puguh sakitu mongkléngna. Si Dawala hideng
> nyekeskeun paneker. Bréh kotak parongpong, panékér pareum. Si Cépot teu
> eureun-eureun gogodeg bari cruk-crek.
>
> "Ka marana, euy?" cék Si Cépot sanggeus seubeuh gogodeg.
>
> "Nya éta duka teuing. Basa kuring lilir téh geus teu nyarampak," tembal Si
> Dawala.
>
> "Maraén kitu?" Si Cépot beuki panasaran.,
>
> "Wah, moal enya! Mun maraén gé tangtu kotakna dibawa. Ma enya teu
> diringkid kabéh!"
>
> "Heueuh kétang, nya! Piraku urang ditinggalkeun di dieu. Ka marana atuh
> mangkeluk téh?" cék Si Cépot.
>
> Duanana ngaharuleng. Duanana bingung mikiran pangeusi kotak nu arindit teu
> ngiberan heula. Padahal biasana mah mun teu keur dimaénkeun ku Ki Dalang
> mah saréréa gé tangtu gemprah, sararé ngareureuhkeun capé, pasedek-sedek
> dina kotak nu heureut jeung poék. Ménak jeung somah téh satata dina kotak
> mah. Ngareureuhkeun capé saméméh diperih pati deui ku Ki Dalang.
>
> Ti barang dicipta ku nu nyieunna, kahirupanana téh angger teu robah-robah.
> Ki Dalang nu nangtukeun paéh atawa hirupna sakabéh pangeusi kotak. Saréréa
> kapaksa teu wasa nanduk kana kahayang Ki Dalang lantaran saréréa kawengku
> ku undang-undang darma wawayangan baé, raga taya pangawasa téa.
>
> "Moal kitu digusuran beurit mah?" cék Si Dawala.
>
> "Ah, sia mah! Ma enya Radén Gatotkaca dihakan beurit onaman!" témbal Si
> Cépot.
>
> "Kumaha atuh nya?!" cék Si Dawala.
>
> "Urang susul wé!" cék Si Cépot.
>
> "Susul ka mana?" Si Dawala panasaran.
>
> "Ka mana wé da moal jarauh ieuh! Kaluar ti imah Ki Dalang mah tangtu kabéh
> dihakan ku anjing!"
>
> "Nam atuh!" cék Si Dawala.
>
> "Si Garéng hudangkeun heula!"
>
> "Di mana molorna nya?!"
>
> “Di juru biasana mah! Da piraku ari héés di hotél mah!” cék Si Cépot.
>
> Si Dawala ngahudangkeun Si Gareng.
>
> "Goblog! Déwék keur ngimpi!" Si Garéng gegebés.
>
> "Hudang euy! Batur keur murak berekat!" Si Cépot ngaheureuyan.
>
> "Lebok wé! Tunduh déwék mah!" omong Si Garéng bari tuluy morongkol deui.
>
> "Tinggalkeun wé Dawala! Antep sina dihakan beurit!" cék Si Cépot.
>
> Si Cépot jeung Si Dawala ngaleos. Si Garéng ngagurinjal tuluy nuturkeun.
> Si Dawala nyekéskeun panékér. Papan kotak ngelewung jangkung. Si Cépot
> ngusapan papan kotak nu geus lésang balas dipake lalar liwat. Si Cépot nu
> pangheulana nérékél naékan kotak. Manéhna muka tutup kotak. Poék nu aya di
> jero kotak kasedekkeun ku darnar témpél nu naplok na bilik luareun kotak.
> Si Dawala ngarangsod. Si Garéng nuturkeun. Si Dawala jeung Si Cépot geus
> calinutrung dina biwir kotak bari nénjokeun polah Si Garéng nu keur
> uyak-uyek teu daék tepi.
>
> "Ku naon silaing, Garéng?" cék Si Dawala.
>
> "Gancang naékna euy!" Si Cépot mimiti teu sabar.
>
> "Mangké! Sarung tikait kana paku! Jadah!" Si Garéng ngutruk.
>
> Si Cépot gogodeg. Si Dawala gagaro, rudet nenjo kalakuan adi. Sanggeus
> sarungna lésot tina paku, Si Garéng ngarangsod deui. Si Dawala metot
> leungeun Si Garéng. Bérés tiluanana geus caringogo na biwir kotak.
>
> "Tuluy ka mana, Ka?" cék Si Dawala.
>
> "Teuing. Ka mana néanganana, nya?!" Si Cépot ngahuleng.
>
> "Néangan naon?" Si Garéng rungah-ringeuh.
>
> "Néangan mangkeluk! Na teu katénjo geus euweuh hiji-hiji acan?" Si Dawala
> nyentak.
>
> "Lain keur murak berekat?" Si Garéng angger rungah-ringeuh.
>
> "Berekat waduk! Cing sia téh ulah kana hakaneun bae ti popolotot téh,
> Gareng!" Si Cépot pipilueun nyentak Si Garéng.
>
> "Goblog! Naripu ieu téh?" Si Garéng ambek.
>
> "Hampura euy! Bongan silaing boga beungeut tipueun déwék! Si Dawala
> ngusapan punduk Si Garéng nu pupundakan.
>
> Si Garéng ukur bisa nyampaan dada.
>
> "Di marana atuh ieu téh?!" cék Si Dawala.
>
> "Di dalapur meureun, Ka!" Si Garéng nyelengkeung.
>
> "Sia mah geus dapur deui baé!" Si Cépot nyentak.
>
> "Ih, saha nu nyaho keur nyoro eusi boboko Pa Dalang." Omong Si Garéng.
>
> "Bisa jadi tah! Kalaparan meureun wadia-balad téh! Ma’lum tas perang!" cék
> Si Cépot.
>
> "Yu atuh urang téang ka dapur!" cék Si Dawala.
>
> Si Cépot ngajleng tina biwir kotak dituturkeun ku Si Dawala. Si Garéng nu
> ngajleng pandeuri tisolédat nincak cangkang cau. Gebut tibeubeut. Si Dawala
> ngabarakatak.
>
> "Tong gandeng teuing euy! Bisi Ki Dalang hudang,” Si Cépot ngahuit adina.
>
> Tilu golék leumpang muru panto nu ka tengah imah. Panto ka tengah imah
> disurungkeun ku tilu golék. Sanggeus pantona muka, tilu golék téh leumpang
> ngeteyep muru panto nu ka dapur. Sakali deui tilu golék nyunyurung panto.
> Blak! Kasampak golék-golék séjén keur ngaliud minuhan dapur. Si Cépot jeung
> adi-adina nyampeurkeun Citrayuda nu keur andekak nyanghareupan bubuy sampeu.
>
> "Kumaha damang, Mang?" Si Cépot ngasongkeun leungeun.
>
> "Pangésto! Ngan tarang nu teu damang téh! Nyanyautan kénéh! Tarik teuing
> silaing nonjok déwék téh, Pot!" Citrayuda nampaan leungeun Si Cépot.
>
> "Hampura. Mang! Lain kahayang kuring! Kuring mah sakadar ditonjokkeun ku
> Ki Dalang! " Si Cépot sasadu.
>
> "Heueuh matak téa gé! Abong kéna dalang kawasa! Teu ngarasakeun kanyeri
> batur!" omong Citrayuda bari ngarongkong bubuy sampeu.
>
> Alakur keur kitu mah. Sanajan sasat ngariung jeung musuh kabuyutan.
> Gétréng sotéh pédah digétréngkeun ku dalang. Dihaja sina paraséa. Mun keur
> kabeneran manggung sagala dikawasa Dalang. Igel, reundeuk, uteuk, hate,
> sora, golék mah teu ngaboga-boga. Ngan sakadar katempuhan pédah golék
> dikudukeun jadi golék.
>
> Sanajan golékna pribadi can tangtu harayangeun jadi golék.
>
> "Kagungan sesepeun, Mang?" cék Si Dawala.
>
> Citrayuda ngodok saku kamprétna, ngaluarkeun roko Jisamsu sabungkus.
>
> "Tiluaneun, Euy!" omong Citrayuda.
>
> "Nuhun, Mang! Wah, roko ménak yeuh!" Si Cépot nu nampananana.
>
> "Paméré Kang Suyudana!" cék Citrayuda.
>
> "Leuheung boga lanceuk jadi raja mah nya, Mang?! Bisa nurut udud!" omong
> Si Cépot bari ngabagikeun roko ka adi-adina. Tilu batang séwang. Manehna
> opat batang jeung bungkusna.
>
> Opat golék ngarelepus udud.
>
> Dapur téh pinuh ku golék. Deukeut jubleg, golék buta ngariung jeung pada
> baturna teuing ngobrolkeun naon, da kabéh parepeta jiga nu keur menca.
> Golék emban keur pakupis ngasur-ngasur seuneu di hawu, diheureuyan ku golék
> tentara Astina nu ngadon saliduru. Golék putri alandéprok dina samak na
> bangku bari nyeupah tingbulaéh. Golék tentara Amarta nu pageuh nyekel
> disiplin keur ngabring diajar baris, nu séjén ngulincer ngaronda dapur. Aya
> ogé nu ngariung kandang, ngadon ngaheureuyan marmot jeung kelenci.
>
> "Aya naon ieu téh maké ngariung di dapur sagala, Mang?" cék Si Garéng.
>
> "Aya gempungan! Teuing gempungan naon! Katénjona téh darines naker! Kabéh
> ménak ti unggal nagara ngadon gempungan di goahl” témbal Citrayuda.
>
> "Baruk?! Naha kuring mani teu dihudangkeun, Mang?" cék Si Dawala.
>
> "Ih, dihudangkeun saréréa gé. Ngan silaing kalah ngalindur tadi téh!”
> omong Citrayuda.
>
> Kurunyung golék emban nanggeuy baki dieusian bubuy sampeu jeung cikopi.
> Leumpangna ngagendeyen. Sor, sor cikopi jeung bubuy diasongkeun ka nu
> ngariung.
>
> "Beuki demplon waé, Lis!" cék Si Cépot bari nyabak bujur emban.
>
> "Ahh, Akang mah!" Emban ngadelék tuluy ngaléos deui.
>
> "Salam cenah ti Si Garéng, Lis!" Si Dawala ngagorowok.
>
> "Gandéng ah! Bisi majarkeun enya!" Si Garéng ngagebés.
>
> "Jeun teuing atuh, Garéng! Da geus jebrog ieuh silaing téh!" Citrayuda
> ngosom. Sungutna pinuh ku bubuy sampeu.
>
> Dapur sahéng. Golék tentara Amarta keur hut-het latihan silat. Golék buta
> silih pencétan jeung baturna. Hareupeun kandang, golék pahibut ngepung
> marmot nu laleupas tina kandangna. Golék séjén mantuan néwakan marmot,
> tuluy digotongan diasup-asupkeun deui kana kandangna.
>
> Gempungan para ménak réngsé. Panto goah dibuka. Para ménak ngaburudul
> ninggalkeun tempat gempungan. Golék nu teu marilu gempungan panasaran
> hayang nyaho hasilna. Golék raja jeung golék raja deui, dariuk dina bangku.
> Para panglima perang ti unggal nagara cuhcih ngumpulkeun tentarana. Golék
> tentara ngatur barisan sanagarana-sanagarana. Tambur ngageder. Tarompét
> nérétét. Bandera ngélébét. Gorowok nu paparéntah. Dapur ngaguruh teu puguh
> kadéngéna.
>
> Semar leumpang ngagéyot nyampeurkeun anak-anakna.
>
> "Tah geuning Bapa! Tas ti mana, Pa?" cék Si Dawala.
>
> "Tas milu gempungan!" jawab Semar.
>
> "Éta sok tara nalipak manéh Bapa mah! Ngérakeun! Pilakadar pangkat lurah
> bet hayoh milu gempungan!" Si Cépot gegelendeng.
>
> "Sarua baé deuleu! Sarua golék! Di ménak-ménak di somah-somah ku Ki
> Dalang!" omong Semar.
>
> "Ngobrolkeun nanahaon gempungan téh, Pa?” cék Si Garéng.
>
> Semar ngahuleng.
>
> "Tong di dieu ngobrolna! Hayu di ditu tuh, tukangeun gentong!" Cék Semar
> sanggeus ngahuleng sawatara lila.
>
> Semar ngaléos muru gentong dituturkeun ku anak-anakna. Tambur mimiti jempé
> kitu deui tarompét jeung gorowok nu paparéntah. Raja ti unggal nagara
> narangtung nyanghareupan rahayatna. Raja biantara hareupeun rahayatna
> séwang-séwang.
>
> Semar cingogo tukangeun gentong, handapeun siwur diriung ku anak-anakna nu
> papada panasaran.
>
> "Naon hasilna gempungan téh, Pa?" Si Garéng panasaran.
>
> "Enya! Pok-pok atuh, Pa! Kesel yeuh!" Si Cépot leuwih panasaran.
>
> Semar kalah beuki ngahuleng.
>
> "Ituh? Pikun sugan Bapa mah! Poho deui meureun nya, Pa." cék Si Dawala.
>
> "Lain pikun anaking! Ngan Bapa téh bingung kudu kumaha nyaritakeunana.
> Hésé!" omong Semar.
>
> Sanggeus réngsé biantarana, golék raja baralik deui ka tempatna. Kadéngé
> nu surak ayeuh-ayeuhan. Golék tentara ti unggal nagara sarumanget pisan
> ngacung-ngacungkeun tumbak jeung gobangna. Tambur jeung tarompét muni.
> Bandéra dikélébét-kélébétkeun. Para panglima nyanghareupan balad-baladna.
> Para panglima ngécéskeun naon nu kudu dipigawé peuting isukan.
>
> "Teu puguh Bapa mah. Hanas dituturkeun ari taeun kalah huleng jentul." Si
> Cépot gogodeg.
>
> Semar ngarenghap.
>
> "Kieu baé atuh! Hasil gempungan mah tanyakeun wé ka batur! Bapa rék
> mamatahan ka maraneh! Inget, maranéh téh geus sawawa. Sing bisa mawa awak.
> Ulah rék kabawa ku sakaba-kaba. Kajaba mun maranéh boga kayakinan yén nu
> dipiluan téh aya dina jalan bener. Bapa moal rék ngutuh-ngétah ka maranéh
> da geus lain barudak satepak deui. Ngan kahadé, sakali deui kahadé, sing
> bisa milih jeung miceun! Sakitu..." omong Semar.
>
> "Har? Ari hasil gempungan naon, Pa?!" Si Garéng molohok.
>
> "Tanyakeun ka batur cékéng gé!" témbal Semar.
>
> "Ah, teu puguh Ki Semar mah! Mun ti tadi atuh!" Si Dawala ngaléos
> ninggalkeun bapana dituturkeun ku dulur-dulurna.
>
> Semar ngarahuh.
>
> "Sanggeus réngsé para panglima ngatur siasat keur isukan, golék tentara
> ngagederkeun lagu durma. Durma perang! Golék ménak arunggut-unggutan bagja
> nénjo sumanget pasukan.
>
> Si Cépot sadulur-dulur nyampeurkeun ka Citrayuda.
>
> "Eureun heula ngawihna, Mang! Aya naon ieu téh?" cék Si Garéng.
>
> "Urang rék perang peuting isukan!" omong Citrayuda.
>
> "Ah, pilakadar diperang-perangkeun ku dalang. Asa teu kudu raribut kieu!"
> cék Si Cépot.
>
> "Heueuh! Perang bobodoan ieuh! Perang di nu hajat!" cék Si Dawala.
>
> "Ih, lain ieu mah! Perang nyaan! Perang kahayang urang!" Citrayuda némpas
> bari muril-muril kumis.
>
> "Baruk? Perang enyaan kumaha?" si Cépot ngembang kadu.
>
> "Urang rék merangan jelema!" omong Citrayuda.
>
> Si Cépot molotot. Si Dawala ngahuleng. Panon Si Garéng méh luncat tina
> kongkolakna.
>
> Kulutrak panto dibuka. Ki Dalang ngaléngkah bari mamawa gelas, rék nginum.
> Ki Dalang ngajenghok barang mireungeuh wayang balatak di dapur.
>
> "Manéhna!" Ki Dalang nyorowok.
>
> "Heuy!" Pamajikanana némbalan ti enggon.
>
> "Ka dieu geura! Ieu wayang mani balatak kieu."
>
> Pamajikanana norojol ngaléléké.
>
> "Masya Allah! Si Nyai meureun! Tadi téh tas anjang-anjangan jeung anak
> tatangga!" cék pamajikanana.
>
> "Na lain carék atuh! Aing mah ...." Ki Dalang gogodeg.
>
> Ki Dalang mérésan wayang dibantuan ku pamajikanana.
>
> "Pangmeulikeun bonéka geura budak téh, Kang!" cék pamajikanana.
>
> Ki Dalang teu némbalan. Manéhna ngaringkid wayang ka gudang dituturkeun ku
> pamajikanana. Ki Dalang ngasup-ngasupkeun wayang kana kotak dibantuan ku
> pamajikanana.
>
> "Teu sabaraha ieuh harga boneka téh! Ti batan ngaganggu barang kolot mah!"
>
> "Heug isuk lah! Isuk ari geus narima duit ti Juragan Kuwu!"
>
> "Tulus manggung di Juragan Kuwu téh?"
>
> "Tulus! Peuting isukan!"
>
> "Har?! Malem Juma’ah lin peuting isuk mah?"
>
> "Nya éta atuh! Kitu kapalayna!"
>
> "Kumaha atuh? Mangkaning malem Juma’ah kaliwon!"
>
> "Teu kukumaha da butuh duit!"
>
> ***
>
> MALEM Juma’ah kaliwon jelema tumplek di balédésa. Bubuhan Kuwu nu boga
> hajatna, ondangan téh ti suklakna ti siklukna daratang meunang
> paginding-ginding. Wayang ngaderes di panggung, dina bagedor. Nayaga geus
> hémpak sarila nyanghareupan gamelan. Sindén geus mimiti maén mata jeung Pa
> Sunaryo, penilik SD. Ki Dalang kunyam-kunyem bari ngukus. Baledésa bau
> menyan.
>
> Sanggeus réngsé acara pidato, nayaga mimiti nabeuh gamelan. Ger nu lalajo
> surak. Nu lalajo nyedek ka hareup sanajan dicarék ku Hansip. Pa Sunaryo
> ngiceupan sindén. Sindén unggeuk bari imut.
>
> Dalang nyabut gugunungan. Beledag! Ponclotna bitu. Seuneu mancawura ka
> mana-mana. Dalang jungkir kana lahunan sindén. Nu lalajo tingjarerit.
>
> "Kepung!" Gatotkaca ngagorowok.
>
> Golék tentara tarurun tina bagedor. Balédésa dikepung golék tentara. Nu
> lalajo hareugeueun, ngajareten dina tempatna. Nayaga kasima. Tukang goong
> ngayekyek ngiihan manéh.
>
> "Nanaonan ieu téh?" Dalang cengkat neger-neger manéh.
>
> "Hampura, Dalang! Peuting ieu kapaksa kula baruntak! Kula saparakanca geus
> bosen diwayang-wayang ku sampéan!" Darma Kusumah leuleuy.
>
> "Deuleu étah! Baralik deui kana bagedor, siah!" Dalang ngagorowok.
>
> "Najis! Aing teu sudi kudu kéokan saumur-umur! Kabina-bina teuing
> ngaheureuykeun déwék téh, Kunyuk!" Buta térong ngabedega ngajaga panto.
>
> "Édan! Hayang dicoplok-coplokkeun hulu sia téh? Arasup kana kotak, Siah!"
> Dalang pépédéngkréng.
>
> "Teu sudi! Ulah kéna-kéna jadi Dalang, sampéan! Sanajan aing mindeng
> dimeunang-meunangkeun ku sampéan, kula teu téga mun kudu nonjok ari sasama
> golék, cuah!" Arjuna nyarita bari ciciduh.
>
> "Cing sing aréling, Euy!" Dalang leuleuy.
>
> "Éling pisan ieu ogé! Ku sabab éling, kula teu sudi dimaénkeun peuting ieu
> ku sampéan!" cék Werkudara.
>
> "Yeuh, déwék téh dalang! Atuh nu nyieun silaing téh déwék kénéh! Silaing
> kudu nurut ka déwék! Ngarti?" cék Dalang.
>
> "Teu! Teu ngarti! Kula teu hayang jadi wayang! Mun kitu kula nu nawar
> hayang jadi golék, teu nanaon kula rék dikitu-kieu gé! Ieu mah bet barina
> gé teu ngimpi-ngimpi acan kudu jadi golék!" omong Dipati Kama.
>
> "Jadi rék naon ayeuna?" Dalang béak kasabaranana.
>
> "Cékel sabuk bilang tatu! Urang ukur digjaya mana wayang jeung dalang!"
> Suyudana susumbar.
>
> "Perang! Méméh datang mangsana Baratayuda, kula hayang nyaho nepi ka mana
> leuwihna nu nyipta Baratayuda!" cék Batara Kresna.
>
> "Abdi mah sakadar lalajo, Radén!" cék nu lalajo.
>
> "Sarua baé! Dalang jeung nu lalajo, sarua teu élingna. Ku naon maranéh sok
> resep nyeungseurikeun déwék?" cék Dorna.
>
> "Enyaan ieu téh nangtang?" Kapala kaamanan kakara kadéngé deui sorana.
>
> "Teu enyaan pédah naon, Euy? Serius deuleu!" cék Citrayuda.
>
> Hansip ngangseg. Nu lalajo taraki-taki. Golék tentara mimiti masang gelar
> Cakra Bhuya malar kepungan leuwih rapet. Kapala kaamanan niup piriwit. Breg
> hansip maraju. Golék panglima tingharaok maréntah anak buahna. Ger tarung
> nu anéh téh dimimitian. Jelema ngalawan golék.
>
> Sanajan laleutik golék awewé-lalaki téh tarungna rancingeus pisan. Jelema
> loba nu jungkel-jumpalik diamuk golék. Sanajan dibuntang-banting golék mah
> da puguh kai, tangtu kana hudang deui hudang deuina téh.
>
> Tengah peuting, kapala kaamanan ngajurahroh teu usik deui ditampiling ku
> Gatotkaca, Kuwu elél-elélan dicekék ku Kumbakarna, balad buta nu popohoan
> mah, sanajan musuh geus paéh kalah hayoh diharakan, tingturuktuk,
> tingcareplak. Dasar adat kakurung ku iga. Rahwana ngadon nyanyéréd sinden
> ka kolong panggung. Sinden jejeritan diperkosa ku Rahwana.
>
> Isuk-isuk, jelema kabéh geus peren. Balédésa banjir getih. Mayit
> pasoléngkrah teu puguh leunjeuranana. Tinggal Dalang nu tagen kénéh pisan
> téh sanajan golék tumplek ngoroyok manéhna. Dalang mesat gobang nu
> kabeneran ngagolér, urut meuncit domba. Golék béak dicacag diwalang-walang,
> diidek, digaley digélang nepi ka bubuk jiga tai ragaji. Dalang kapaéhan.
>
> Simpé. Semar sakulawarga, nu teu pipilueun, tingharuleng mireungeuh
> balukar perang téh. Si Cépot hideng nancebkeun gugunungan kana bagedor.
> Lawang sigotaka ditutup. Carita nu kaleuleuwihi téh urang pungkas nepi ka
> palebah dieu! ***
>
> Dimuat dina Majalah Manglé No. 677, 5 April 1979
> ***
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke