Siti Rayati (31-35)
Moh. Sanoesi

Urang Sunda dicandak sasauran basa Sunda, urang Jawa dicandak sasauran basa
Jawa, péndék anjeunna nurutkeun kumaha dibawa ngomong ku urang anu datang.
Keur mah atuh basana beunang disebutkeun sa-Hindia anjeunna mah uninga,
tutug-turug adatistiadatna bangsa pribumi apal pisan.

Kulantaran anjeunna kagungan sipat jeung budi anu sakitu luhurna, atuh
dipibapa jeung dipikolot téh lain ku bangsa pribumi baé, tapi ogé jadi
kapercayaan jeung panarosan bangsa anjeunna.

Sanggeus meunang sabulan Gan Titi calikna di Batawi kakara ayeuna anjeunna
ngamimitian sakola di Normaalcursus.

Tuan van der Goud, nyakitu deu Nyonya kacida pisan resepna jeung nyaahna ka
Gan Titi, lantaran ningali kasaregepanana jeung katengtremanana kana diajar.

Kulantaran ayeuna dina waktu peré anjeunna mindeng dicandak sasauran
ngobrol ku Tuan van der Goud jeung Nyonya, boh tina perkara pangajaran, boh
tina perkara nu séjén jalan, kamulyaan urang pribumi, pamandanganana
anjeunna ayeuna beuki tambah, sarta perasaanana nyaah asih ka sasama manusa
beuki kandel, beuki jero.

Sajaba ti anjeunna ayeuna ngulik buku-buku pangajaran di sakola pikeun jadi
guru téh, selang-selang anjeunna sok ngaos buku-buku séjén kaperluan umum
saperti tina perkara kumaha jalan-jalanna hirup hiji bangsa, kumaha
cara-carana rupa-rupa pamaréntah di Europa atawa di séjén karajaan, kumaha
hak-hakna rahayat jeung nu maréntah. Rahayat mardika jeung rahayat teu
mardika. Nyakitu deui buku-buku babad, kacida pisan anjeunna resepna malah
mindeng anjeunna ngahuleng semu nu mikiran bener henteuna buku-buku babad,
sajarah tanah Jawa atawa Hindia anu geus diaos ku anjeunna buku-buku
beunang ngarang bangsa Walanda.

“Akh, bangsa kulon mah nya pinter muter-muterkeunana omongan ...,” cék Gan
Titi dina jero haténa, bari tuluy bukuna dilingkupkeun deui.

“Trok-trok,” Tuan van der Goud ngetrokan panto ti hareup, kakara sumping
tina karéta api mulih ningali Congres ISDV di Surabaya.

“Daaaag Meneer!” Saur Gan Titi mukakeun panto.

“O, daaaag Titi!” Saur Tuan van der Goud bari mariksakeun garwana.

Nyonya anu ngadangu yén tuan sumping, tuluy angkat ka jero bari miwarang
koki ngahaneutkeun masakan.

Sanggeus kabéh pérén, Nyonya jeung Tuan geus taruang, sarta Gan Titi geus
ngadekul ngaos deui buku dikamar, Nyonya saméméh kulem angkat heula ka
kamar Gan Titi, ningali diajar henteuna. “Titi,” saur anjeunna dina basa
Walanda, mariksakeun buku-buku naon anu keur diaos.

“Wat is dat yoor een boek?”

“Max Havelaar mevrouw!” Wangsulna bari buku dilingkupkeun.

Nyonya tuluy angkat kana méja ningalian éta buku sarta terus mariksakeun
alus henteuna: “Vind je dat een moel boek, Ti?”

“Ya, ... mevrouw ...,” saur Gan Titi, bari ngalandep lambeyna tikekereket
semu nu ambek.

Nyonya imut, sarta tuluy baé mukaan éta buku api-api tacan uninga, bari
ngadangukeun sasauran Gan Titi, nyarioskeun kemaha Rahayat di Lebak, jaman
Asistent Resident Multatuli.

“Ya, ya, Ti, eerst hurswerk klaar maken,” saur nyonya miwarang ka Gan titi
nganggeuskeun padamelanana keur di cursus, bari kaluar ti kamar, sarta dina
manahna: “Hadé ogé manéhna maca buku anu kitu malah manéhna hiji urang
Pribumi. Urang Hindia, perlu nyaho kayaan nu sarupa kitu, ngan ... ngan
risi ogé ... lantaran ayeuna manéhna keur diajar kénéh. Dilarang ku aing,
tangtu manéhna tambah panasaran, tambah hayangna nyaho ...”

Ti kelas hiji Gan Titi naék ka kelas dua, sarta ayeuna anjeunna sok
ngalamun ogé, di mana salamet aya milik sataun bisa melak angen-angen jeung
cita-cita, perasaan anjeunna ka barudak.

Tapi karék baé meunang satengah taun di kelas duana, brek anjeunna teu
damang deui, katerap malaria kasawat candak ti Semarang. Ti harita kalawan
naséhatna dokter jeung mupakat ibu ramana, anjeunna titirah ka Sukabumi,
nyéhatkeun salirana sarta calik di tuan Resident pangsiun, urut dunungan
ramana keur waktu jadi camat kénéh, sarta ti Cursusna terus dikaluarkeun
baé.

Kira meunang dua bulan, anjeunna geus ngaraos séhat; tapi ku dokter tacan
meunang baé diajar mah, sarta tamba kesel anjeunna unggal poé damelna
euwueh deui ngan ngaput panganggona ku anjeun atawa maca buku carita-carita
nu ngabeberah manahna.

Lila-lila di Sukabumi anjeunna kagungan ogé kenalan-kenalan urang Pribumi
nyakitu deui bangsa Walanda, sarta dasar asakna pangwarah, alusna pangurus,
sanajan ti murangkalih aya di lingkungan walanda ogé, meunang pangajaran
Walanda, anjeunna teu kersaeun angkuh atawa goréng basa ka bangsa Pribumi
téh, tetep handap asor, soméah baé ka saha téh.

Papanggih jeung urang Sunda nya maké tata jeung basa Sunda, papanggih jeung
Walanda nya nurutkeun tatana jeung basana, cindek kumaha kahayangna nu
dicandak nyarios. Panganggo sakapeung-kapeungeun sok nganggo anggoan Sunda,
tapi da dasar salira sampayan, rap ieu pantes, rap itu lucu baé. Éstu
satingkah sapolah téh ngan matak resep baé nu neuleu, matak kabita nu
dipariksa, matak bogoh anu nénjo.

Kurang leuwih meunang genep bulan Gan Titi titirahna di Sukabumi, sarta
ayeuna beunang disebutkeun geus jagjag deui sapeerti baréto.

“Bu,” saur anjeunna bari calik di kamarna ngarénda, saha nu ngetrokan panto
di hareup?”

Si Babu gancang ka hareup sarta balikna mawa telegram jeung suratna,
disanggajeun ka Gan Titi, “Is geuning teu keur kami baé!” Bari néken
suratna sarta telegram tuluy dibuka terus diaos: “lekas datang Ibu sakit
keras.”

Gan Titi lumpat ka tukang nyandak telegram, pias semu nu reuwas, bari
socana ngalimba, “Bu, mana Nyonya?”

“Di jamban Gan,” wangsulna.

Teu lila Nyonya datang sarta terus mariksa ka Gan Titi dina basa Walanda:
“Wat is er, Ti?”

“telegram mevrouw, mama mo ernsting ziek zijn,” saur Gan Titi ngabéjakeun
yén aya telegram ibuna teu damang wales. Ku sabab karéta api geus elat,
tuluy Nyonya nélépon ka garage ... mobil.

Sabot Gan Titi keur dangdan, auto geus datang, “Dag mevrouw,” saur
anjeunna, bari tuluy tunggang mobil kadua koffer. Sapaparat jalan anjeunna
henteu cicing, meus-meus noél ka supir, mundut digncangan:

“Hayo supir, gancangan bapa supir!”

Perjalan anu baisa dilampahkeun genep jam harita mah ku tina
gancang-gancangna dina opat jam geus datang, tapi ... ibuna geus teu
nyampak ... nu teu damang kaburu pupus.

Dengék Gan Titi nangis, ngarangsang ka ramana nganaha-naha naon sababna nu
matak teu ngabéjaan ti awalna.

Pangawulaan teu lemék teu nyarék, tungkul nyusutan cisoca baé, bari
ngarangkulan putrana.

“Mama ku naon atuh Ibu téh ... ieu téh iraha teu damangna?” Saur Gan Titi
bari nanngis, sarta rék ngarontok layon ibuna, tapi tuluy dipegatn ku
ramana, lantaran teu meunang ku dokter.

“Ulah kitu Ti,” saurna, “sing sabar, kumaha atuh da geus nepi ka pasti,
geus dipundut ku nu kagungan. Muji anggur mah.”

“Enya atuh ku naon ibu téh mama?” Gan Titi nyegruk nyuuh kana pangkonan
ramana.

“Eh, Ti atuh da saha nu nyangka, nu matak téh mimitina mah tadi baé isuk
kukusialan nyeri beuteung,” bari putrana tuluy dicandak ka tengah bumi,
pada nganaséhatan sarta lilalila nangisna nya bisa leler ogé.

Di luareun Kabupatén jelema ngagimbung semu anu milu bingung tingharéwos,
tingkarunyem, pada nyaritakeun kakagétanana, teu gugur teu angin, teu béja
teu carita, dalem istri teu damang wales, sarta nyaho-nyaho ayeuna geus
wapat.

“KASAWAT KERAS ...,” kadéngé nu ngaharéwos, “ieu geuningan bau karbol ...”
Di jero Kabupatén hémpak pada saribuk, aya anu ngukur boéh, anu ngajeujeut
asiwung, aya nu nyiksik pandan, ngadamelan manglé, péndék kabéh euweuh nu
cicing, tapi digarawé sacabakna-sacabakna. Kukus di kamar layon ngebul
meleber seungit dupa.

Layon geus réngsé dimulasara, jung pada marundak dibawa ka masigit rék
disalatkeun, diiringkeun ku gegedén-gegedén Walanda jeung Pribumi, ménak
jeung kuring, sakabupatén tungkeb bari sapaparat jalan teu eureun-eureun
dalikir.

Dengék Gan Titi ngajerit, bari lumpat rék muru kana pasaran, “Ibu ... ibu
... ieu abdi kumaha, les anjeunna teu émut, gabrug dirarontok bari tuluy
diparayang ka kajuaranana.

Sanggeus bérés tujuhna, Pangawulaan mundut verlof sabulan, sarta isukna
anjeunna jeung Gan Titi arangkat ka Sukabumi, itung-itung titirah
ngabeberah manah nu bingbang, nu bingung, carogé dikantun ku garwa, putra
dikantun ku ibu, kakasihna nu ayeuna mukim di alam kalanggengan.

“Ti,” saur pangawulaan ka putrana, kira-kira geus meunang dua puluh dalapan
poé, “kumaha mama lila-lila mah di dieu ... ayeuna mah urang balik baé
geura saha nu ngurus di imah ... moal aya nu bisa, jeung deui karunya éyang
keueungeun.”

“Mangga, abdi mah ngiringan baé, mama,” saur putrana bari nyurucud cisoca
bijil, manahna kasuat, émut deui ka ibuna.

Pagétona, pangawulaan jeung putrana marulih, sarta ti harita Gan Titi nu
kudu bebenah peta-peta di Kabupatén téh narima tamu; péndék sagala pagawéan
nu tadina dicepeng ku ibuna ayeuna mah kabéh ku Gan Titi baé.

Atuh tambah nyaah wuwuh lucu baé. Pangawulaan téh ningali putrana sagala
iasa, tur bérés, pantes euweuh kacawadna. Ari ku kitu téa mah teu matak
héran, lantran atuh ti mumurangkalih kapan aya di gegedén Walanda baé. Tapi
salirana ayeuna langsit, lantaran keur mah mentas teu damang, mamanahan
sumpeg kénéh émut ka ibuna, turug-turug ayeuna capé, unggal poé euweuh
reureuhna didamel, urus-urus metakeun sagala kaperluan di Kabupatén,
katambah tamu euweuh elatna nu kudu dipayunan ku anjeunna.

Barang kira-kira meunang lima bulan ti sanggeus pupus ibuna, anjeunna
ngaraos kesel calik di Kabupatén mah, malah kagungan manah rék nyaritaan
ramana baé geura kagungan deui garwa, lantaran émutan anjeunna goréng pisan
nu jadi Bupati lila-lila henteu kagungan garwa, sarta harita kénéh tuluy
anjeunna angkat nyampeurkeun ramana, gék calik di gédéngeunana bari
ngarénda.

“Tacan tunduh Ti?” Saur pangawulaan, bari ngaos surat kabar dina korsi.

“Teu acan mama ... Ari nyonya assistent moal nganjang-nganjang cenah ka
urang mama?”

“Naha kituh Ti?”

“Éta baé kapengker mah, méh unggal minggu geuningan sumpingna ka dieu.

“Na kumaha kitu Ti?” Ramana miheulaan mariksa bari semu kagét.

“Éta mama ... cing atuh geura kagungan garwa deui baé ...; leuheung bisa
lamun abdi salmina cageur, kumaha upami abdi gering ... saha nu ngurus di
dieu,  sakitu tamu rabul baé, masina mun tamu kénging dilalaworakeun mah
cara kapamajikan Lurah.

(HANCA)

Kirim email ke